Konten dihapus Konten ditambahkan
Nyieun kaca anyar thumb|right|200px|Kuluwung dipaké ngocorkeun [[cai di pancuran]] '''Kul...
(taya bédana)

Révisi nurutkeun 14 Juni 2017 14.53

Kuluwung nyaéta solobong buleud anu dipaké pikeun ngocorkeun cai.[1] Kuluwung ogé nunjul kana solobong tina bahan kai anu dipaké awak kendang, bedug, [2] dogdog jeung waditra séjén anu wanguna kurang leuwih sarua.[3] Kuluwung dina basa Inggris disebut pipe.[4]

Kuluwung dipaké ngocorkeun cai di pancuran

Pedaran

Kuluwung pikeun pancuran atawa ngocorkeun cai ka sawah ilaharna dijieun tuna tangkal awi anu buku-bukuna ditotogan heula sangkan liangna bungbas.[5] Kuluwung pikeun waditra dijieun tina tangkal anu mibanda katangtuan sipat : heuras, garing, lempeng, hampang jeung kuat.[6] Bagéan kuluwung anu liangna badag sarta dituruban ku kulit ditunda beulah handap ngarana setung atawa Bem Kendang, liang kuluwung anu leutikna ogé dituruban ku kulit disebutna Kempyang ditunda palebah luhur.[7]Kai anu hadé pikeun bahan kuluwung saperti : Jati, kananga, nangka, jeung mahoni.[8]


kiwari kuluwung geus dijieun dina rupa-rupa ukuran jeung bahan anu béda-béda saperti beusi, semén, PVC, Poliétiline, VPVC, Tambaga, jeung sajabana gumantung kana maksud jeung kabutuhan éta kuluwung.[9]

Bahan-bahan kuluwung

  1. Kuluwung awi atawa kai : kawilang murah loba anu ngajual tur gampang ngagunakeunna.[10]
  2. Kuluwung taneuh : Utamana dipaké pikeun pamiceunan cai kotor, hanjakal kurang kuat lila jeung gampang ngagebros.[11]
  3. Kuluwung tina palastik : dipaké pikeun ngocorkeun cai, kawilang murah, loba rupa jeung ukuran, kuat, tur loba anu ngajual.[11]
  4. Kuluwung beusi : ilahar dipaké pikeun ngenyot cai, gas, jeung minyak tina jero taneuh.[12]
  5. Jeung réa-réa deui

Dicutat tina

  1. Satjadibrata (R.) (1954). "Kuluwung". Di -. SKamus basa Sunda: katut kĕtjap-kĕtjap asing nu geus ilahar. Jakarta: Perpustakaan Perguruan Kementerian P.P. Dan K. pp. 193–283. 
  2. Mustappa, Abdullah ,; Karno Kartadibrata, Duduh Durahman (1986). Sawidak carita pondok. Bandung: Mangle Panglipur. 
  3. Sumarlina, Elis Suryani Nani (2009). Mengungkap kearifan lokal budaya Sunda yang tercermin dalam naskah dan prasasti. Bandung: Alqa Prisma Interdelta. 
  4. ISO - Pipe, Tube and Fittings Standards and Specifications
  5. Sumarna, Anang (1986). Bambu. Jakarta: Angkasa. 
  6. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (2005). "Awak kendang". Di Fulconis, R. Ensiklopedi musik Indonesia, Volume 4. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. p. 60. 
  7. Ubun Kubarsah R. (1994). "Kuluwung". Di -. Waditra: mengenal alat-alat kesenian Daerah Jawa Barat. London: CV Beringin Sakti. p. 73. 
  8. Facal, Gabriel (2016). Keyakinan dan Kekuatan: Seni Bela Diri Silat Banten. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 978-602-433-130-6. 
  9. Nur Alam Syah, Andi (2006). Biodiesel Jarak Pagar; Bahan Bakar Alternatf yang Ramah Lingkungan. Jakarta: AgroMedia. |ISBN=979-3702-83-4
  10. Cahyono, Ir. Bambang (2000). Budi daya ikan air tawar: ikan gurami, ikan nila, ikan mas. Jakarta: Kanisius. ISBN 978-979-672-728-5. 
  11. a b Gunawan, Ir. Rudi (2006). Rencana Rumah Sehat. Jakarta: Kanisius. |ISBN=978-979-21-2271-8
  12. Simamora, Suhut; Salundik, Sri Wahyuni & Surajudin (2010). Membuat Biogas; Pengganti Bahan Bakar Minyak & Gas dari Kotoran Ternak. Jakarta: AgroMedia.