Carita Pantun: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-9:
 
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di [[Cianjur]], misalna, aya R. Aria Cikondang ([[abad ka-17]]) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja ([[abad ka-19]]). Awal [[abad ka-20]], di [[Bandung]] aya Ucé, sedengkeun dina panengah [[abad ka-20]], nu kawentar téh [[Pantun Beton]] "Wikatmana".<ref name=":0" />
 
== Juru Pantun ==
'''Juru pantun''' nyaéta tukang mantun atawa jalma anu biasa ngalalakonkeun carita pantun dina pagelaran ritual (ngaruat) anu disebut mantun. Umumna mah lalaki anu jadi juru pantun téh, can kungsi kacatur aya juru pantun awéwé. Juru pantun téh lain pagawéan poko sabab anu jaradi juru pantun téh umumna mah baroga pacabakan maneuh, sakurang-kurangna boga pagawéan séjén. Kitu deui, nurutkeun tradisi mah jadi juru pantun téh lain pagawéan karana buruh atawa upah, tapi mangrupa. kawajiban moril, kajurung ku niat nuluykeun amanat. Juru pantun réa anu teu ningali (lolong, tunanétra). Ieu hal téh bisa jadi réa pakuat-pakaitna, hususna jeung pasipatan midangkeun carita pantun anu merlukeun konséntrasi, lantaran (wacana) lalakon téh kudu diapalkeun, apal cangkem, ditalar. Padumukan juru pantun umumna mah di pasisian atawa pakampungan, kaliung ku alam kahirupan tatanén. Sawatara juru pantun guguruna teh ti bapana, akina, atawa barayana. Lalakon anu kapimilik ku juru pantun biasana mah henteu réa da kudu ditalar téa. Lian ti kudu apal kana lalakon, juru pantun téh kudu bisa nyoara, ngalagu, jeung bisa ngacapi sabab lalakon pantun téh dicaritakeunana lain digalantangkeun tapi dihaleuangkeum dipirig (diwirahmaan) ku sora kacapi. Kitu deui, juru pantun téh kudu apal kana tata cara prak-prakan mantun sabab mantun téh kaasup kana pagelaran ritual. <ref name=":1" />
 
===Pamirig===