Albert Einstein: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Mangsa ngora jeung universitas: Ngarapihkeun éjahan, replaced: era → éra (2)
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: ngabogaan → mibanda, desa → désa, kawéntar → kawentar (2)
Baris ka-3:
'''Albert Einstein''' ([[14 Maret]] [[1879]]–[[18 April]] [[1955]]) nyaéta hiji [[élmuwan]] [[fisika téoritis]] anu dianggap élmuwan pangbadagna dina [[abad ka-20]]. Manéhna nepikeun [[téori rélativitas]] sarta ogé réa nyumbang pikeun mekarna [[mékanika kuantum]], [[mékanika statistik]], sarta [[kosmologi]]. Manéhna dibéré kasinugrahan [[Pangajén Nobel dina widang Fisika]] dina taun 1921 pikeun guaranana ngeunaan [[éfék fotoéléktrik]] sarta "pangabdianana pikeun Fisika Téoritis".
 
Sanggeus [[téori rélativitas umum]] dirumuskeun, Einstein jadi kawéntarkawentar di sakuliah dunya, hontalan anu henteu ilahar pikeun saurang élmuwan. Dina mangsa kolotna, katénaranana ngaleuwihan ketenaran kabéh élmuwan dina widang [[sajarah]], sarta dina widang [[budaya populér]], kecap ''Einstein'' dianggap sinonim jeung [[kacerdasan]] atawa malah [[kajeniusan]]. Beungeutna mangrupa salah sahiji anu pangdipikawanohna di sakuliah dunya.
 
Dina taun [[1999]], Einstein dingaranan "Inohong Abad Kiwari" ku majalah ''[[Time]]''. Kapopuléranana ogé ngajadikeun ngaran "Einstein" dipaké sacara lega dina [[pariwara]] sarta barang dagangan séjén, sarta pamustunganana "Albert Einstein" didaftarkeun minangka [[mérek dagang]].
Baris ka-9:
Pikeun ngahargaan manéhna, salah sahiji [[hijian]] dina [[fotokimia]] dingaranan ''[[einstein (hijian)|einstein]]'', hiji [[unsur kimia]] dingaranan [[einsteinium]], sarta hiji [[asteroid]] dingaranan [[2001 Einstein]].
 
Rumus Einstein anu pangkawéntarnapangkawentarna nyaéta (tempo [[E=mc²]]):
: <math>E = mc^2 </math>
 
Baris ka-26:
Kagagalan manéhna dina ujian pikeun asup ka ''[[ETH Zurich|Eidgenössische Technische Hochschule]]'' (Institut Téknologi Swiss Fedéral, di Zurich) dina taun satuluyna mangrupa hiji kamunduran, manéhna dikirim ku kulawargana ka [[Aarau]], [[Swiss]], pikeun ngabéréskeun sakola tengahanana, di mana manéhna nampa diploma dina taun [[1896]], Einstein sawatara kali ngadaptar di ''Eidgenössische Technische Hochschule''. Dina taun saterusna manéhna ngaleupaskeun kawarganagaraan [[Württemberg]], sarta jadi teu boga kawarganagaraan.
 
Dina taun [[1898]], Einstein papanggih jeung sarta ragrag asih ka [[Mileva Maric|Mileva Hayuć]], saurang warga nagara [[Sérbia]] anu mangrupa babaturan sakelasna (ogé babaturan [[Nikola Tesla]]). Dina taun [[1900]], manéhna dibéré gelar pikeun ngajar ku ''Eidgenössische Technische Hochschule'' sarta ditarima minangka warga nagara Swiss dina taun [[1901]]. Salila mangsa ieu Einstein ngadiskusikeun karesepna kana élmu alam ka babaturan deukeutna, kaasup Mileva. Manéhna jeung Mileva ngabogaanmibanda saurang putri nu dingaranan Lieserl, lahir dina bulan Januari taun [[1902]]. [[Lieserl Einstein]], dina waktu éta, dianggap henteu legal alatan kolotna henteu kawin.
 
=== Gawé jeung gelar doktor ===
Dina waktu kalulusanana, Einstein henteu bisa manggihan gawé pikeun ngajar, sikepna nu gurunggusuh salaku nonoman sok ngajadikeun profesorna gampang ambek. Bapa babaturan sakelsana nulungan manéhna méré gawé salaku asistén téknik pamariksa di Kantor Patén Swiss dina taun [[1902]]. Di dinya, Einstein ngimeutan sarta meunteun aplikasi patén para [[panimu]] pikeun pakakas anu merlukeun pangaweruh fisika. Manéhna ogé jadi sadar pentingna aplikasi dibandingkeun jeung guaran anu goréng, sarta diajar ti dirékturna kumaha "cara sikap nu bener". Einstein sakapeung ngabenerkeun desaindésain maranéhanana sarta ogé meunteun kapraktisan hasil gawé maranéhanana.
 
Einstein kawin jeung Mileva dina ping [[6 Januari]] [[1903]]. Mileva téh saurang matematikawan. Dina ping [[14 Méi]] [[1904]], lahir anak kahiji ti papasangan ieu, nu dingaranan [[Hans Albert Einstein]]. Dina taun [[1904]], posisi Einstein di Kantor Patén Swiss jadi tetep. Manéhna meunangkeun gelar [[Doktor Filosofi|doktor]] sanggeus nyieun tésis "''Eine neue Bestimmung der Moleküldimensionen''" ("''On a new determination of molecular dimensions''") dina taun [[1905]] ti Universitas [[Zürich]].