Siklon Tropis: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Uzi herang (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: nyaeta → nyaéta, yen → yén , diantara → di antara (4), eo → éo (2), dimana → di mana (5), ka asup → kaasup using AWB
Baris ka-2:
'''Siklon tropis''' nyaéta badai anu miboga kakuatan nu gedé pisan biasana datang dina usum panas jeung awal usum gugur.<ref name=":0">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/01/id|title=Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika » Pusat Meteorologi Publik » TCWC Jakarta|last=Geofisika|first=Badan Meteorologi Klimatologi dan|website=meteo.bmkg.go.id|accessdate=2018-02-11}}</ref><ref name=":9">{{Cite book|title=Keajaiban Planet Bumi|last=Tjasyono|first=Bayong|publisher=PT Remaja Rosdakarya|year=2014|isbn=978-979-692-182-9|location=Bandung|pages=128-131}}</ref> Ngaran lainna nyaéta hurricane, anu dicokot tina ngaran déwa di Karibia "Huracan" anu kacida jahatna.<ref name=":9" /> Sakumaha ngaranna, siklon tropis sacara umum kawangun di daérah tropis.<ref name=":10">{{Cite web|url=https://gravitime.net/2017/12/3-jenis-angin-siklon-dan-dampak-negatif.html|title=Jenis Angin Siklon dan Dampak Negatif yang Ditimbulkan|last=|first=|website=gravitime|publisher=|accessdate=15 Februari 2018}}</ref> Siklon tropis mindahkeun panas ti daérah khatulistiwa ka [[Garis datar|garis]] datar anu leuwih luhur, jeung ieu mangrupa bagéan penting dina hiji sistem sirkulasi atmosfir.<ref name=":10" />
 
Siklon tropis bisa nyababkeun angin anu mampu ngaruksak daérah anu jauhna 250 mil ti puseur siklon.<ref name=":8">{{Cite book|title=Ilmu Kebumian dan Antariksa|last=Tjasyono|first=Bayong|publisher=PT Remaja Rosdakarya|year=2009|isbn=979-692-595-8|location=Bandung|pages=200}}</ref> Radius rata-rata siklon tropis kurang leuwih 150 tepi ka 200 &nbsp;km.<ref name=":0" /><ref name=":9" /><ref name=":10" /> Siklon tropis kawangun di luhureun [[sagara]] anu lega, umumna miboga suhu permukaan cai laut anu haneut, leuwih ti 26, 5&nbsp;°C jeung kawangun dina gaya bumi (gaya coriolis) nyaéta dina lintang géografis diluhureun 5° kalér atawa kidul.<ref name=":0" /> <ref name=":9" /><ref name=":7">{{Cite news|url=https://nasional.sindonews.com/read/1261724/15/badai-berkekuatan-besar-begini-proses-terbentuknya-siklon-tropis-1511965665|title=Badai Berkekuatan Besar, Begini Proses TErbentuknya Siklon Tropis|last=|first=|date=|work=|access-date=14 Februari 2018|via=}}</ref>
 
Angin badag anu muter di deukeut puseurna miboga kecepatan leuwih ti 60 &nbsp;km/jam.<ref name=":0" /><ref name=":10" /> Sacara téhnis, siklon tropis dihartikeun minangka sistem tekenan handap non-frontal dina skala sinoptik anu tumuwuh luhureun cai nu haneut kalawan wilayah konvéktif jeung kecepatan [[angin]] maksimum 34 knot di sabagéan wilayah anu ngurilingan puseurna, jeung lumangsungna kurang leuwih genep jam.<ref name=":0" />
 
Kadang-kadang di puseur siklon tropis kawangun hiji wilayah kalawan kecepatan angin anu kaitung leutik jeung tanpa ayana [[méga]] anu disebut ku panon siklon.<ref name=":0" /> Diaméter panon siklon téh rupa-rupa ti mimiti 10 tepi ka 100 &nbsp;km kalawan jangkungna 15 &nbsp;km.<ref name=":0" /><ref name=":10" /> Ieu panon siklon dikurilingan ku dingding panon, nyaéta wilayah winangun [[cingcin]] anu bisa ngahontal ketebalan 16 &nbsp;km, anu mangrupa wilayah dimanadi mana aya kecepatan angin nu pangtarikna jeung curah [[hujan]] panggedéna.<ref name=":0" />
 
Masa hirup siklon tropis rata-rata antara 3 tepi ka 18 poé.<ref name=":0" /> Lantaran énergi siklon tropis dimeunangkeun tina sagara anu haneut, mangka siklon tropis bakal ngaleutikan atawa leungit waktu asup ka wilayah [[cai]] anu tiis atawa waktu asup ka daratan.<ref name=":0" />
 
Siklon tropis dipikawanoh ku rupa-rupa istilah diantaranadi antarana "''badai tropis''" atawa "''typhoon''" atawa "topan" lamun kawangunna di [[Samudra Pasifik Kulon]], "siklon" atawa "''cyclone''" lamun kawangun di sabudeureun [[India]] jeung [[Australia]], jeung "''hurricane''" lamun kawangun di [[Samudra Atlantik]]. <ref name=":0" />
 
