Tarumanagara: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-64:
* Pakampunganana ayana di deukeut ka [[basisir]].
* Pakasabanana nyaéta [[dagang]], [[tani]], jeung [[ngala lauk]].<ref name=":0" />
 
== Pakasaban ==
Pakasaban masarakat Tarumanagara nya éta moro (sato anu dagingna didahar jeung bisa dijual, di antarana badak, gajah, penyu), miara sasatoan, tani, miara lauk, dagang, pamayang, jeung pertambangan (emas, perak, perunggu). Dina prasasti Tugu disebutkeun aya kagiatan rongkah pikeun alam harita, nya éta nyieun saluran cai (walungan) anu panjangna kurang leuwih 12 kilométer. Eta walungan téh ngaliwat ka palebah karaton éyangna di puseur dayeuh sarta brasna nepi ka laut (nu ayeuna disebut Laut Iawa). Tina éta katerangan, bisa digambarkeun yén pakasaban masarakat Tammanagara téh tatanén, moro, ngingu sasatoan, buniaga, jeung balayar. Harita béas, gula kawung, cula badak, gading gajah, jeung kulit penyu geus jadi barang dagangan. kapanggihna huut badag nu dijadikeun campuran pikeun nyieun Batu bata dina Candi Batujaya jadi gambaran yén melak paré geus ti alam harita kénéh.
 
== Titinggal ==
Titinggal mangsa ieu nya éta prasasti, candi jeung barang, barang séjénna. Dina Wikipédia bahasa Indonesia ditataan situs ieung artefak nu kapanggihna.
 
* Kampung Muara: ménhir (3), batu dakon (2), area batu nu teu huluan, struktur batu walungan, kuburan (heubeul).
* Ciampéa: arca gajah (batu) tapi geus ruksak pisan.
* Gunung Cibodas: arca tina batu kapur, tilu arca nu keur diuk, arca raksasa, arca déwa, arca Dwarapala, arca Brahma diuk dina luhur soang (Wahana Hamsa) jeung dilengkepan ku padmasana, Arca (nangtung), jeung Arca singa (perunggu) (Mus.Nas.no.771).
* Tanjung Barat: Arca Siwa (diuk) perunggu (Mus.Nas.no.514a).
* Tanjungpriok: Arca Durga-Kali Batu granit (MusNas. no.296a).
* Cilincing: sesemplékan.
* Buni: perhiasan emas dina pariuk, pariuk, baliung, logam perunggu, logam beusi, geulang kaca, manik-manik tina batu jeung kaca, tulang-taléng manusa, jeung gagarabah.
* Batujaya: rupa-rupa candi, arca, rorongkong, bekel kubur perhiasan, gagarabah.
 
== Organisasi sosial ==
Dina jaman prasajarah mah sistim organisasi sosial téh masih kénéh basajan, wujudna samar-samar. Tapi dina mangsa Karajaan Tarumanagara mah geus ngaganggélék jadi karajaan anu wewengkonna leuwih lega, anggota masarakatna leuwih loba, jeung susunan (struktur) organisasina leuwih loba unak-anikna (kompléks). Kitu deui pamingpinna geus jinek kalungguhan, pancén, wewenang, hak, jeung cara milihna. Pamingpinna disebut raja ari organisasi sosialna disebut karajaan. Hiji anggota masarakat disebut raja ku lantaran kaunggulan dirina, boh kapinteranana, kakuatanana, kakayaanana, pangalamanana, boh loba nu nganutna. Tapi sanggeus jadi raja, turunanana terus nyekel kalungguhan raja. ladi, saterusna sistim gunta-ganti raja dumasar konsép turunan.
 
Ti harita muncul puseur dayeuh minangka puseur nagara (karajaan), puseur pamaréntahan. Raja tetep-tumetep di puseur dayeuh, nyicingan hiji wangunan nu dianggap lambang puseur nagara. Eta wangunan disebut karaton. Eta anggapan téh dumasar kana konsép yén karajaan téh mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos buana pancatengah, puseur dayeuh mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos karajaan, sarta karaton mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos puseur dayeuh karajaan.
 
Lantaran aya tingkatan sosial tangtu aya hancengan pagawéan di masing-masing anggota masarakatna. Lian ti éta aya oge stratifikasi sosial dumasar luhur-handapna kalungguhan jeung pagawéanana, nya éta nu disebut kasta. Antara kasta téh henteu bisa pacampur hirup kumbuhna. Eta kasta téh nya éta:
 
* Kasta brahmana anu ngawengku kaom agama anu hirup kumbuhna sagemblengna pikeun kapentingan katut anu aya patalina jeung kahirupan agama;
* Kasta ksatria, anu nyekel tur ngatur kakawasaan atawa pamaréntahan;
* Kasta wésya, anu ngawengku rayat nu miboga pacabakan nu mandiri, jeung
* Kasta sudra, anu henteu miboga hak hirup sacara wajarr tegesna masarakat butitina
 
== Rujukan ==