Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: mangrupakeun → mangrupa, dimana → di mana, kalolobaan → lolobana
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: ngabogaan → mibanda (4)
 
Baris ka-1:
[[Gambar:Lasers.jpeg|275px|thumb|right|Foton anu dipancarkeun dina ''berkas'' kohéren [[laser]]]]
 
'''Foton''' nyaéta partikel éleménter dina fénomena [[Gelombang éléktromagnétik|éléktromagnétik]]. Biasana foton dianggap minangka nu mawa radiasi éléktromagnétik, kawas [[cahaya]], [[Gelombang éléktromagnétik#Gelombang radio|gelombang radio]], sarta [[Sinar X]]. Foton béda jeung [[partikel éleménter]] séjénna kawas [[éléktron]] jeung [[quark]], alatan manéhna henteu boga [[massa]] sarta dina [[rohangan hapa]] foton sok usik kalawan laju cahya, ''c''. Foton ngabogaanmibanda sipat [[gelombang]] ogé [[partikel]] ("dualisme gelombang-partikel").
 
Minangka gelombang, hiji foton tunggal sumebar di sakumna rohang sarta némbongkeun fénomena gelombang kawas [[réfraksi]] ku lénsa sarta interférensi déstruktif sabot gelombang kapantulkeun silih musnahkeun.
Baris ka-11:
di mana ''h'' nyaéta konstanta Planck, ''c'' nyaéta laju cahya, sarta \lambda nyaéta panjang gelombangna.
 
Sajaba énergi, partikel foton ogé mawa moméntum sarta ngabogaanmibanda polarisasi. Foton nurut kana hukum [[mékanika kuantum]], anu hartina mindeng diménsi-diménsi kasebut henteu bisa diukur kalawan taliti. Biasana diménsi-diménsi kasebut didéfinisikeun minangka probabilitas pangukur polarisasi, perenah (posisi), atawa moméntum nu tangtu.
 
Contona, sanajan hiji foton bisa ngaéksitasi hiji [[molekul]] nu tangtu, mindeng mustahil pikeun norah saméméhna molekul mana anu baris kaéksitasi.
Baris ka-34:
[[Gambar:Electron-positron-scattering.svg|220px|thumb|right|[[Diagram Feynman]] patukeurna foton virtual (dilambangkan ku gurat gelombang sarta gamma, <math>\gamma</math>) antara sasiki [[positron]] jeung [[éléktron]].]]
 
Foton henteu boga [[massa]]. Massa foton dipercaya persis enol, didasarkeun kana alesan-alesan téoritis sarta ékspériméntal. Sawaréh sumber ogé ngarujuk kana konsép [[massa rélativistik]], anu mangrupa énergi anu diukur dina [[hijian]] massa. Pikeun foton kalawan [[panjang gelombang]] λ atawa énergi ''E'', ieu téh h/λc atawa E/c<sup>2</sup>. Pamakéan istilah massa kawas ieu henteu deui ilahar dina pustaka ilmiah. Foton henteu ngabogaanmibanda [[muatan listrik]]{{cite journal| last = Kobychev| first = V V| coauthors = Popov, S B| year = 2005| title = Constraints on the photon charge from observations of extragalactic sources| journal = Astronomy Letters| volume = 31| pages = 147–151|doi = 10.1134/1.1883345 }}, sarta henteu murudul sacara spontan dina [[rohangan hapa]]. Hiji foton ngabogaanmibanda dua kaayaan polarisasi anu dimungkinkan, sarta bisa digambarkeun ku tilu paraméter: komponén-komponén [[véktor gelombang]], anu nangtukeun panjang gelombangna (<math>\lambda</math>) sarta arah rambatanana. Foton nyaéta "boson gauge'' pikeun [[éléktromagnétisme]], sarta ku sabab éta kabéh bilangan kuantum séjénna kawas [[bilangan lepton]], [[bilangan baryon]], jeung ''[[strangeness]]'' boga harga nu persis enol.
 
Foton dipancarkeun dina réa prosés alamiah, contona sabot muatan digancangkeun [[laju]]na, waktu transisi molekulér, atomik atawa nuklir, ka tingkat énergi anu leuwih handap, atawa sabot hiji partikel jeung [[antipartikel]] tabrakan sarta silih musnahkeun. Fonton diserep dina prosés kalayan waktu mundur (time-reversed) anu patula-patali jeung anu geus disebut di luhur: contona dina produksi pasangan partikel-antipartikel, atawa dina transisi molekulér, atomik atawa nuklir, ka tingkat énergi anu leuwih luhur.