Daerah pangwangunan siklon tropis ngawengku [[Atlantik Kulon]], [[Pasifik Wétan]], [[Pasifik Kalér]] beulah [[Kulon]], [[samudra Hindia]], [[Australia]] beulah [[kidul]], jeung [[Pasifik Kidul]].<ref name=":8" /> Kurang leuwih dua per tilu kajadian siklon tropis aya di beulahan bumi beulah [[kalér]].<ref name=":8" /> Lolobana siklon tropis 65% kawangun di daerah antara 10 derajat jeung 20 derajat tina ékuator, saeutik pisan 13% anu aya dina lintang luhureun 22 derajat U.<ref name=":8" /> Siklon tropis henteu muncul di daerah 4 derajat tina ékuator.<ref name=":8" /> Euweuhna siklon tropis di sabudeureun ékuator nembongkeun pentingna rotasi bumi atawa [[gaya Coriolis]] dina pangwangunan siklon tropis.<ref name=":8" />
 
== Ngaran Siklon Tropis ==
Mimitina mah ngaran siklon tropis dicokot tina ngaran-ngaran gadis lantaran siklon tropis mangrupa angin anu nagaruksak [[kapal laut]] jeung [[nakhoda]] saparakanca.<ref name=":9" /><ref name=":8" /> Salian ti éta, pangalaman ngabuktikeun yén lamun anu dipakéna ngaran gadis bakal ngabalukarkeun komunikasi anu leuwih gampang.<ref name=":8" /> Di Atlantik jeung Pasifik Timur siklon tropis disebut Hurricane, di Pasifik Barat disebut Typhoon, jeung di samudra lain disebut Siklon Tropis (''Tropical Cyclone'').<ref name=":9" />
 
Dina taun [[1960]], geus disusun ngaran siklon tropis numutkeun alfabet.<ref name=":8" /> Umumna mah ngaran siklon tropis henteu ngagunakeun ngaran anu dimimitian ku aksara Q, U, X, Y, Z.<ref name=":8" /> Minangka conto, daftar ngaran siklon tropis dina taun [[1973]] nyaetanyaéta Anna, Blanche, Carol, Debbie, Eve, Francelia, Gerda, Holly, Inga, Jenny, Kara, Marta, Netty, Orva, Peggy, rhoda, Tanya, Virgy, jeung Wenda.<ref name=":9" /><ref name=":8" /> Nepi ka taun [[1978]], siklon tropis dibéré ngaran siga ngaran [[Bikang|awéwé]] utamana di Atlantik jeung Pasifik tapi lantaran ayana pengaduan kaum wanita ngeunaan prasangka séksual maka ngaran [[Jalu|lalaki]] mimiti dipaké, misalna siklon Alex, Bruno, jeung Gordon.<ref name=":9" /><ref name=":8" /> Tapi sanajan kitu ngaran awéwé masih ngadominasi dina pangaranan siklon tropis, misalna dina bulan [[Agustus]] [[2005]] [[Amérika Sarikat]] kadatangan Siklon Katrina di daérah [[Lousiana]], [[Arizona]], jeung [[Mississippi]].<ref name=":9" /><ref name=":8" /> Katrina mangrupa mamala anu panggoréngna dina sajarah Amérika Sarikat tepi ka nyababkeun rébuan jalma maot, leuwih ti sajuta masarakat ngungsi, nyababkeun karugian anu gedé pisan keur industri [[minyak]] jeung sajabana.<ref name=":9" /> Hal ieu nyababkeun Amérika tepi ka ngirimkeun 40.000 tangtara ka daérah mamala.<ref name=":9" /> Sanggeus Katrina disusul ku badai Rita datang deui ka Amérika. <ref name=":9" />
 
Jadi, unggal siklon tropis téh miboga ngaran séwang-séwangan.<ref name=":5">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/08/id|title=Nama Siklon Tropis|last=|first=|website=BMKG|publisher=|accessdate=13 Februari 2018}}</ref> Di [[Samudra Atlantik]] jeung di sabudeureun Australia, siklon tropis dibéré ngaran siga ngaran jelema.<ref name=":5" /> Misalna aya siklon tropis Andrew di [[Florida]] dina taun [[1992]], atawa siklon tropis Tracy anu ngaratakeun 80% padumukan di [[Darwin]] dina taun [[1998]].<ref name=":5" /> Di Samudera Pasifik Kulon, ngaran siklon tropis bisa leuwih variatif saperti siklon tropis [[Orchidaceae|Anggrék]] (ngaran [[kembang]]), [[Kadu]] (ngaran [[buah]]), [[Nuri]] (ngaran [[manuk]]), [[Halong]] (ngaran teluk di [[Viétnam|Vietnam]]), Mekhala (widadari guntur), Bavi (ngaran pagunungan di Vietnam bagéan kalér) jeung Fengshen (déwi angin). <ref name=":5" />
 
== Kecepatan Angin Maksimum ==
Anu dimaksud kecepatan angin maksimum nyaéta [[angin]] anu lilana rata-rata 10 menit pangtéréhna anu aya di wilayah sirkulasi siklon.<ref name=":0" /> Angin kalawan kecepatan anu pangtéréhna
 
biasana aya di wilayah cingcin di deukeut puseur siklon, atawa lamun ieu siklon miboga [[panon]], maka posisina aya di dingding panon.<ref name=":0" />
 
