Mang Koko: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Mssetiadi (obrolan | kontribusi)
Ananta G (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
'''Haji Koko Koswara''', nénéhna '''Mang Koko''', lahir di [[Indihiang, Tasikmalaya|Kacamatan Indihiang]], [[Kota Tasikmalaya|Tasikmalaya]], 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti [[Kasultanan Banten|Sultan Banten]] ([[Sultan Hasanuddin]]). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu [[Yayasan Cangkurileung]]) sareng [[Ida Rosida]] (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di
Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti [[HIS]] (1932), [[MULO]] Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana ([[Islam]]).
 
Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, [[Paguyuban Pasundan]], ''De Javasche Bank''; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian [[Suara Merdeka]], Jawatan Penerangan [[Jawa Kulon|Propinsi Jabar]], guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di [[ASTI]] (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.
 
=== Bakat seni sareng karya-karyana ===
 
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku [[juru mamaos]] [[Ciawian]] jeung [[Cianjuran]]. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli [[karawitan]] Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Radén [[Mahyar Anggakusumadinata]] (musikolog).
 
Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: [[Jenaka Sunda "Kaca Indihiang"]] (1946), [["Taman Murangkalih"]] (1948), [["Taman Cangkurileung"]] (1950), "[[Taman Setiaputra]]" (1950), "[[Kliningan Ganda Mekar]]" (1950), "[[Gamelan Mundinglaya]]" (1951), jeung "[[Taman Bincarung]]" ([[1958]]).
 
Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "[[Yayasan Cangkurileung]]" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "[[Swara Cangkurileung]]"
(1970-1983).
 
Baris ka-16:
Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.
 
Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng [[gending karesmen]]. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "[[Si Kabayan]]", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "[[Nyai Dasimah]]".
 
=== Pangajén ka Mang Koko ===