Konten dihapus Konten ditambahkan
Ngadamel Kaca pondok
(taya bédana)

Révisi nurutkeun 14 Pébruari 2020 11.54

Kiara
Nguyupuk kawas payung (ki ara payung)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Ficus benghalensis
Ngaran binomial
Ficus benghalensis
Sinonim

Ficus procera

Ki ara; Ficus procera nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Moraceae.[1] Ki ara sok disebut langsung “kiara” mangrupa tangkal nu mimiti hirupna mibanda sipat Épifit.[2] Tayalian binih siki buah ki ara nu merentis sirungan sok bijil dina, rengat nu aya dina tangkal kai, kulit kali nu beueus, atawa liang nuaya dina tangkal, sakapeung kapanggih bijil sirung dina sela-sela tembok.[3] Di alam liar tangkal kiara kaasup tangkal kai gedé sarta mibanda umur kolot bisa ratusan taun, tangkal ki ara baheula jadi hiji tangkal nu mibanda ajén luhur utamana dipercaya sok dipikaresep tur diancikan ku karuhun jeung mahluk goib.[4]

Ciri Mandiri

Daun ki ara kelirna héjo, rubak tur heuras, wujudna semu lonyod.[5] Pucuk ki ara kelirna semu beureum ruhruy, mimiti bijil disimbutan kénéh ku salumpit lamun daun ngora geus bijil éta salumpit marurag kusorangan.[5]

Nyebar jeung ngarekahan

Sarua jeung spésiés ara nu séjén, ki ara ngahasilkeun buahna dina wujud nu mibanda struktur anu dingaranan "syconium".[6] Ieu syconium spésiés Ficus mangrupa panyumputan sarta kadaharan pikeun rupa2 gegeremet utamana éngang nu sakaligus ngabantu dina prosés pembuahan.[6]

Manuk cangkurileung jeung manuk séjén nu sok ngakan buah ki ara sacara teu langsung geus ngabantu dina nyebarkeun birih ieu tangkal.[6] Kotoran manuk nu mibanda siki ki ara bisa ragrag dimana waé, dina dahan tangkal, sela-sela batu, liang nu aya dina gawir jeung sajabana. Dimana tempatna nu beueus tur iuh siki ki ara engké baris sirungan, lalaunan bijil daun sarta akar nu baris kaluar mapay tangkal dimana manéhna jadi, tuluy kahandap nepika manggihan taneuh nanceb kajero tur ieu akar ngagedéan.[7] Lila kalilaan akarna nambah loba tur ngagedéan nepika meulit tangkan nu tadina diiluan hirup.[8][9]

Guna Jeung Mangpaat

Tangkal kiara sanajan jangkung gedé, kaina henteu loba dimangpaatkeun pikeun bahan bangunan kulantaran kurang mibanda kakuatan.[10] Kajaba buahna sok ngahaja di arah pikeun maraban sato ingon-ingon jeung kaperluan séjén.[10] Kiwari ki ara loba dimangpaatkeun pikeun papaés buruan, sagigireun henteu réwél tangal kiara bisa diréka-réka sarta bisa dijieun bonsai.[11]

Dicutat tina

  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 221. Diakses tanggal 15 pebruari 2020. 
  2. Laman, Timothy G. (1995). "The Ecology of Strangler Fig Seedling Establishment". Selbyana 16 (2): 223–9. JSTOR 41759910. 
  3. "National Tree". Know India. Government of India. Diarsipkan dari versi asli tanggal 13 February 2016. Diakses tanggal 16 January 2012. 
  4. -, Ayatrohaedi (2011). 65 = 67 Catatan Acak-acakan dan Catatan Apa Adanya. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 467. ISBN 9789794195703. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 
  5. a b "The Banyan Tree". The Lovely Plants. 14 September 2010. 
  6. a b c Serventy, Vincent (1984). Australian Native Plants. Frenchs Forest, NSW: Reed. ISBN 978-0-7301-0020-1. 
  7. Zhou Zhekun; Gilbert, Michael G. (2003). "Moraceae" (PDF). Di Zhengyi Wu; Raven, Peter H.; Deyuan Hong. Flora of China. Volume 5. pp. 21–73. ISBN 978-1-930723-27-6. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 1 September 2006. 
  8. Citakan:Cite magazine
  9. Bernet, Barbara Taylor, Paul (2016). Planet Kehidupan. Jakarta: Erlangga for Kids. p. 104. ISBN 9789790155244. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 
  10. a b Permana, Sidik (2016). Antropologi Perdesaan dan Pembangunan Berkelanjutan. Jakarta: Deepublish. p. 75. ISBN 9786024755843. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 
  11. A.S.P, Suharso (2016). Taman Rumah. Jakarta: Kanisius. p. 21. ISBN 9789796725533. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 

Tutumbu kaluar

 

[[Kategori: