Kota Surabaya: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Walikota anyar
Tag: Édit visual Éditan sélular Éditan wéb HP
m ngaganti "téh"
Baris ka-41:
Buktos sajarah nunjukkeun yen Surabaya tos aya jauh saacan jaman kolonial, sakumaha anu katuliskeun dina [[Prasasti trowulan|prasasti Trowulan]] I, taun 1358 Masehi. Dina prasasti eta disebutkeun yen Surabaya (''Churabhaya'') masih keneh desa di sisieun walungan Brantas. Desa ieu oge jadi salah sahiji tempat penyeberangan anu penting di sepanjang daerah aliran walungan Brantas. Surabaya oge dicatet dina pujasastra [[Kakawin Nagarakretagama]] nu ditulis ku Empu Prapanca. Eusina nyaritakeun lalampahan [[Raja Hayam Wuruk]] tahun 1365 Masehi dina pupuh XVII (pada kalima, baris terakhir).
 
Sanajan buktos tinulis anu pang kolotna nyatetkeun yen Surabaya tos aya tahun 1358 M (Prasasti Trowulan) jeung 1365 M (Nagarakretagama), para ahli sajarah ngaduga yen wilayah Surabaya tos aya samemeh taun-taun kasebut. Budayawan Surabaya kebangsaan Jerman, Von Faber, nyebutkeun yen Surabaya didirikeun taun 1275 M ku Raja Kertanegara minangka pamatuhan anyar keur para prajuritna anu berhasil ngelehkeun pambarontak Kemuruhan taun 1270 M. Pendapat sejenna nyebutkeun yen Surabaya baheulana tehtéh hiji daérah anu dingaranan Ujung Galuh.
 
Versi sanesna nyebutkeun yen Surabaya asalna tina carita minangka gelutna Adipati Jayengrono jeung Sawunggaling. Cenah, saparantos ngelehkeun pasukan [[Kekaisaran Mongol]] utusan [[Kubilai Khan]] atawa anu kasohor ku [[pasukan Tartar]] nu dipimpin ku anjeuna, Raden Wijaya ngadegkeun keraton di daerah Ujung Galuh tuluy nempatkeun Adipati Jayengrono jadi pamingpin daerah eta. Lila-kalilaan kusabab ngagaduhan elmu buaya, Jayengrono jadi mingkin kuat tur mandiri dugi ka ngancam kadaulatan Kerajaan Majapahit. Jang naklukeun Jayengrono, Sawunggaling anu ngagaduhan elmu sura diutus keur nyinghareupan anjeunna. Kajadian adu kasaktian ieu aya di sisieun Kali Mas, di wilayah Penéléh. Gegelutan ieu lumangsung salami tujuh dinten tujuh wengi, tapi akhirna tragis margi dua pendékar ieu pupus kusabab séépeun tanaga.