Johannes Latuharhary: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilham AG (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Ilham AG (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-9:
 
Sabada lulus ti HBS, Johannes meunangkeun béasiswa ti dana amal Ambonsch Studiefonds nepi ka bisa diajar élmu hukum di [[Universitas Leiden]].<ref name=":1" /> Di Leiden, manéhna jadi putra daérah Maluku munggaran nu meunangkeun gelar Meester in de Rechten (Mr.) dina sasih Juni 1927. Lian ti diajar hukum, Johannes ogé loba gaul jeung anggota Perhimpunan Indonesia di ditu siga [[Ali Sastroamidjojo]] jeung [[Iwa Kusuma Sumantri|Iwa Kusumasumantri]], sanajan manéhna teu daptar jadi anggota sacara resmi.<ref name=":0" /> Saprak balik ti Leiden, Johannes geus jadi saurang pejuang pikeun persatuan jeung kamerdékaan Indonésia.<ref name=":0" />
 
== Karir ==
 
=== Jaman Walanda ===
Nalika balik ka Indonésia, Johannes diangkat jadi asisten hakim di Pengadilan Tinggi Surabaya bekel rekoméndasi ti dosenna Cornelis van Vollenhoven. Tuluy manéhna diangkat jadi hakim di Surabaya saacan dina taun 1929 Johannes ditunjuk jadi hakim ketua di pengadilan negeri di Kraksaan, Probolinggo. Dina ieu mangsa, Johannes gabung jeung organisasi pemuda perantauan Ambon di Jawa, Sarekat Ambon (SA), sarta ngajabat salaku ketua redaksi surat kabar organisasi SA, nyaéta ''Haloean''. Johannes nyobaan pikeun ngadaptarkeun SA minangka organisasi resmi saprak taun 1930, sanajan ''permohonannya'' karak ditarima dina taun 1933. Ku lantaran déprési pedah perékonomian dunya harita, Johannes ngadegkeun hiji koperasi pikeun para perantauan ti Maluku.
 
Dina jaman harita, sababaraha anggota SA ngusulkeun sangkan SA gabung ka Pemufakatan Perhimpunan-perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia (PPPKI) nu ngawadahan sababaraha organisasi pergerakan nasional di tingkat daérah nepi ka nasional (Indonésia). Tapi, Johannes miboga kamandang yén organisasi kaagamaan siga [[Sarekat Islam (SI)]] teu sakuduna milu dina kagiatan politik, nepi ka manéhna nolak SA ilubiung dina kagiatan PPPKI. SA tetep gabung ka PPPKI dina taun 1932. Dina sasih Januari taun éta, Johannes biantara dina kongres PPPKI kalayan judul ''Azab Sengsara Kepoelauan Maloekoe'' nu miboga téma penjajahan dina widang ékonomi nu dilakukeun ku [[Vereenigde Oostindische Compagnie (VOC)]], tuluy pamaréntah [[Walanda]]. Ieu biantara dimedalkeun minangka hiji buku nu ''dibredel'' pamaréntah kolonial. Dina karya tulisna, manéhna ogé ngomén kana sistim sistem pendidikan Walanda di Maluku nu dituduh miboga tujuan pikeun nyieun pagawé negri, tantara, jeung pelaut pikeun pamaréntah kolonial. Kamandang Johannes pikeun nagara Indonésia sanggeus merdéka ngawangun hiji nagara serikat, sajalan jeung kamandang tokoh-tokoh lianna siga [[Sam Ratulangi]], [[Tan Malaka]], atau [[Mohammad Hatta]].
 
Ku lantaran aktifitas anti-kolonial Johannes, manéhna dibéré pilihan ku pamaréntah Walanda: mundur salaku hakim atawa eureun milu pergerakan kamerdékaan. Johannes mutuskeun pikeun mundur salaku hakim sarta pindah haluan jadi pangacara. Ieu kaputusan ngabeuratkeun ékonomi kulawargana – salaku hakim ketua, manéhna digajih 750 gulden nu kawilang gedé jaman harita, tapi teu loba ditabung lantaran béak dipaké donasi ka Sarekat Ambon jeung béasiswa manéhna (Ambonsch Studiefonds). Sanajan kitu, manéhna jadi pangacara nu kawilang kasohor di Jawa Timur sanggeus berhasil mertahankeun hak lahan petani lokal ti pabrik gula, sarta manéhna kapilih jadi anggota ''Regentschapsraad'' (sarua jeung Dewan Perwakilan Rakyat Daérah tingkat Kabupatén) di Probolinggo taun 1934. Tuluy, manéhna jadi DPRD Provinsi Jawa Timur (''Provinciale Raad'') nepi ka taun 1942.
 
Johannes jadi pupuhu munggaran Jong Ambon, sanggeus organisasi éta diadegkeun dina taun 1936. Manéhna ogé milu dina pemilihan umum anggota Volksraad ngawakilan Ambon dina taun 1939 kalayan kampanyeu dumasar sentimén nasionalismé, sabari ngawangun sababaraha cabang anyar pikeun SA. Tapi, manéhna gagal meunangkeun korsi kursi lantaran éléh ku salah saurang caleg katurunan bangsawan anggota ''Regentenbond''. Johannes ahirna mah jadi anggota Partai Indonesia Raya (Parindra).
 
== Daptar Rujukan ==