Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
→‎top: clean up, added orphan tag using AWB
m Nambihkeun cutatan
Baris ka-16:
|binomial_authority = [[Roxb.]]
}}
'''Panglai''' nyaéta ngaran [[tutuwuhan]] anu asalna ti [[India]].<ref name="Sinar Grafika">Tim Kreatif. 2008. Bududaya Tanaman Obat. Jakarta:Sinar Grafika Hal. 34</ref> Panglai tumuwuh minangka [[rungkun]], jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter.<ref name="Sinar Grafika"/> [[Watang]]na mangrupa [[watang]] semu anu diwangun tina [[palapah]] [[daun]] anu teu miboga [[pakang]].<ref name="Sinar Grafika"/> Wangun [[daun]]na lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut.<ref name="Sinar Grafika"/> [[Daun]]na leuleus, ipis, tur teu buluan.<ref name="Sinar Grafika"/>
Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle ([[Aceh]]), bungle ([[Batak]]), kunyit bolai ([[Melayu]]), bengle ([[Jawa]]), pandhiyang ([[Madura]]), bangalai ([[Dayak]]), banggele ([[Bali]]), bale ([[Makasar]]), panini ([[Bugis]]), unin makei ([[Ambon]]).<ref name="Hembing">{{Cite book| last =Hembing| first = Prof| coauthors =Wijayakusuma| year = 2012| title =Atasi ASAM URAT & REMATIK ala Hembing|page=21|location=Jakarta| publisher =Niaga Swadaya| isbn =9789793833842| Url=https://books.google.co.id/books?id=Iv-kNKTtTCUC&pg=PA21&dq=gramineae+sunda&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwjl27u5rrLoAhXSb30KHdVADhsQ6AEIMzAB#v=onepage&q=gramineae%20sunda&f=false}}</ref>

==Ciri mandiri==
* [[Beuti]] panglai wangunna buleud pendék, aya buku-bukuan, dina unggal [[buku]] aya [[sirung]]an.<ref name="Sinar Grafika"/>
* [[Kulit]] luar [[warna]]na coklat ngora, upama dibeulah jerona [[warna]] konéng [[emas]].<ref name="Sinar Grafika"/>
* [[Kembang]] panglai mangrupa [[kembang]] majemuk, wangunna [[turuy]], kaluarna dina tungtung [[watang]], panjang gagangna nepi ka 20 senti.<ref name="Sinar Grafika"/> Bagian anu ngandung [[kembang]] wangunna buleud siga [[endog]], panjangna 6 nepi ka 10 sénti, lebarna 4 nepi ka 5 sénti.<ref name="Sinar Grafika"/> Panglai tumuwuh di wewengkon [[Asia]] tropika, ti [[India]] nepi ka [[Indonésia]].<ref name="sumber ka dua">[http://www.iptek.net.id/ind/pd_tanobat/view.php?id=68 Bangle] {{id}} (Diakses ping 5 November 2011)</ref> Di [[Jawa]] Panglai dibudidayakeun atawa dipelak di pakarangan dina tempat-tempat anu kasorot ku [[panonpoé]], ti [[dataran]] handap nepi ka 1.300 m dpl.<ref name="sumber ka dua"/> Panglai teu bisa dipelak dina [[taneuh]] anu kakeueum atawa bécék, tumuwuhna baris kaganggu sarta [[beuti]]na gancang buruk.<ref name="sumber ka dua"/> Beuti panglai bauna has aromatik, rasana rada pait sarta rada lada, tur ngandung minyak asiri, damar, pati jeung tanin.<ref name="sumber ka dua"/> Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngencerkeun reuhak, méré sihan getih, jeung ubar pikeun cacingan.<ref name="sumber ka duaHembing"/>
 
==Kandungan Kimia==
Panglai mibanda sababaraha sanyawa kimia : minyak astiri (sineol, pinen), damar, pati jeung tanin.<ref name="Hembing"/>
 
==Kagunaan jeung mangpaat==
Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngéncérkeun reuhak, méré sihan [[getih]], reumatik, panyakit konéng, jeung ubar pikeun cacingan.<ref name="sumber ka dua"/><ref name="Hembing"/>
 
==Referensi==