== Ukuran Siklon Tropis ==
Ukuran siklon tropis nétélakeun diaméter wilayah anu ngalaman ''gale force wind''.<ref name=":0" /> Ukuran siklon tropis téh rupa-rupa ti mimiti 50 &nbsp;km (''Cyclone Tracy'', [[1977]]), tepi ka 1100 &nbsp;km (Typhoon Ti, [[1979]]).<ref name=":0" />
 
Daérah tumuwuhna siklon tropis ngawengku [[Atlantik Kulon]], [[Pasifik Wétan]], [[Pasifik Kalér]] beulah kulon, [[Samudra Hindia]] beulah kalér jeung kidul, [[Australia]] jeung [[Pasifik Kidul]].<ref name=":0" /> Kurang leuwih dua per tilu kajadian siklon tropis aya di beulahan bumi bagéan [[kalér]].<ref name=":0" /> Kurang leuwih 65% siklon tropis kawangun di daérah antara 10° - 20° tina [[garis ékuator]], ngan saukur 13% siklon tropis tumuwuh diluhureun daérah lintang 20°, sedengkeun di daérah lintang handap (0° - 10°) siklon tropis jarang kawangun.<ref name=":0" />
 
Daérah tumuwuhna siklon tropis bisa dibadi jadi [[tujuh]] wilayah.<ref name=":0" /> Ieu wilayah ngawengku [[sagara]] di sakuliah [[dunya]]. <ref name=":0" />
 
== Proses Kawangunna Siklon Tropis ==
[[Gambar:Global tropical cyclone tracks-edit2.jpg|jmpl|Jalur Siklon Tropis di Dunya]]
Sakumaha ngaranna, siklon tropis tumuwuh dina cai di sabudeureun daérah [[tropis]], utamana anu miboga suhu cai sagara anu haneut. <ref name=":1">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/02/id|title=Proses Terbentuknya Siklon Tropis|last=|first=|website=BMKG|publisher=|accessdate=11 Februari 2018}}</ref> Jumlah siklon tropis anu tumuwuh di beulahan bumi béh [[kalér]] rata-rata 57,3 kajadian dina sataun jeung di beulahan bumi béh [[kidul]] rata-rata 26,3 siklon tropis dina sataun (dumasar data dina taun [[1968]]-[[1989]]).<ref name=":1" />
 
Biasana siklon tropis kawangun di daérah lintang 10° atawa leuwih, sedengkeun dina lintang antara 5° tepi ka 10° aya nu disebut déprési tropis atawa kaayaan awal siklon.<ref name=":9" /> Di ieu daerah bisa ogé aya badai tropis lamun suhu laut leuwih panas.<ref name=":9" /> Ku lantaran kitu cai di Indonésia bisa kaasup daérah anu bébas siklon tropis tapi akibatna bisa mangaruhan cuaca di sabudeureun Indonésia.<ref name=":9" />
 
