Béda révisi "Kecap sulur"

42 bita dipupus ,  4 tahun yang lalu
m
ngarapihkeun ejahan, replaced: kantos → kungsi using AWB
m (ngarapihkeun ejahan, replaced: kantos → kungsi using AWB)
Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:
== Kecap Gaganti Ngaran==
 
Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan nyaéta:
# sim kuring “Langkung ti payun ''sim kuring'' ngahaturkeun nuhun ka sadérék sadayana.”
# kaula “Nu matak ''kaula'' datang ka dieu mawa paréntah Raja.”
# aing “Sia téh nangtang ka ''aing''!”
 
Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobana (jama’) sarta conto larapna dina kalimah :
# kuring saréréa “''Kuring saréréa'' rék milu ngarojong pangwangunan.”
# abdi sadayana “''Abdi sadayana'' parantos sayogi mayunan Ébtanas.”
 
=== Kecap Gaganti Jalma Kadua===
# silaing “Ari ''silaing'' rék milu ka Pangandaran?”
# sia “''Sia'' téh rék jadi naon atuh, mana bangor-bangor teuing!”
# urang “''Urang'' téh ti mana asal?”
 
Kecap gaganti jalma kadua lobaan katut conto larapna dina kalimah :
# maranéh “''Maranéh'' teu kudu hayang nyaho, ti mana asalna ieu duit.”
# hidep saréréa “Geus waktuna ''hidep saréréa'' diajar hirup mandiri.”
# aranjeun “Sadayana ogé kanggo ''aranjeun'', sanés kanggo abdi.”
 
=== Kecap Gaganti Jalma Katilu ===
# manéhna “''Manehna'' téh kakara balik ti Jepang!”
# inyana “Ayeuna ''inyana'' keur nyuprih élmu di SMA Pasundan Bandung.”
# anjeunna “''Anjeunna'' kantoskungsi janten guru SMP di Garut.”
# manténna “Mugi-mugi amal ibadah ''manténna'' ditampi ku Alloh S.W.T.”
 
Kecap gaganti jalma katilu lobaan (jama’) katut conto larapna dina kalimah :
# maranéhna “''Maranehna'' téh kakara réngsé macul di sawah!”
# aranjeunna “Nalika perang kamerdékaan, ''aranjeunna'' ngiring bajoang.”
 
 
=== Kecap Sesebutan ===
# aki “Rumasa ''Aki'' mah geus kolot, huntu ogé geus arompong.”
# bibi “Anak ''Bibi'' mah geus karawin, Jang.”
# alo “Ayeuna téh ''Alo'' ngajar d mana?”
 
== Kecap Gaganti Milik ==
 
Kecap gaganti milik nyaéta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik (anu ...). Salian ti kecap gaganti jalma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang –na deuih, anu ngandung harti ‘nu manéhna’.
# -na “Lambey''na'' beureum lir pucuk kastuba.”
# urang “Usul ''urang'' ditarima ku Pa Walikota.”
# bapa “Cing pangnyokotkeun sapatu ''Bapa''!”
 
 
== Dicutat tina ==
8.434

éditan