Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-4:
 
== Asal-usul Kampung Waé Rébo ==
Anu ngadegkeun déa Waé Rébo téh ngaranna Empu Maro, inyana ngawangin éta désa kira-kira 100 taun ka tukang, anu kiwari nyicingan téh turunan ka-18 na.<ref name=":1" /> Ari Empu Maro alias Empo Maro téh asalna ti Minangkabau. Inyana balayar ti Pulo Sumatra ka Labuan Bajo. Ari mimitina mah Empu Maro téh teu boga tempat cicing, tapi ahirna mah tumetep di Waé Rébo anu nepi ka kiwari masih aya.<br />
== Pakampungan di Méga Malang ==
[[Gambar:Wae rebo village, Ruteng, NTT, Indonesia.jpg|jmpl|Waé Rébo]]
Waé Rébo, aya dina dataran luhur kurang lleuwih 1200 mdpl anu dikurilingan ku pasir-pasir anu masih kénéh ngémploh héjo.<ref name=":2">{{Cite web|url=https://lifestyle.kontan.co.id/news/kampung-adat-wae-rebo-salah-satu-surga-di-bumi-flores|title=Kampung adat Wae Rebo, salah satu surga di Bumi Flores|last=Mediatama|first=Grahanusa|website=PT. Kontan Grahanusa Mediatama|language=id|accessdate=2020-06-28}}</ref> Teu anéh lamun hawana tiis jeung sok kaluar haseup bodas nu nyimbutan, nepi ka disebut ''"Perkampungan di atas awan."'' <ref>{{Cite web|url=https://travelspromo.com/htm-wisata/desa-wae-rebo-manggarai-ntt/|title=WAE REBO Info Wisata Lengkap|last=Ratih|website=TravelsPromo|language=id-ID|accessdate=2020-06-28}}</ref> Sok sanajan lokasina jauh pisan, sarta hésé pikeun dijangkow, tapi Waé Rébo kacida narik ati wisatawan, kitu deui wisatawan asing, ti nagara-nagara Éropa sabab maranéhna kataji ku disain jeung arsitéktur anu matak narik ati. Salah sahijina nyaéta wnagunan imah adatna anu wangunna siga haseupan, anu disebut Mbaru Niang.<ref name=":3">{{Cite web|url=https://www.indonesia-tourism.com/east-nusa-tenggara/wae_rebo.html|title=Wae Rebo Village|website=www.indonesia-tourism.com|accessdate=2020-06-28}}</ref> <ref>{{Cite web|url=https://travelingyuk.com/wae-rebo-2/193391|title=Wae Rebo, a Mysteriously Charming Village in Flores|website=Traveling Yuk|language=en|accessdate=2020-06-28}}</ref> Ukuranna kira-kira 12-15 méter, jangkungna kira-kira 8-10 méter.<ref name=":3" /> Hateupna dijieun tina daun lontar, anu dilapisan ku injuk sangkan weweg, sarta hateupna éta ngangsar nepi ka bagian handap wangunan.<ref name=":3" /> Di jero Mbaru Niang, umumna aya lima nepi ka geep kamar.<ref name=":2" /> Tapi imah pupuhu adat mah nepi ka dalapan kamar.<ref name=":2" /> Sok sanajan katingalina ngan saumpak, tapi wnagunan Mbaru Niang téh di jerona mah ngabogaan lima umpak kalayang pungsi anu béda. Anu utamana, umpak dasarna, digunakeun pikeun kamer saré jeung ruang tamu.<ref name=":2" /> Unggal wangunan biasana dieusian ku genep nepi ka dalapan kulawarga. Lamun urang hayang meuting di Waé Rébo, urang bisa ngéndong di salah sahiji wangunana, kalayan pasilitasna ngan ukur meunang simbut jeung bantal basajan.
 
Sajaba ti éta loba ogé kamonésan-kamonésan séjénna, upamana karajinan leungeun, hasil kopi, vanili jeung kayu manis anu dijadikeun oléh-oléh has ti Waé Rébo.<ref name=":1" /> Wanoja-wanojana biasa nyieun karajinan tina hasil tani atawa nyieun kaén tinun.<ref name=":2" /> Anu leuwih narik ati séjénna nyaéta, wisatawan bisa milu ngarasakeun kaunikan budaya, adat istiadat jeung kasoméahan masarakatna, ku cara ngéndong di pakampungan.<ref name=":1" /> Pamandangan alam anu mangrupa gunung-gunung diadumaniskeun jeung tujuh wangunan imah adat jadi suasana anu mandiri pikeun wisatawan, sarta jadi kaéndahan anu hésé digambarkeun ku kekecapan.<ref name=":2" />