Kota Surabaya: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Nambihan sajarah jeung geografi surabaya
nambahan topografi
Baris ka-53:
Kondisi geologi Surabaya ngawengku Daratan Alluvium; Formasi Kabuh; Pucangan; Lidah; Madura; dan Sonde. Wilayah perairan Surabaya teu kaasup dina jalur sésar aktif atawa mayunan samudera, matak kota ieu rélatif aman tina bencana alam, boh gempa bumi boh taneuh amblesan. Jadi pambangunan infrastruktur teu merlukeun rékayasa géotéknik anu nyéépkeun biaya gedé.
 
=== Topografi ===
{|
![[Kalér|Kaler]]
![[Selat Madura]]
|-
|[[Kidul]]
|[[Kabupatén Sidoarjo]]
|-
|[[Wétan|Wetan]]
|[[Selat Madura]]
|-
|[[Kulon]]
|[[Kabupatén Gresik]]
|}
 
Surabaya pernahna di sisi pantai kaler propinsi Jawa Wétan. Wilayahna tepung wates jeung [[Selat Madura]] di kaler jeung wétan, [[Kabupatén Sidoarjo]] di kidul, sarta [[Kabupatén Gresik]] di kulon. Hampir sakabéh wilayah Surabaya kaasup dataran rendah nyaéta 80,72%, ketinggianna antara -0,5 – 5m SHVP atawa 3 – 8 m di luhur permukaan laut. Sésana nyaéta daérah pasir anu letakna di wilayah Surabaya Kulon (12,77%) jeung Surabaya Kidul (6,52%). Di Surabaya Kidul aya 2 pasir anu henteu nangtawing, nyaéta di daérah Lidah jeung Gayungan anu ketinggianna antara 25-50 m di luhur permukaan laut. Lamun di wilayah Surabaya Kulon, kontur pasirna bergelombang. Struktur lemah di Surabaya kasusun tina lemah aluvial, hasil endapan walungan jeung pantai, sarta di bagian kulon aya pasir anu ngandung kapur. Di kota ieu oge aya muhara [[Kali Mas]], nyaeta salah sahiji cabang walungan [[Brantas]]. Kali Mas téh hiji tina tilu walungan utama anu ngabeulah sabagian wilayah Surabaya. Walungan séjéna nyaéta Kali Surabaya jeung Kali Wonokromo. Aréa sawah jeung tegalan aya di wilayah kulon jeung kidul kota, ari aréa tambak aya di wilayah basisir kalér jeung wétan.