Jawa Kulon: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: jang → pikeun
Baris ka-36:
[[Karajaan Sunda]] salajengna jadi daya pangereh wewengkon ieu, sakumaha kacatet dina prasasti Kebon Kopi II (Maséhi 932).
 
Hiji Ulama, [[Sunan Gunung Jati]], ngancik di Cirebon, seja nyebarkeun dunya Islam di kota pagan. Mungguh, [[Kasultanan Demak]] di Jawa tengah tumuwuh jadi ancaman saharita pikeun karajaan Sunda. Pikeun ngalawan ancaman eta, Prabu Surawisesa Jayaperkosa nandatanganan hiji jangji (katelahna [[Pajangjian Luso Sunda]]) jeung [[Portugis]] dina 1512. Bayaranna, Portugis dibéré hiji gentos jangpikeun ngawangun bénténg jeung bangsal di tatar ieu, sami ogé bentuk pasatujuan dagang jeung karajaan. pajangjian internasional kahiji antara Sunda jeung Éropa ieu dipieling ku ngarenah tugu batu Padrao di gigireun [[Walungan Ciliwung]] dina 1522.
 
Sanajan pasini jeung Portugis geus dipiadeg, éta teu bisa dilakukeun. Palabuhan [[Sunda Kalapa]] ragrag ka satru Kasultanan Demak jeung Kasultanan Cirebon (urut [[nagara vassal]] Karajaan Sunda) dina 1524, sanggeus pasukan maranéhanana nu dipingpin Palatehan alias Fadillah Khan ngawasa kota. Dina 1524/1525, pasukan maranéhanana dipingpin Sunan Gunung Jati ogé nyita palabuhan Banten terus ngadegkeun Kasultanan Banten nu sasarengan jeung Kasultanan Demak. Perang antara karajaan Sunda kalawan kasultanan Demak jeung Cirebon hantem keur lima taun nepi ka pajangjian damai anu dirempugan dina 1531 antara Raja Surawisesa jeung Sunan Gunung Jati. Ti 1567 nepi ka 1579, diereh raja pamungkasna Raja Mulya, alias Prabu Surya Kencana, karajaan Sunda nyorang kamunduran, dasarna tina tekenan [[Kasultanan Banten]]. Sanggeus 1576, karajaan teu bisa ngajaga puseur dayeuhna di [[Pakuan Pajajaran]] ([[Bogor]] ayeuna) terus saeutik demi saeutik Kasultanan Banten ngarebut wewengkon urut Karajaan Sunda. [[Kasultanan Mataram]] ti Jawa tengah ogé nyita wewengkon [[Parahyangan]], wareh tenggara karajaan.
 
Dina abad genep belas, pausahaan [[Walanda]] jeung [[British]] ngadegkeun kapal dagang maranéhanana di Pasundan sanggeus éléhna Kasultanan Banten. Nepi ka tilu ratus taun ka hareup, Propinsi Pasundan labuh dina administrasi [[Hindia Walanda]]. Pasundan resmi dinyatakeun minangka propinsi Indonésia taun 1950, ngarujuk kana hiji pernyataan ti Staatsblad nomer 378. Basa [[17 Oktober]], [[2000]], salaku bagian ti pulitik desentralisasi nasional, [[Banten]] dipisahkeun ti Pasundan tuluy dijieun jadi propinsi anyar.
 
== Pamaréntahan ==
Baris ka-441:
| 10 || [[Kota Tasikmalaya]] || 0.690 || {{flag|Mesir}}
|-
| - || [[Jawa Kulon]] || 0.688 ||
|-
| 11 || [[Kabupatén Sumedang]] || 0.687 || {{flag|Turkménistan}}