Siklon tropis bisa kawangun kalawan sarat-sarat ieu di handap:<ref name=":1" />
# suhu permukaan [[sagara]] sakurang-kurangna 26,5C tepi ka 60 méter jerona.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6">{{Cite news|url=http://jabar.tribunnews.com/2017/11/30/inilah-enam-faktor-penyebab-munculnya-siklon-tropis-menurut-prakirawan-bmkg|title=Inilah Enam Faktor Penyebab Munculnya Siklon Tropis Menurut Prakirawan BMKG|last=|first=|date=|work=|access-date=14 Februari 2018|via=}}</ref>
# Kaayaan [[atmosfir]] anu henteu stabil bisa nyababkeun kawangunna [[Méga Kumulonimbus|méga kumulonimbus]].<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" /> Ieu méga-méga mangrupa méga anu ngandung [[guludug]] sarta mangrupa pananda wilayah konvéktif kuat anu mangrupa hal penting dina kamekaran siklon tropis.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" />
# Atmosfir anu kaitung lembab di ketinggian kurang leuwih 5 &nbsp;km.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" /> Ieu ketinggian mangrupa atmofer paras tengah, lamun dina kaayaan garing henteu bisa ngadukung kana kamekaran aktivitas badai anu aya dina jero siklon.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" />
# Aya dina jarak sahenteuna 500 &nbsp;km tina [[garis khatulistiwa]].<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" /> Sanajan hal ieu bisa waé kajadian tapi siklon jarang kawangun di deukeut ékuator.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" />
# Gangguan atmosfir dina jarak anu deukeut ti permukaan bumi mangrupa [[angin]] anu puseurna dibarengan ku kumpulan angin.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" />
# Parobahan kondisi angin kana ketinggian henteu pati gedé. Parobahan kondisi angin anu gedé bisa ngaganggu prosés kamekaran badai.<ref name=":7" /><ref name=":1" /><ref name=":6" />
# Paraméter cariolis kudu leuwih gedé tina niléy minimum anu aya di sabudeureun [[Garis datar|garis lintang]] kurang leuwih 5° di beulah [[kalér]] jeung kidul.<ref name=":8" /> Lamun [[Gayagaya cariolis|gaya cariolisna]]na kurang maka siklon tropis moal kawangun. <ref name=":8" /> Di tempat anu garis lintangna leuwih luhur sanajan aya gaya cariolis anu cukup gedé, tapi siklon tropis jarang aya lantaran lautna leuwih [[tiis]].<ref name=":8" />
# Gésér [[angin]] vértikal anu aya dina [[arus troposferik]] nu kandel kawilang leutik pisan.<ref name=":8" /> Gésér troposférik anu répréséntatif nyaéta gésér angin anu diukur dina ketinggian 950 hPa jeung 200 hPa.<ref name=":8" /> Ketinggian 950 hPa dianggap minangka paras kondénsasi rata-rata di daérah oséanik tropis. <ref name=":8" />
# Aya rotasional rélatif dina lapisan handap.<ref name=":8" /> Siklon tropis mikabutuh kontribusi [[saab]] sacara tuluy tumuluy keur méré bekel énergi anu aya dina konvergénsi hawa.<ref name=":8" />
Jadi bisa ditarik gurat badagna yén fase pangwangunan siklon tropis téh ngaliwatan tilu tahap nyaéta:
# déprési tropis,nyaéta sistem awan jeung guludug anu badag pisan kalawan sirkulasi jeung angin nu tuluy tumuluy.<ref name=":10" /> Maksimum permukaanana kurang ti 17 méter per detik (33 knot, 38m/j atawa 62 &nbsp;km/jam).<ref name=":10" /> Wangun siklon can miboga [[panon]] jeung henteu ''berpilin'' tina badai-badai anu leuwih kuat.<ref name=":10" /> Dina ieu tahap, siklon geus jadi sistem tekenan leutik ku lantaran éta ngaranna jadi "déprési".<ref name=":9" />
# Badai tropis, nyaéta sistem tina badai guludug anu leuwih kuat kalawan sirkulasi jeung angin anu tuluy-tumuluy di antara 17 jeung 33 méter per detik (34-63 knot, 39–73 m/j, atau 62–117 &nbsp;km/jam).<ref name=":9" /> Wangun siklon geus ''berpilin'' tapi can miboga panon. <ref name=":10" />
# Siklon tropis, geus aya panonan jeung puseur angin kalawan kecepatan leuwih ti 117 &nbsp;km/jam, variatif gumangtung asal daérah asalna misalna.<ref name=":11">{{Cite news|url=http://news.bbc.co.uk/2/hi/in_depth/5328524.stm|title=Animated Guide Tornadoes|last=|first=|date=|work=|access-date=15 Februari 2018|via=}}</ref>
* ''Hurikan'' di Samudra Atlantik Utara, Samudra Pasifik beulah wétan wates pananggalan internasional jeung Samudra Pasifik Kidul beulan wétan 160°BT.<ref name=":11" />
* ''Taifun'' di Samudra Pasifik Barat Daya beulah kulon garis pananggalan.<ref name=":11" />
Baris ka-58:
* ''Badai siklon gawat'' di Samudra Hindia Kalér.<ref name=":11" />
* ''Siklon tropis'' di Samudra Hindia Barat Daya.<ref name=":11" />
Di tempat lain di dunya, hurikan dipikawanoh minangka ''Bagyo'' di Filipina, ''Chubasco'' di Meksiko, jeung ''Taino'' di Haiti.<ref name=":11" /> Bagéan tengah badai siklon tropis anu disebut panon mangrupa lingkaran anu diaméterna ti 10 tepi ka 100 kilométer, paling sering kurang leuwih 40 méter.<ref name=":11" /> Kecepatan angin di bagéan ieu leuwih handap komo lamun langitna keur cerah.<ref name=":11" /> Panon dikurulilingan ku méga padet anu jangkungna 16 kilométer kalawan angin jeung hujan nu gedé pisan. <ref name=":11" />
 
