Béda révisi "Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar"

* Ngamumulé adat karuhun aya kurang leuwih 43 jenis paré rurukan jeung 100 jenis paré hasil silang ti pare rurukan.<ref name=":12" />
* Ku cara melak paré sataun sakali ngarah bisa ngereunkeun siklus hama wereng nu biasana dina bulan nu geus ditebak atawa diprediksi.<ref name=":12" />
* Pikeun nangtukeun mangsa melak dumasar kana itungan béntang.{{Fact}} Tanggal kerti kana beusi jeung tanggal kidang turun kijang (pikeun nyiapkeun alat-alat tatanén).{{Fact}} Kidang ngarangsang ti wetan jeung kerti ngadoredag ka kulon (lahan mulai digarap).<ref name=":12" />
Daur hirup paré ti mimiti melak paré nepi ka panén masarakat [[Ciptagelar]] miboga runtuyan aturan adat jeung upacara nu kudu dilaksanakeun,diantarana :
# Ngaseuk,'' ''melak [[paré]] nu dimimitian ku upacara menta kasalametan jeung kaamanan sarta ziarah ka makam karuhun.<ref name=":1" /> Biasana sok aya hiburan siga wayang golek, jaipong, topeng, jeung pantun buhun.<ref name=":12" /> Dimimitian ku sesepuh girang ziarah ka makam kaluhur nu sumebar di daérah Lebak, Bogor, jeung Sukabumi.<ref name=":12" />
# Nganyaran atawa Ngabukti,Ritual nalika [[paré]] ditutu tuluy dimasak.<ref name=":3" />
# Ponggokan, Ritual terahir saméméh seren taun dilaksanakeun.<ref name=":3" /> Ponggokan miboga arti tradisi ngariung para karuhun nu biasana dipaké pikeun ngabahas masalah rahayat jeung ngitung pajak unggal jalma.<ref name=":3" /> Pajak/jiwa dina taun 1997 nyaéta Rp.150,- jeung imah Rp.250,-.<ref name=":12" /> Ponggokan biasana dilaksanakeun saminggu saacan acara Seren Taun.<ref name=":3" /> Nalika ponggokan ogé sok ngabahas iraha Seren Taun rék lumangsungna.<ref name=":3" />
# Seren Taun''.'' Mangrupa acara puncak kagiatan masarakat [[Ciptagelar]].{{Fact}} Biasana sok dilaksanakeun unggal taun lantaran tradisi pikeun karuhun jeung dewi padi [[Sang Hyang Pohaci]].<ref name=":1" />
Salian upacara nu aya pakaitna jeung paré, aya ogé upacara nu sején nu dilaksanakeun, nyaéta :
* Salametan 14 bulan purnama.<ref name=":12" />
 
== Serén taun ==
Istilah Seren Taun asalna tina [[Basa Sunda]].{{Fact}} ''Seren'' miboga harti serah, seserahan, atawa mikeun jeung kecap taun.<ref name=":4">{{Cite news|url=http://travel.kompas.com/read/2014/08/27/130600527/Seren.Taun.Ritual.Ratusan.Tahun.Silam|title=Seren Taun, Ritual Ratusan Tahun Silam - Kompas.com|last=Media|first=Kompas Cyber|newspaper=KOMPAS.com|language=en|access-date=2018-01-23}}</ref> Jadi Seren Taun hartina serah terima taun Kamari ka taun nu rék disanghareupan pikeun gagantina.<ref>{{Cite news|url=https://www.garudacitizen.com/seren-taun-ritual-sakral-sunda-makna/|title=Seren Taun, Ritual Sakral Masyarakat Sunda Yang Sarat Makna|last=Admin|date=2016-09-07|newspaper=Garuda Citizen|language=id-ID|access-date=2018-01-23}}</ref>
 
Numutkeun catetan sajajarah jeung tradisi lokal, Seren Taun diayakeun sacara turun-temurun ti saprak jaman [[Karajaan Sunda]] siga [[Karajaan Pajajaran]], malah nepi ka ayeuna masih kenéh lumangsung.<ref name=":5">{{Cite web|url=http://www.tatarsukabumi.id/2017/08/ritual-upacara-adat-seren-taun-dan.html|title=Ritual Upacara Adat Seren Taun dan Leuit Si Jimat|website=www.tatarsukabumi.id|accessdate=2018-01-23}}</ref> Ieu Upacara mimitina tina acara pikeun ngahormatan [[Nyi Pohaci Sanghyang Asri]] atawa Dewi Sri mangrupa dewi padi dina [[kosmologi]] Sunda Kuno.<ref name=":5" /> Sistem kapercayaan masarakat Sunda kapangurahan ku warisan kabudayaan masarakat asli Nusantara nu ngagungkeun kakuatan alam.<ref name=":5" />
== Leuit si jimat ==
[[Gambar:Leuit Si Jimat.jpg|jmpl|Salah sihiji warga Ciptagelar dipoto di hareup Leuit Si Jimat]]
Leuit biasana sok aya digigir atawa ditukang [[Imah Gedé]], wangunanna leuwih leutik tibatan imah gedé lantaran fungsina pikeun nyimpen [[paré]] atawa hasil tatanén.<ref>{{Cite news|url=https://nrmnews.com/2011/12/27/lumbung-padi-leuit-jimat-masyarakat-kasepuhan-cipta-gelar/|title=“…LEUIT JIMAT Si Lumbung PADI…” BENTENG Ketahanan PANGAN Warga KASEPUHAN Cipta GELAR…”|date=2011-12-27|newspaper=NASIONALIS RAKYAT MERDEKA|language=id-ID|access-date=2018-01-24}}</ref> Hampir unggal imah di Ciptagelar miboga leuit, tapi aya nu leuwih kawentar didinya nyaéta Leuit Si Jimat.<ref>{{Cite web|url=http://jabarkahiji.id/2017/05/01/leuit-jimat-simbol-ketahanan-pangan-dari-kasepuhan/|title=Leuit Jimat, Simbol Ketahanan Pangan Dari Kasepuhan {{!}} JABAR KAHIJI|last=Darmayana|first=Hiski|website=jabarkahiji.id|language=en-US|accessdate=2018-01-24}}</ref> Lumbung kolot nu ngajamin ayana pangan keur warga ditempatkeun di gigireun Imah Gedé Ciptagelar.{{Fact}} Warga bisa nginjeum binih paré tina Leuit Si Jimat teu maké Bunga.<ref name=":8">{{Cite web|url=http://budaya-indonesia.org/Leuit-Si-Jimat|title=Leuit Si Jimat » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia|website=budaya-indonesia.org|accessdate=2018-01-23}}</ref> Kecap Leuit Si Jimat asalna tina kecap “nyimat” nu hartina nginjeum.<ref name=":9">{{Cite journal|last=Nopianti|first=Risa|date=4 Mei 2016|title=LEUIT SI JIMAT : WUJUD SOLIDARITAS SOSIAL MASYARAKAT DI KASEPUHAN SINARRESMI|url=http://ejurnalpatanjala.kemdikbud.go.id/patanjala/index.php/patanjala/article/viewFile/74/30|journal=Balai Pelestarian Nilai Budaya
Jawa Barat|doi=|pmid=|access-date=24 Januari 2018}}</ref> Kecap nyimat ogé bisa dihartikeun ma’na welas asih.<ref name=":9" /> Jadi Leuit Si Jimat emang fungsina pikeun nginjeum ka masarakat kasepuhan salaku wujud welas asih abah ka para incu putuna.<ref name=":9" />
== Rujukan ==