Kabupatén Pidie: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Nyieun kaca anyar '''Kabupatén Pidie''' nya éta kabupatén nu asup ka wewengkon propinsi Acéh.<ref name=":0">{{Cite book|title=Permendagri No. 72 Tahun 2019|url=http://archive....
 
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-7:
 
=== Kahirupan Mangsa Pedir / Poli ===
Numutkeun M. Junus Jamil dina bukuna "Silsilah Tawarick Radja-Radja Kerajaan Acéh" nyebatkeun ogé ngeunaan sajarah Nagara Pidie / Sjahir Poli.<ref name=":1">{{Cite web|url=http://pidiekab.go.id/2019/01/pahlawan-pidie/|title=PAHLAWAN PIDIE|website=Pemerintah Kabupaten Pidie|language=id-ID|accessdate=2021-03-08}}</ref> [[Karajaan]] ieu digambarkeun minangka dataran handap nu luas kalawan taneuhna nu subur, nepi ka kahirupan di sakuliah nagara makmur.<ref name=":1" /> Wates karajaana sorangan ngawengku:<ref name=":1" />
 
# Beulah wétan nya éta [[Samudera Pasai|Karajaan Samudra / Pasai]]
# Beulah kulon nya éta [[Acéh Darussalam|Karajaan Acéh Darussalam]]
# Beulah kidul nya éta pagunungan
# Beulah kalér nya éta [[selat Malaka]]<ref name=":1" />
 
Dina kisah lalayaran bangsa [[Portugis]], maranéhna nyebut Pidie téh Pedir.<ref name=":1" /> Sedengkeun dina kisah lalayaran bangsa [[Républik Rahayat Tiongkok|Tiongkok]] nyebut Pidie téh '''Poli'''.<ref name=":1" /> Asumsi mangsa harita nya éta urang [[Tiongkok]] teu bisa nyebutkeun kecap Pidie sakumaha urang nyebutkeun.<ref name=":1" /> Dina catetan [[Tiongkok]] disebutkeun yén Karajaan Pedir luasna 100 x 200 mil atawa 50 poé lamun lalampahan ti wétan ka kulon jeung 20 poé lamun lalampahan ti kalér ka kidul.<ref name=":1" /> Dina buku ogé disebutkeun yén séké sélér nu nempatan karajaan éta nya éta asalna ti '''Mon Khmer''' nu datangnna ti [[Asia Kidul Wétan|Asia Tenggara]] nya éta ti nagara [[Campa]].<ref name=":1" /> Séké sélér ieu datang ka Poli sababaraha abad saméméh maséhi.<ref name=":1" /> Rombongan ieu dipingpin ku '''Sjahir Pauling''' nu saterusna dipikawanoh ku '''Sjahir Poli'''.<ref name=":1" />
 
Maranéhna tuluy ngahiji jeung masarakat nu leuwih tiheula nempatan wewengkon éta.<ref name=":1" /> Sanggeus balabuh jeung netep di wewengkon éta, Sjahir Poli tuluy ngadegkeun karajaan nu dingaranan [[Karajaan Sama Indra]].<ref name=":1" /> Mangsa harita maranéhna masih ngagem ageman [[Buddha|Budha Mahayana]] atawa [[Himayana]] tuluy disebutkeun ti agama éta asup ogé pangaruh [[Hindu]].<ref name=":1" /> Sanggeus éta [[Karajaan Sama Indra]] runtag jadi sababaraha karajaan leutik salasahijina [[Karajaan Indra Purwa]] ([[Lamuri]]) jadi [[Karajaan Indrapuri]], [[Indrapatra]], [[Indrapurwa]] jeung [[Indrajaya]] nu dipikawanoh minangka [[karajaan Panton Rie]] atawa [[Kantoli]] di [[Lhokseudu]].<ref name=":1" /> Mangsa harita [[Karajaan Sama Indra]] boga musuh [[Karajaan Indrapurba]] ([[Lamuri]]) di beulah kulon jeung [[karajaan Plak Plieng]] ([[karajaan Panca Warna]]) di belah wétan.<ref name=":1" />
 
Di abad ka-14 maséhi masarakat [[karajaan Sama Indra]] geus pindah ageman ti kawitna [[Hindu]] [[Buddha]] jadi [[Islam]] sanggeus karajaan diserang ku [[karajaan Acéh Darussalam]] nu dipingpin ku [[Sultan Mansyur Syah]] (1354 - 1408 M).<ref name=":1" /> Saterusna pangaruh [[Islam]] nu dibawa ku urang [[karajaan Acéh Darussalam]] terus ngagerus kayakinan ageman [[Hindu]] jeung [[Buddha]] di wewengkon éta.<ref name=":1" /> Nalika [[karajaan Sama Indra]] taluk ka [[karajaan Acéh Darussalam]], [[Sultan Mahmud II Alaiddin Johan Sjah]] ngangkat raja [[Husein Sjah]] minangka sultan ngora di nagara Sama Indra nu statusna otonom di handap [[karajaan Acéh Darussalam]].<ref name=":1" /> [[Karajaan Sama Indra]] tuluy ganti ngaran jadi [[Karajaan Pedir]] anu kalilaan jadi Pidie sakumaha nu dipikawanoh ayeuna.<ref name=":1" /> Sanajan minangka karajaan otonom, peran raja nagara Pidie bisa disebut penting pisan.<ref name=":1" /> Ieu dibuktikeun yén unggal kaputusan [[Majelis Mahkamah Rahayat Karajaan Acéh Darussalam]], sultan moal méré cap [[Geulanteu]] (stempel halilintar) saméméh meunang kasatujuan ti [[Laksamana Raja Maharaja Pidie]].<ref name=":1" /> Maharaja Pidie jeung [[Ulee Balang Syik]] di [[Karajaan Acéh Darussalam]] boga hak ngatur wewengkon kakawasaanna numutkeun putusan balé rahayat nagarana séwang-séwangan<ref name=":1" />.
 
