Kareseban: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: mangrupakeun → mangrupa (3), ea → éa (5), kusabab → ku sabab (2) using AWB
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Sari: Ngarapihkeun éjahan, replaced: teu aya → euweuh
Baris ka-9:
Nu bener-bener ngalaman siklus kareseban mah ukur manusa jeung [[kera gedé]], [[mamalia]] [[bali (anatomi)|plaséntal]] lianna mah lolobana ukur ngalaman [[éstrus]]. Siklus kareseban diatur ku sistim [[hormon]] [[baranahan|réproduksi]] nu diperlukeun pikeun [[baranahan]], sacara umum lumangsung bulanan ti saprak [[pubertas]] nepi ka [[ménopause]].
 
Dina awal siklus kareseban, wanoja nu geus sawawa sacara séksual ngaleupaskeun hiji [[ovum]] (atawa, kadang-kadang, dua, nu bisa ngahasilkeun [[kembar]] [[zigot|dizigotik]] atawa non-idéntik) nalika [[ovulasi]]. Sanggeus ovulasi, lapisan éndométrium [[rahim]] robah pikeun nyiapkeun kamungkinan [[implantasi]] ovum nu geus dibuahan pikeun ngamimitian [[reuneuh|kakandungan]]. Mun teu ayaeuweuh fértilisasi sarta teu reuneuh, rahim ngaleupaskeun lapisan éndométrium pikeun nyiapkeun siklus salajengna. Prosés ngaleupaskeun lapisan éndométrium ieu nu disebut '''kareseban''', kaluarna éndométrium jeung [[getih]] ngaliwatan [[heunceut]]. Najan sacara umum dianggap getih, kandunganana mah béda ti [[getih véna]].
 
Kareseban mangrupa tanda yén hiji wanoja teu kakandungan (najan kitu, kadang aya ogé nu ngalamana kaluarna saeutik getih nalika awal kakandungan), ku kituna, telat kareseban dina masa subur mangrupa totondén awal kakandungan. Rata-rata wanoja mimiti ngalaman kareseban dina umur 12 taun, antara 8 jeung 16 taun{{ref|age}}. Siklus kareseban ieu lumangsung nepi ka mangsa [[ménopause]], kira nalika nincak umur 45-55. Simpangan tina pola ieu perlu dipariksakeun ka dokter; misalna ''[[amenorrhea]]'', tayana kareseban dina mangsa nu leuwih lila, tapi teu kakadungan. Gangguan sarupa kieu kadang kaalaman ku wanoja nu kandungan lemak awakna leutik, samodél atlit.