Carita rahayat Indonésia: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
[[Gambar:Kanjeng Ratu Kidul.jpg|jmpl|Ilustrasi Nyi Roro Kidul]]
'''[[Folklor|Carita rahayat]] Indonésia''' nyaéta wangun [[tradisi]] [[Tradisi lisan|lisan]] anu sumebar kalawan tatalépa di sakuliah nagara [[Indonésia]].<ref name=":0">{{Cite web|url=https://kebudayaan.kemdikbud.go.id/munas/nenek-moyang-dalam-tradisi-lisan-maritim-di-kawasan-laut-sawu-nusa-tenggara-timur/|title=Nenek Moyang dalam Tradisi Lisan Maritim di Kawasan Laut Sawu Nusa Tenggara Timur|last=MNI|website=Museum Nasional|language=en-US|accessdate=2020-01-13}}</ref> Di Indonésia, carita rahayat téh geus galib disebut '''[[dongéng]]''', padahal carita rahayat didieu ngawengku wangun-wangun séjénna nu leuwih lega.<ref name=":0" /> Sawatara hal nu jadi ciri utama carita rahayat di Indonésia yén carita rahayat téh mibanda ajén-ajén [[mitologi]], anu satuluyna pikeun sawatara jalma mah dipiyakin pisan mitos-mitosna.<ref>{{Cite web|url=https://www.zenius.net/prologmateri/bahasa-indonesia/a/975/mitologi|title=Pengertian, Ciri-ciri dan Jenis Mitologi - Zenius Education {{!}} Zenius Education|website=zenius.net|accessdate=2020-01-13}}</ref> Lian ti kitu, carita rahayat téh teu bisa dipikanyaho saha nu ngarangna sarta iraha dikarangna éta carita, kapan ieu carita rahayat mah sumebarna liwat tradisi lisan hungkul.<ref>{{Cite book|title=Antropologi: Mengungkap Keragaman Budaya|url=https://books.google.co.id/books?id=OrEMsPV8yQkC&pg=PA99&lpg=PA99#v=onepage&q&f=false|publisher=PT Grafindo Media Pratama|isbn=978-979-9255-97-6|language=id}}</ref> Sok sanajan kitu, kiwari geus loba tarékah nu dilakonan pikeun ngalihkeun carita-carita tina sumber lisan kana wangun [[Tradisi tinulis|tinulis]].<ref>{{Cite web|url=http://www.rumahliterasisumenep.org/2019/07/memahami-sastra-lisan-dan-sastra-tulisan.html|title=Memahami Sastra Lisan dan Sastra Tulisan|last=Sumenep|first=Rumah Literasi|accessdate=2020-01-13}}</ref>
 
Sabab Indonésia mangrupa nagara anu beunghar dina [[étnis]], [[budaya]] sarta [[Ageman|agemanana]], ngajadikeun bangga pikeun ngageneralisasikeun carita rahayat di Indonésia minangka hiji kasatuan mah.<ref>{{Cite web|url=https://www.indonesia.go.id/ragam/budaya/kebudayaan/keragaman-indonesia|title=Keragaman Indonesia|last=Indonesia.go.id|first=Redaksi|website=Indonesia.go.id|language=en|accessdate=2020-01-13}}</ref> Sanajan Indonésia téh nagara kalawan populasi [[Daptar nagara dumasar ageman|Islam panglobana]] di sakuliah dunya, tapi carita rahayat nu sumebar di Indonésia mah lolobana ti pangaruh séjén agama.<ref>{{Cite web|url=https://tirto.id/benarkah-ri-negara-dengan-penduduk-muslim-terbesar-dunia-cuGD|title=Benarkah RI Negara dengan Penduduk Muslim Terbesar Dunia?|last=Purnamasari|first=Dinda|website=tirto.id|language=id|accessdate=2020-01-13}}</ref> Ieu disababkeun nusantara baheula pernah kapangaruhan ku [[Sajarah Nusantara mangsa karajaan Hindu-Buddha|ageman Hindu-Budha]] nu kabukti ku ayana karajaan sarta patilasanana nu miwatek [[Daptar karajaan Hindu-Budha di Nusantara|karajaan Hindu-Budha]]. Ku kituna, carita rahayat di Indonésia teu bisa disakompétdaunkeun kana salah sahiji ageman atawa étnis nu nyampak hungkul. Malah béh dituna mah carita rahayat nusantara téh sumebar teu saukur di Indonésia hungkul, tapi ogé ngawengku [[Nusantara|nagara-nagara sagigireun]] Indonésia kayaning [[Malaysia]], [[Singapura]] jeung [[Filipina]]. Anu jadi bukti yén carita rahayat Nusantara baheula sumebar leuwih lega batan kiwari salah sahijina nyaéta aya dongéng [[Si Kancil]] (Sunda: [[Sakadang Peucang]]) anu geus kakoncara di Indonésia tapi ogé geus dipikawanoh ti baheulana di nagara [[Malaysia]]. Ogé dongéng [[Kabayan|Si Kabayan]] anu geus teu bireuk deui di wewengkon tatar Sunda, sarta istilah Kabayan ogé geus dipikawanoh ti baheulana di nagara Filipina.
 
== Wangun ==
Wangun awal carita rahayat di Indonésia mangrupa tradisi lisan anu sumebar kalawan tatalépa ti hiji lembur ka séjén lembur, tuluy ngantay cumarita ti kolot ka anakna, ti nu purah ngadongéng ka para kaum danguna.<ref name=":0" /> Kakurangan tina tradisi lisan kieu téh caritana sakapeung sok dikurangan atawa ditambahan caritaanana. Réa pisan cara nepikeun carita pantun téh, aya nu dicaritakeun pikeun dongéng méméh saré, ogé jadi [[carita pantun]], aya anu jadi [[pupuh]], atawa jadi [[Kakawihan|kakawihan barudak]]. Ngan cara nepikeun anu matak pikatajieun mah taya lian nyaéta liwat [[Seni Pintonan|seni pintonan]] [[wayang]], boh [[wayang golék]], [[wayang kulit]] atawa [[Wayang wong Priangan|wayang jalma]].
 
Papasingan carita rahayat nu sumebar di Indonésia lolobana mangrupa [[dongéng]], aya dongéng sasatoan (fabel), dongéng sasakala (légénda), dongéng mite, dongéng karuhun (sagé) sarta dongéng parabel. Sedengkeun dina pawayangan carita nu mindeng dipintonkeun nyaéta [[Ramayana]] jeung [[Mahabarata]].<ref name=":1">{{Cite web|url=http://blog.unnes.ac.id/allaboutnature/2015/11/19/pengaruh-kebudayaan-india-hindu-budha-di-indonesia/|title=Pengaruh kebudayaan India (Hindu-Budha) di Indonesia – allaboutnature|language=en-US|accessdate=2020-01-13}}</ref> Dua carita ieu geus kakoncara, sarta mangrupa carita anu sumberna ti [[India]], sok sanajan carita Ramayana jeung Mahabarata di nusantara mah jalan caritana geus teu sarua jeung nu vérsi India.<ref name=":1" />
 
== Daptar carita ==