== Siklus Hirup Siklon Tropis ==
Siklon tropis miboga daur hirup ti mimiti prosés pangwangunanana tepi ka paéhna.<ref name=":7" /><ref name=":2">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/03/id|title=Siklus Hidup Siklon Tropis|last=|first=|website=BMKG|publisher=|accessdate=12 Februari 2018}}</ref> Siklon hirup siklon tropis bisa dibagi jadi opat tahapan nyaéta:
# Tahap pembentukan, ditandaan ku ayana gangguan [[atmosfir]].<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Lamun ditilik tina citra [[satelit]] cuaca, ieu gangguan ditandaan ku wilayah konvéktif ku ayana méga-[[Méga Kumulonimbus|méga kumulonimbus]].<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Puseur sirkulasi acan kawangun, tapi geus katingali dina tungtung ''sabuk perawanan'' anu ngawangun [[spiral]].<ref name=":7" /><ref name=":2" />
# Tahap can asak, dina ieu tahap wilayah konvéktif anu kuat kawangun leuwih rapi tepi ka ngawangun ''sabuk perawanan'' jadi [[buleudan]] (wangunna spiral) atawa ngawangun wilayah anu wangunna rélatif [[Buleudan|buleud]].<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Inténsitasna ngaronjat sacara simultan anu ditandaan ku tekenan [[hawa]] permukaan anu turun ngahontal kurang ti 1000 mb jeung kecepatan [[angin]] maksimum anu ngaronjat tepi ka ''gale force wind'' (kecepatan angin ≥ 34 knot atwa 63 &nbsp;km/jam).<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Angin kalawan kecepatan maksimum museur dina cingcin anu ngurlingan puseur sirkulasi.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Puseur sirkulasi katingali jelas jeung mimiti katingali ayana panon siklon.<ref name=":7" /><ref name=":2" />
# Tahap asak, dina ieu tahap wangun siklon tropis geus stabil.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Tekenan hawa minimun anu aya di puseurna jeung angin maksimum di sabudeureunana anu henteu loba ngalaman [[fluktuasi]].<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Sirkulasi siklonik jeung wilayah ''gale force wind'' ngalegaan.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Citra satelit cuaca ningalikeun kondisi ''perawanan'' leuwih rapih jeung leuwih simétris.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Dina siklon tropis anu leuwih kuat bisa katingali ayana panon siklon.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Ieu kajadian ditandaan ku wilayah anu miboga suhu panghaneutna di tengah-tengah sistem ''perawanan'' kalawan angin permukaan anu tenang jeung dikurilingan ku dingding perawanan konvektif anu kandel di sabudeureunana (dingding panon).<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Iwal ti lamun siklon tropis aya di wilayah anu ngadukung kamekaranana.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Tahap asak biasana ngan ukur tahan kurang leuwih ti 24 jam saméméh inténsitasna mimiti ngurangan.<ref name=":7" /><ref name=":2" />
# Tahap ngurangan, dina ieu tahap puseur siklon anu haneut mimiti leungit.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Tekenan hawa ngaronjat jeung wilayah ku kecepatan angin maksimum ngalegaan ngajauhan ti puseur siklon.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Ieu tahap bisa kajadian kalawan téréh pisan lamun siklon tropis ngaliwat di wilayah anu henteu ngadukung keur kamekaranana siga asup ka wilayah cai nu aya di [[garis datar]] nu aya di luhur kalawan suhu sagara anu tiis jeung asup ka daratan.<ref name=":7" /><ref name=":2" /> Tina citra satelit bisa katingali jelas yén éta wilayah konvéktif siklon tropis ngurangan jeung sabuk perawanan lalaunan ngaleungit.<ref name=":7" /><ref name=":2" />
Waktu rata-rata anu dibutuhkeun ku hiji siklon tropis keur mimiti tumuwuh tepi ka leungitna kurang leuwih tujuh poé tapi variasina bisa ti sapoé tepi ka tilu puluh poé. <ref name=":2" />
 
Distribusi bulanan ningalikeun yenyén lolobana siklon tropis aya dina ahir musim panas jeung awal musim gugur, sanajan siklon tropis bisa kajadian dina bulan naon waé di [[Pasifik Utara]] beulah [[kulon]].<ref name=":8" /> Waktu hirup siklon tropis ti sababaraha jam nepi ka 2 minggu kalawan rata-rata 6 [[poé]] ti mimiti badai tepi ka asupkaasup ka daratan atawa belok ka daerah subtropis.<ref name=":8" /> Gaya gésékan ngahambat gerak [[hawa]] nepi ka angin ngaleutikan.<ref name=":8" /> Sedengkeun éta, gaya gradien tekenan henteu dipangaruhan ku gésékan lantaran henteu gumantung kana gerak hawa.<ref name=":8" /> Gaya coriolis dipangaruhan ku gaya gésékan jeung jadi leutik lantaran angin ngaleutikan.<ref name=":8" /> Akibatna, kasaimbangan géostropik henteu jadi nepi ka angin motong isobar ka arah tekenan handap jeung sistem angin jadi museur (konvergen).<ref name=":8" />
 
== Usum Siklon di Sabudeureun Indonesia ==
Baris ka-76:
 
=== Siklon Tropis di Indonésia Beulah Kidul ===
Keur siklon-siklon tropis di wilayah anu deukeut jeung Indonésia kalawan histori data salila opat puluh dua taun yén di beulah [[kidul]] siklon tropis panglobana aya dina bulan [[Pébruari]] nyaéta 23% kajadian dina sabulan.<ref name=":3" /> Disusul ku bulan [[Maret]], (22%), [[Januari]] (21%), [[Désémber]] (14%) jeung [[April]] (11%).<ref name=":3" /> Tapi sanajan kitu dina bulan [[Juni]], [[Juli]], [[Agustus]], jeung [[Séptémber]] dipikanyaho mangrupa bulan-bulan anu salila opat puluh dua taun euweuh kajadian siklon tropis.<ref name=":3" />
 