Prof. D. G. E Hall ti Inggris ngaliwatan bukuna "'''''A History of South East Asia'''''" ngagambarkeun Pidie minangka hiji nagara nu maju di ahir abad ka-15.<ref name=":1" /> Hal éta dumasar ana catetan urang [[Portugal]] Ludovico di [[Varthema]] nu kungsi datang ka Pidie di ahir abad ka-15.<ref name=":1" /> Dina catetan [[Varthema]] sakumaha disalin ku [[Muhammad Said]] (Pangarang Buku Acéh Sapanjang Abad) dina "Wajah [[Acéh]] dina Lintasan Sajarah" di abad éta Pedir masih disebut nagara Pedir nya éta salasahiji nagara maju nu unggal tahun didatangan sakurang kurangna 18 nepi ka 20 kapal asing pikeun ngangkut [[lada]] nu saterusna diangkut ka [[Tiongkok]].<ref name=":1" /> Ti palabuan Pedir ogé diekspor [[menyan]] jeung [[sutra]] produksi masarakat Pidie dina jumlah nu loba.<ref name=":1" /> Sabab éta ogé, loba nu datang ti bangsa asing pikeun badagang ka palabuan Pedir.<ref name=":1" /> Hal éta nu ngalantarankeun ngaronjatna ékonomi warga palabuan mangsa harita. [[Varthema]] ngagambarkeun yén di jalan deukeut palabuan Pedir aya 500 urang nu bisa nukeur mata uang asing.<ref name=":1" /><blockquote>'''''“So extensive was it's trade, and so great the number of merchants resorting there, that one of it's street contain about 500 honderd moneychanger,”-Varthema'''''</blockquote>[[Vartema]] ku [[Muhammad Said]] disebutkeun sarua siga Snouck Horgronje sabab agemana [[Islam]] pikeun tujuan panalungtikan ngeunaan dunya [[Muslim]].<ref name=":1" /> Saméméh ka Pedir, manéhna ogé geus diajar élmu kaislaman di [[Mekkah]].<ref name=":1" /> Dina catetana Varthema nyebutkeun ahéng ka nagara Pedir mangsa harita sabab geus maké duit [[emas]], [[pérak]] jeung [[tambaga]] minangka alat jual jeung meuli, sarta aturan hukum nu geus jalan kalawan hadé nu disebutna "''Strict Administration of Justice''".<ref name=":1" /> Iwal ti éta Varthema ogé nuliskeun ngeunaan kapal-kapal pamayang gedé disebutna [[tongkang]] nu boga dua kamudi.<ref name=":1" /> Manéhna ogé nalungtik kalawan rinci ngeunaan kaahlian di widang [[industri]] rahayat Pedir nu geus bisa nyieun sanjata api.<ref DInaname=":1" /> Dina riwayat [[Tiongkok]] disebutkeun yén taun 413 Maséhi, musafir [[Tiongkok]] Fa Hian ngadatangan Yeep Po Ti jeung singgah di Poli.<ref name=":1" /> Fa hian nyebutkeun yén Poli téh nagara makmur, rajana boga kendaraan [[gajah]], boga pakéan [[sutra]] kalawan mahkota [[emas]].<ref name=":1" /> Pikeun ngajalin hubungan diplomatik jeung [[Tiongkok]], Raja Poli di taun 518 maséhi ngirimkeun utusana ka [[Tiongkok]].<ref name=":1" /> Hubungan ieu terus lumangsung nepi ka taun 671 maséhi, '''I Tsing''' ti [[Tiongkok]] ngadatangan Poli.<ref name=":1" /> Disebutkeun dina catetan manéhna cicing di nagara éta salila lima taun jeung cicing di genep karajaan basisir [[Sumatra|Sumatera]] ngawitan ti [[Karajaan Lamuri]] ([[Acéh Besar]]), Poli (Pidie), [[Samudera Pasai|Samudra jeung Pasai]] ([[Acéh Kalér]]), [[Pereulak]] ([[Acéh Wétan]]) jeung Dangroian.<ref name=":1" />
 
