Gunung Sunda: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Baris ka-42:
Ceuk para ahli [[geologi]] jeung ahli [[geografi]], di antara gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji [[lengkob]] anu ngarupakeun dasar kaldera anu disebut dasar kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya [[Situ Lembang]], anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti [[Lawangangin]] terus melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera Gunung Sunda (purba).
 
[[Image:KalderaSunda.jpg|centerthumb|[[GambarMeunang ieunyeken meunang ngedit ti gambar rekonstruksi gunung Sunda dinatina buku Sundalana Seri 6, terbitan taun 2007, Bab Dano Bandung Purba]]]]
 
Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya [[congcot]] nu dingaranan Gunung Sunda, luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah geulang dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.
 
[[Image:Gunungsunda.jpg|centerthumb|[[GambarMeunang ieunyeken meunang ngedit ti gambar rekonstruksi gunung Sunda dinatina buku Sundalana Seri 6, terbitan taun 2007, Bab Dano Bandung Purba]]]]
 
 
Bisa jadi luhur Gunung Sunda (purba) nu sabenerna leuwih ti taksiran eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan ayeuna congcot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji gunung.