Siklon tropis di wilayah ieu mindeng aya dina bulan Pébruari nyaéta 122 kajadian salila opat puluh dua taun kalawan rata-rata kajadian ngahontal 2,9 kajadian per taun.<ref name=":3" /> Dina [[Bulan (wayah)|bulan]] ieu kajadian siklon tropis anu panglobana dialaman dina taun [[1968]] dimanadi mana waktu harita aya tujuh kali siklon tropis.<ref name=":3" /> Sanajan kitu, aya ogé dina bulan Pébruari euweuh hiji-hiji acan siklon tropis sakumaha anu kajadian dina taun [[1967]], [[1990]], jeung [[2002]].<ref name=":3" />
 
Bulan Désémber mangrupa bulan terahir kadua anu aktif.<ref name=":3" /> Salila opat puluh dua taun aya tujuh puluh genep kajadian siklon tropis kalawan niléy rata-rata 1,8 kajadian per taun.<ref name=":3" /> Kondisi ékstrim kungsi dialaman dina taun [[1973]] nu mana aya genep kali kajadian siklon tropis dina sabulan.<ref name=":3" />
 
Dina bulan Juni jeung Agustus aya frékuénsi pangleutikna dimanadi mana salila opat puluh dua taun euweuh hiji-hiji acan siklon tropis.<ref name=":3" />
 
=== Siklon Tropis di Indonésia Beulah Kalér ===
Kalawan data histori anu leuwih panjang (56 taun), dipikanyaho yén wilayah anu deukeut jeung Indonésia beulah kalér ngalaman kajadian siklon tropis anu panglobana dina bulan Agustus dimanadi mana 20% siklon tropis kajadian dina bulan ieu.<ref name=":3" /> Disusul ku bulan Séptémber (18%), Juli jeung [[Oktober]] (15%).<ref name=":3" />
 
Dina bulan Agustus, kalawan rata-rata kajadian 5,2 kali siklon tropis per taun, kondisi ékstrim maksimum kungsi aya dina taun [[1960]] (13 kajadian siklon tropis dina sabulan) jeung kondisi ékstrim minimun aya dina taun [[1980]] (ngan kajadian 2 kali siklon tropis dina sabulan).<ref name=":3" /> Sabalikna kalawan jumlah anu pangleutikna tilu belas kali dina 56 taun, bulan Pébruari ngalaman kajadian paling ékstrim maksimum dina taun 1967 jeung [[1976]] kalawan 2 kali kajadian siklon tropis jeung dina 45 taun lainna henteu ngalaman deui siklon tropis.<ref name=":3" />
 
Dina bulan Agustus anu mangrupa bulang pangsibukna keur kamekaran siklon tropis di wilayah ieu, tina 323 kajadian aya 107 kajadian anu mekar jadi badai tropis diantaranadi antarana ngagedéan jadi hurricane.<ref name=":3" /> Dina bulan Pébruari anu mangrupa bulan kalawan jumlah kajadian siklon tropis pangsaeutikna (13 kajadian) ngan saukur aya hiji siklon tropis anu mekar jadi hurricane.<ref name=":3" />
 
== Akibat Siklon Tropis ==
[[Gambar:Storm surge during hurricane eloise.jpg|jmpl|Badai waktu aya siklon tropis eloise]]
Lantaran ukuranana anu kacida gedéna, angin badag, jeung méga anu dipibogana, siklon tropis nyababkeun akibat anu kacida gedéna ka tempat-tempat anu diliwatanana.<ref name=":4">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/07/id|title=Dampak Siklon Tropis|last=|first=|website=BMKG|publisher=|accessdate=13 Februari 2018}}</ref> Ieu akibat bisa mangrupa [[angin]] nu gedé, [[hujan]] badag tuluy-tulutan, tepi ka nyababkeun [[banjir]], gelombang nu luhur, jeung gelombang badai (''storm surge'').<ref name=":4" /> Gelombang badai nyaéta naékna permukaan laut sapanjang [[basisir]] kalawan téréh lantaran angin anu ngarahkeunana ka daérah basisir.<ref name=":9" /> Siklon tropis di [[Bangladesh]] [[13 Nopémber]] [[1970]] nyababkeun gelombang badai tepi ka 6-9 méter. <ref name=":9" />
 
Siklon tropis di laut bisa nyababkeun gelombang anu jangkung, hujan gedé, jeung angin anu tarik pisan.<ref name=":4" /> Hal ieu bisa ngaganggu lalayaran internasional jeung miboga poténsi keur neuleumkeun [[Kapal Selam|kapal]].<ref name=":4" /> Siklon tropis bisa muterkeun cai jeung nyababkeun gelombang sagara anu anu luhur.<ref name=":4" /> Di daratan, angin anu tarik bisa ngaruksak atawa ngancurkeun [[kandaraan]], wangunan, sasak, jeung benda-benda lainna.<ref name=":4" /> Gelombang badai ''(storm surge'') atawa ngaronjatna permukaan sagara akibat siklon tropis mangrupa akibat anu panggoréngna nu bisa tepi di daratan.<ref name=":4" />
 
Numutkeun sajarah, 90% siklon tropis bahaya pisan.<ref name=":4" /> Muterna siklon tropis anu ngahontal daratan jeung ''vertical wind shear'' di sabudeureunana bakal ngahasilkeun tornado.<ref name=":4" /> [[Tornado]] bisa ogé dihasilkeun minangka akibat tina vortisitas dina dingding panon siklon anu bisa tahan nepi ka daratan.<ref name=":4" />
 
