Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Naskah dina sajarah: Ngarapihkeun éjahan, replaced: migunakeun → ngagunakeun (2)
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Naskah dina sajarah: Ngarapihkeun éjahan, replaced: dauna → daunna
Baris ka-4:
Saméméh aya [[percitakan]], sakabéh dokumén tinulis kudu dijieun jeung dilobaan ku cara ditulis leungeun. Biasana, naskah dijieun dina bentuk gulungan, [[buku]], jeung untuyan naskah nu "ditulis" dina [[lontar]]/[[nipah]], [[daluang]] (kertas tradisional nu seratna kasar), jeung kertas.
 
Di [[Asia Tenggara]], dina [[milénium]] kahiji, dokumén penting dijieun dina lambaran tambaga nu dilemesan ku diduruk, asrta diukir ku tatah logam. Di [[Filipina]], misalna, dina [[abad ka-9]], dokumén teu diukir ku tatah, tapi sarua jeung [[panyitak dot-matriks]] kiwari. Dokumén kawas kieu jarang kapanggih, dibanding jeung naskah-naskah nu dijieun dina daun atawa awi. Ngan, iklim tropis nu lembab ngabalukarkeun naskah-naskah tina bahan organik gampang pisan ruksak. Di Nusantara, naskah-naskah nu dijieun dina daun lontar/nipah jeung daluang loba dipaké. Sakumaha kiwari, naskah dina daluang ditulis ngagunakeun kalam/koas, sedengkeun dina dangdaunandangdaunnan, tulisanana diukir ngagunakeun péso leutik nu disebut [[péso pangot]].
 
Di [[dunya Kulon|Kulon]], nalika [[jaman klasik]] nepi ka abad-abad awal [[mangsa Kristen]], naskah-naskah ditulis tanpa spasi antarkecap (''[[scriptio continua]]''), antukna pikeun nu teu biasa mah susah pisan. Salinan naskah-naskah éta biasana ditulis dina [[basa Yunani|aksara Yunani]] jeung basa Latin nu asalna ti [[abad ka-4]] nepi ka [[abad ka-8]], digolongkeun dumasar dipaké/henteuna aksara kapital atawa aksara leutik.