Sajarah éjahan basa Sunda: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
Éjahan [[basa Sunda]] robah ti mangsa ka mangsa. Nepi ka kiwari aya sababaraha éjahan anu kungsi dipaké dina basa Sunda. Upama disusun tur dipedar sacara kronologis, bisa kieu:
 
Taun 1912: Terbit buku ngeunaan éjahan basa Sunda anu judulna Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku [[Aksara Sunda]] jeung Aksara Walanda, beunang D. K. Ardiwinata, anu dikaluarkeun ku Commisie voor de Volkslectuur (Komisi Bacaan Rayat). Eta éjahan téh suméndér kana éjahan Ch. Van Ophuysen, sarta dipaké nepi ka taun 1947.
 
Taun 1952: Dina Kongrés Basa Sunda, Surawidjaya ngasongkeun prasaran ngeunaan ” Éjahan Basa Sunda ku [[Aksara Latén”Latén]]” Malah taun 1956 éta prasaran téh dipedar deui ku R. I. Adiwidjaya. Sanajan kitu, pamaréntah can bisa ngesahkeun éta hasil. Ari alesanana, lantaran éjahan basa Indonesia ogé can puguh kumaha-kumahana.
 
Taun 1959: Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) ngaropéa sarta ngesahkeun ”Éjahan Basa Sunda ku Aksara Latén”. Ieu éjahan téh diluyukeun jeung Éjahan Suwandi anu dipaké dina basa Indonesia.
Baris ka-9:
Taun 1974: Medal buku Pedoman Umum Ejaan Bahasa Sunda yang Disempurnakan, anu dikaluarkeun ku Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa di Jakarta. Éta éjahan ngindung kana Pedoman Umum Éjahan Bahasa Indonesia yang Disempurnakan anu kaluar taun 1972.
 
Taun 1989: Dumasar kana hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988, Jurusan Basa jeung Sastra Sunda (Jurusan Basa jeung Sastra Daerah, ayeuna), FPBS [[IKIP Bandung]], nyusun jeung medalkeun Palangeran Éjahan Basa Sunda. Eusina ngalengkepan éjahan basa Sunda saméméhna. Éta éjahan téh dipaké nepi ka kiwari.<ref>{{Citation
| last = Tamsyah, Spk.
| first = Budi Rahayu