=== Akibat Langsung ===
Anu dimaksud akibat langsung siklon tropis nyaéta akibat anu disababkeun ku siklon tropis nu aya di daérah-daérah anu diliwatanana. <ref name=":4" /> Hal ieu bisa mangrupa gelombang anu luhur, gelombang badai nu mangrupa naékna muka sagara saperti cai pasang anu luhur pisan, hujan gedé dibarengan ku [[angin]] badag.<ref name=":4" />
 
Contona waktu hiji wilayah di [[Indonésia]] ngalaman akibat langsung ayana siklon tropis nyaéta waktu aya kajadian langka siga tumuwuhna siklon tropis Kirrily di luhureun [[Kapuloan Kai]], [[Laut Banda]] dina tanggal [[27 April]] [[2009]].<ref name=":4" /> Kirrily nyababkeun hujan badag jeung ''storm surge'' di ieu daérah.<ref name=":4" /> Kacatet puluhan [[imah]] ruksak jeung puluhan lainna kakeueum, jalan ruksak, jeung aya gelombang luhur ti tanggal [[26 April]] tepi ka [[29 April]].<ref name=":4" /> Curah hujan anu kacatet di Tual per 24 jam nyaéta 20mm, 92mm, jeung 193 &nbsp;mm, dina tanggal 27 April, [[28 April]], jeung [[29 April]] 2009.<ref name=":4" />
 
=== Akibat Teu Langsung ===
Indonésia lain mangrupa daérah liliwatan siklon tropis, tapi sanajan kitu ayana siklon tropis di sabudeureun [[Indonésia]], utamana anu kawangun di sabudeureun [[Pasifik Barat Laut]], [[Samudra Hindia|Samudra Hindia Tenggara]], jeung [[Australia]] bakal mangaruhan pangwangunan pola cuaca di Indonésia.<ref name=":4" /> Parobahan pola cuaca ku ayana ieu siklon tropis anu ngajadikeun siklon tropis méré akibat henteu langsung kana kondisi cuaca di wilayah Indonésia.<ref name=":4" />
 
Akibat henteu langsung ku ayana siklon tropis bisa mangrupa:<ref name=":4" />
# Daérah ''pumpunan'' angin.<ref name=":4" /> Siklon tropis anu kawangun di sabudeuereun cai beulah [[kalér]] atawa beulah kuloneun Australia sering nyababkeun kawangunna daérah ''pumpunan'' angin di sabudeureun [[Jawa]] atawa [[Laut Jawa]], [[Nusa Tenggara Kulon]], [[Nusa Tenggara Wétan|Nusa Tenggara Timur]], [[Laut Banda]], [[Laut Timor]], tepi ka [[Laut Arafuru]].<ref name=":4" /> Ieu pumpunan angin anu nyababkeun kawangunna leuwih loba [[méga]]-méga konvéktif nu nyababkeun hujan gedé di éta daérah.<ref name=":4" /> Ditingali tina citra [[satelit]], daérah pumpunan angin katingali minangka daérah anu manjang nu pinuh ku méga kandel nu nyambung kana méga siklon tropis tepi ka katingalina mah éta siklon tropis miboga [[buntut]].<ref name=":4" /> Ku lantaran éta, daérah pumpunan angin ieu mindeng disebut buntut siklon tropis.<ref name=":4" /> Conto kasus waktu Indonésia keuna ku buntut siklon tropis nyaéta waktu siklon tropis GeorgeGéorge ([[2 Maret]] [[2007]]) anu ngakibatkeun ayana daérah pumpunan angin nu manjang ti [[Jawa Wétan]] tepi ka [[Nusa Tenggara Wétan|Nusa Tenggara Timur]].<ref name=":4" /> Curah hujan anu kacatet harita di [[Ruteng]], [[Waingapu]], [[Rote]], [[Kupang]] nyaéta 172 &nbsp;mm, 52mm, 78mm, jeung 73mm.<ref name=":4" />
# Daérah bélokan angin.<ref name=":4" /> Ayana siklon tropis di cai [[Samudra Hindia]] kadang-kadang bisa nyababkeun kawangunna daérah bélokan angin di sabudeureun [[Sumatra]] bagéan kidul atawa Jawa bagéan [[kulon]].<ref name=":4" /> Daérah bélokan angin ogé bisa ngakibatkeun kawangunna leuwih loba méga-méga konvéktif panyabab hujan badag di éta daérah. <ref name=":4" />
# Daérah défisit ''kelembaban''.<ref name=":4" /> Babarengan jeung ayana siklon tropis di cai beulah kaléreun [[Sulawesi]] atawa di [[Laut Natuna Kalér|Laut Cina Kidu]]<nowiki/>l mindeng katingali babarengan jeung nguranganna curah hujan di wilayah Sulawesi bagéan kalér atawa [[Kalimantan]].<ref name=":4" /> Sanajan can aya panalungtikan deui, tapi katingali yén ieu fénoména disababkeun ku lantaran éta siklon tropis bisa nyerep sasadiaan hawa anu lembab nu aya dina radius nu tangtu di sabudeureunana.<ref name=":4" /> Kaaasup anu aya dina [[atmosfir]] di luhureun Kalimantan jeung [[Sulawesi]] bagéan kalér tepi ka di ieu wilayah hawana jadi garing jeung kondisi cuacana biasana mah cerah tapi euweuh mégaan.<ref name=":4" />
 
