Carita Pantun: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎top: Ngarapihkeun éjahan, replaced: teh → téh , nyaeta → nyaéta
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
{{for|'''pantun''' dina harti séjén|Pantun (disambiguasi)}}
 
'''Carita pantun''' atawa ngan disebut '''pantun''' téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan [[sastra]] [[Sunda]] kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku [[kacapi]]. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.<ref name=":0">{{Cite book|title=Deskripsi kesenian Jawa Barat|last=Kurnia|first=Ganjar|publisher=Dinas Pariwisata dan Kebudayaan|year=2003|isbn=|location=Bandung|pages=}}</ref>
 
==Sajarah==
Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina [[naskah|naskah kuna]] ''[[Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian]]'' taun [[1518]] nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung [[Siliwangi]] nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.<ref name=":0" />
Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita [[Lutung Kasarung]], [[Ciung Wanara]], [[Mundinglaya Di Kusumah]], ''Déugdeug Pati Jaya Perang'', [[Ratu Bungsu Kamajaya]], ''Sumur Bandung'', ''Demung Kalagan'', jsb. Di [[Kanékés]] nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita ''Langgasari Kolot'', ''Langgasari Ngora'', jeung ''Lutung Kasarung''.<ref name=":0" />
 
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di [[Cianjur]], misalna, aya R. Aria Cikondang ([[abad ka-17]]) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja ([[abad ka-19]]). Awal [[abad ka-20]], di [[Bandung]] aya Ucé, sedengkeun dina panengah [[abad ka-20]], nu kawentar téh [[Pantun Beton]] "Wikatmana".<ref name=":0" />
 
===Pamirig===
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh [[kacapi]]. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), [[kacapi gelung]] atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina [[tembang Cianjuran]]), nepi ka [[kacapi siter]] (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras [[pélog]], tapi loba ogé nu maké laras [[saléndro]].<ref name=":0" />
 
==Pintonan==
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (2) pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan [[wayang]], kayaning ''Batara kala'', ''Kama Salah'', atawa ''Murwa Kala''.<ref name=":0" />
 
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja [[karajaan Sunda|Sunda]] atawa carita masarakat Sunda.<ref name=":0" />
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku "rajah pamungkas".<ref name=":0" />
 
Salaku kasenian nu hirup ti jaman [[Hindu]] nepi ka [[Islam]], teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.<ref name=":0" />
 
Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.<ref name=":0" />
 
Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.
Baris ka-91:
#Ringgit Sari
#Senjaya Guru
#[[Siliwangi]]<ref name=":0" />
 
==Sumber rujukanPantun Baduy ==
Ieu pantun téh nyaéta wanda pantun nu asalna atawa sumebar di wewengkon [[Baduy]] ([[Kanékés Rawayan]]). Gelarna ieu sesebutan utamana sabada J.J. Meijer (1891) midangkeun tulisanana ngeunaan sawatara lalakon pantun ti daérah [[Gunung Kancana]], [[Banten Kidul]], meunang ngumpulkeun juru tulis Raksaatmadja. <ref name=":1">{{Cite book|title=Kamus Istilah Sastra Sunda|last=Iskandarwassid|first=|publisher=Geger Sunten|year=2016|isbn=|location=Bandung|pages=27}}</ref>
* [[Ganjar Kurnia]]. 2003. ''Deskripsi kesenian Jawa Barat''. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.
 
=== Lalakon Pantun Baduy ===
# Bima Wayang
# Gajah Lumantung
# Kidang Panandri
# Kuda Gandar
# Kuda Wangi
# Langga Sari
# Panambang Sari
# Paksi Keling
# Radén Tegal
# Rangga Séna<ref name=":1" />
Saéstuna can kaungkab kalawan tutas kumaha saéstuna pantun baduy téh (ngeunaan jumlah [[lalakon]], [[basa]]<nowiki/>na, [[adegan carita]]<nowiki/>na, wandana, jeung pungsi [[pagelaran]]<nowiki/>ana). Proyék panalungtikan Pantun & [[Folklor]] Sunda pingpinan [[Ajip Rosidi]] (1970) kungsi ngarékam dua carita pantun baduy nyaéta Lalakon Lutung Kasarung jeung Buyut Orényéng.<ref name=":1" />
 
==Rujukan==
[[Kategori:Unak-anik budaya Sunda]]