Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
[[File:SAENI HADI AKS.jpg|thumb|Jilid Hareup Novel Saeni Karya Hadi AKS]] [[Novel]] [[Saéni]] téh minangka [[novel]] munggaran karangan [[Hadi AKS]], anu diterbitkeun ku [[Grafindo Media Pratama]] taun 2007<ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>. Saterusna ieu novel diterbitkeun deui ku [[Kiblat Buku Utama]] bulan Maret taun 2014, kalawan panganteur [[Teddi Muhtadin]]<ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>. Ieu [[novel]] kandelna 151 kaca, kaasup idéntitas pangarang, [[sasakala]] carita (panganteur pangarang), sarta panganteur [[Teddi Muhtadin]]. Jilidna dipasieup ku lukisan warna biru nu dirarancang ku [[Ésti Lestarini]] <ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>.
Saméméh diterbitkeun, ieu [[novel]] kungsi dilélér pinunjul kahiji pasanggiri ngarang [[novel]] [[Hadiah Sastra Oeton Moechtar]] nu diayakeun ku majalah [[Manglé]] taun 2000-2001<ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>. Pinunjulna mangrupa 3 pinunjul satata. Salian ti [[novel]] [[Saéni]], pinunjul kahiji satata séjénna nya éta [[novel]] [[Sandékala]] karangan [[Godi Suwarna]], jeung [[novel]] [[Ujay Kodok]] karangan [[Tatang Sumarsono]]<ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>. Saterusna novel Saéni dimuat jadi carita nyambung dina majalah Manglé taun 2002 <ref name="skripsi"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 26. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>.
==Tingkesan==
[[Novel]] [[Saéni]] nyaritakeun ngeunaan tokoh Ijan nu katarik ka Nyi Saéni,sripanggung ubrug Bénhur. Malah Ijan milu nganteurkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng. Tapi Ijan saterusna ngarasa tugenah, lantaran Nyi Saéni kaburu dipihukum ku tokoh bapa nu geus lila jadi duda. Cindekna, Nyi Saéni téh jadi indung téré Ijan. Ijan ngarasa bapa téga megatkeun duriat anak, tepi ka Ijan mindeng kabur ti imahna. Sabada Nyi Saéni ngalilipur haté Ijan, ti harita Ijan bisa narima kanyataan. Basa Nyi Saéni keur kakandungan, tur bapa geus lawas tu mulang, duriat Ijan bet kahudang deui, lantaran di imah ukur aya Ijan jeung Nyi Saéni. Laju teu lila Nyi Saéni kaguguran, nya ti harita bapa ampleng-amplengan ngalaut, tepi ka kabéjakeun tilar dunya. Sanggeus ditilar ku bapa, Nyi Saéni dibawa ku Ki Cindul, pupuhu kasenian ubrug ka Gunung Keneng sangkan Nyi Saéni jadi sripanggung deui. Ijan gé milu nuturkeun Nyi Saéni ka Gunung Keneng, lantaran Ijan di imah mindeng gering. Tapi duriat Ijan angger baé teu bisa laksana, sabab Saéni kaburu dikawin ku Ki Baidin, jawara di éta wewengkon. Tungtungna Ijan mulang deui ka lemburnna<ref name="skripsi 2"> Adiwisastra, Prayoga: "Aspék Sosiologi Sastra dina Novél Saéni Karya Hadi AKS ", kaca 27. Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2014</ref>.