== Pusat Peringatan Dini Siklon Tropis (TCWC) ==
Tujuan utama tina hiji sistem peringatan dini siklon tropis nyaéta keur ngurangan korban jiwa, barang-barang, pakaya, jeung masalah anu disababkeun ku siklon tropis kalawan nyadiakeun peringatan dini anu akurat jeung tepat waktu keur [[komunitas]]-komunitas anu kaancam.<ref name=":12">{{Cite web|url=http://meteo.bmkg.go.id/siklon/learn/09/id|title=Pusat Peringatan Dini Siklon Tropis (TCWC)|last=|first=|website=BMKG|publisher=|accessdate=15 Februari 2018}}</ref>
 
Dina sistem peringatan dini siklon tropis aya 4 (opat) pihak anu miboga peranan gedé diantaranadi antarana:
# lembaga [[météorologi]] anu ngaluarkeun peringatan dini.<ref name=":12" />
# [[Média]] boh citak boh éléktronik anu nyebarkeun peringatan dini.<ref name=":12" />
# Instansi anu nanganan masalah mamala boh di tingkat pusat atawa daérah.<ref name=":12" />
# [[Masarakat]] anu kaancam ku éta bencana alam.<ref name=":12" />
Ku lantaran siklon tropis kacida bahayana, di sakuliah dunya kasebar rupa-rupa pusat peringatan dini siklon tropis atawa (''Tropical Cyclone Warning Centre'') anu tugasna ngamonitor unggal kajadian siklon tropis.<ref name=":12" /> Di unggal tempat, ieu monitoring dilakukeun unggal poé salila 24 jam henteu eureun-eureun ngagunakeun rupa-rupa téhnologi ti mimiti [[satelit]], [[radar]], stasion-stasion panalungtikan nu maké awak atawa henteu.<ref name=":12" /> Tujuanana nyaéta mikanyaho tempat tumuwuhna siklon tropis, gerakanana, jeung kakuatanana.<ref name=":12" />
 
Salian ti éta, pusat-pusat peringatan dini ogé tugasna keur méré informasi jeung peringatan dini sarta nyebarkeun éta informasi ka wilayah-wilayah anu bakal keuna ku akibatna.<ref name=":12" /> Dina kerangka internasional, Organisasi MeteorologiMetéorologi Dunia (WMO) ngaliwatan Tropical Cyclone Program (TCP) geus nyieun hiji sistem peringatan dini siklon tropis di mana unggal daérah kamekaran siklon tropis geus miboga pusat-pusat peringatan dini siklon tropis.<ref name=":12" />
 
Tujuan Tropical Cyclone Program WMO (WMO/TCP) nyaéta ngadorong jeung ngordinir rarancang jeung implementasi tindakan mitigasi mamala anu diakibatkeun ku siklon tropis di sakuliah dunya.<ref name=":12" /> Lantaran henteu sakabéh wilayah dipangaruhan ku siklon tropis jeung struktur régional henteu salilana tepat jeung basin siklon tropis.<ref name=":12" /> TCP ngadegkeun komite siklon tropis anu ngalegaan tepi ka badan-badan régional.<ref name=":12" /> Ieu komite ogé ngawengku sababaraha [[Jaladri|samudra]] anu mangrupa lokasi tumuwuhna siklon tropis.<ref name=":12" /> Petunjuk téhnis dijieun keur ngajalankeun ieu program siklon tropis.<ref name=":12" /> Eusi ieu petunjuk téhnis diantaranadi antarana ngeunaan tugas stasion, alamat-alamat, telepon jeung nomer telekomunikasi lainna, prosedur telekomunikasi, [[términologi]], définisi, prosedur, konvénsi ngaran siklon tropis, unit konvvérsi, koordinasi, sarat-sarat analisis, diseminasi jeung observasi radar jeung satelit, pengintaian kapal udara jeung susunan kalimah dina peringatan dini.<ref name=":12" /> Ngaliwatan WMO/TCP geus dijiieun hiji standarisasi prosedural anu kudu ditimbang-timbang dina pelaksananana di badan-badan régional.<ref name=":12" />
 
Dina dasarna aya 2 (dua) jenis peringatan dini siklon tropis nyaéta peringatan dini keur wilayah daratan jeung laut, jeung peringatan dini keur laut lepas (kadang-kadang dikenal ogé ku sebutan ''marine warning'').<ref name=":12" /> Unggal [[nagara]] anggota badan régional biasana boga tanggung jawab keur nyieun peringatan dini di wilayah daratan jeung basisir masing-masing, sedengkeun keur peringatan dini laut lepas geus ditunjuk sababraha pusat peringatan dini siklon tropis (Tropical Cyclone Warning Centre, TCWC), dimanadi mana tiap TCWC geus miboga tanggung jawab keur daérahna masing-masing.<ref name=":12" />
 
== Referensi ==