Poli minangka Pidie mangsa kiwari numutkeun H. M. Zainuddin dina bukuna "Tarikh Acéh jeung Nusantara" disebutkeun ku ahli sajarawan kuno Winster minangka hiji nagara nu makmur jeung jaya.<ref name=":1" /> Numutkeun manéhna sanggeus [[Karajaan Sriwijaya|Sriwijaya]] jeung [[Samudera Pasai|Pasai]], Poli minangka bandar palabuan nu kawéntar, Palabuan Poli disebut boga bentuk genting atawa ku H. M. Zainuddi disebutna muhara nu ayeuna dipikawanoh ku [[Kuala Batee, Acéh Kidul Kulon|Kuala Batee]].<ref name=":1" /> Numutkeun Varthema sumber Portugis nyebutkeun yén [[Sultan Ma'ruf Syah Raja Pidie]] (Pedir, Sjir, Duli) kungsi ngaéréh Acéh Besar di taun 1479.<ref name=":1" /> Mangsa harita diangkat dua wawakil ti Acéh nu hiji di Acéh sedengkeun nu hiji deui di Daya.<ref name=":1" /> Mimitina Pidie diéléhkeun ku Raja Acéh Besar jeung di éréh ku Wali Nagara (Gubernur) di Pidie nya éta Raja Ali jeung adina Ibrahim.<ref name=":1" /> Tuluy Raja Ibrahim nu jadi Wali Nagara Raja Acéh di Pidie.<ref name=":1" /> Kalawan paréntah lanceukna, nyerbu bénténg [[Portugis]] nu karek pisan diwangun di [[Kuala Gigieng]].<ref name=":1" /> Carita séjén nyebutkeun yén [[Kuta Asan]] Pidie nya éta urut dayeuh nu diwangun ku [[Portugis]].<ref name=":1" /> Saterusna kalawan sanjata nu dicokot ti [[Portugis]], Raja Pidie nyerang Raja Acéh Besar taun 1514 kalawan [[Sultan Salahuddin Ibnu Muzzaffar Syah]] diturunkeun ti tahta.<ref name=":1" /> Raja Ali naék jadi raja kalawan gelar Sultan Ali Mughayat Syah jeung adina Raja Ibrahim jadi Laksamana.<ref name=":1" />
 
=== Aspek Sosial Ekonomi ===
Kahirupan mangsa harita nya éta tatanén kalawan panén lumangsung dua kali sataun.<ref name=":2">{{Cite book|title=Sejarah Daerah Propinsi Daerah Istimewa ACEH|first=Pencatatan Kebudayaan Daerah|publisher=Direktorat Jenderal Kebudayaan|year=1977|location=Jakarta|last=Proyek Penelitian dan}}</ref> Disebutkeun ogé nagara ieu subur dibuktikeun ku tumuwuhna tangkal kayu nu héjo.<ref name=":2" /> Nagara ieu ngahasilkeun ogé jenis batu mulia nu ku urang [[Tiongkok]] disebut ku istilah [[kampara]].<ref name=":2" /> Laut di nagara Poli loba ngahasilkeun jenis [[kerang]] jeung [[lauk]].<ref name=":2" /> Hasil istiméwa nu kungsi dibawa ka [[Tiongkok]] nya éta [[Béo|manuk béo]] nu dingaranan manuk Siri (''gracula religiosa'').<ref name=":2" /> Pasar dibuka nepi ka peuting jeung jalan di nagara ieu luas jeung bersih.<ref name=":2" /> Papakéan nu dipaké rahayatna nya éta kupa ([[kapas]]) kalawan pakéan nu alus disebut ''t'iek''.<ref name=":2" /> Ti jenis upeti nu dikirim ka nagara [[Tiongkok]] ku raja Poli kalawan ngaran Pin-ka di taun 523 dipikawanoh ogé hasil séjén ti Poli nya éta [[Ékék|manuk kakatua bodas]], parabot imah ti [[gelas]], pakéan [[katun]], [[cangkir]] nu dijieun ti [[karang laut]], [[minyak seungit]], [[obat]] jeung sajabana.<ref name=":2" />
 
== Géografi ==
 
=== Luas jeung Wates Wewengkon ===
Luas wewengkon Kabupatén Pidie nya éta 3.567,14 km<sup>2</sup>. Kalawan wates wilayahna sakumaha ieu di handap:<ref name=":3">{{Cite web|url=https://pidiekab.bps.go.id/publication/2021/02/26/ddf4b505ce2160e2b4f6487f/kabupaten-pidie-dalam-angka-2021.html|title=Badan Pusat Statistik|website=pidiekab.bps.go.id|accessdate=2021-03-08}}</ref>
{{Wates KWKK|kalér=[[Selat Malaka]]|wétan=[[Kabupatén Pidie Jaya]] jeung [[Kabupatén Bireuen]]|kidul=[[Kabupatén Acéh Kulon]] jeung [[Kabupatén Acéh Jaya]]|kulon=[[Kabupatén Acéh Besar]]}}
 
=== Kacamatan ===
[[Kacamatan]] di Kabupatén Pidie nya éta 23 [[kacamatan]] kalawan daptarna sakumaha ieu di handap:<ref name=":3" />
{| class="wikitable"
!No