Awi bitung
Awi bitung, Dendrocalamus asper
ti daérah, Sukowidi, Panekan, Magetan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
D. asper
Ngaran binomial
Dendrocalamus asper
(Schult.f.) Backer ex Heyne[1][2]
Sinonim
  • Arundarbor aspera Rumph.[3]
  • Arundo piscatoria Lour.
  • Bambusa aspera Schult.f. (basionym)[4]
  • Bambusa bitung Schult.f.
  • Bambusa flagellifera Griff. ex Munro (nom.inval.)
  • Schizostachyum loriforme Munro (nom.inval.)

sinonim langkung lengkep aya di The Plant List[5]

Awi bitung atawa bitung (Dendrocalamus asper) nyaéta awi anu tangkalna mibanda ukuran leuwih badag, kaasup kana kulawarga Poaceae.[6][7] [8]


Awi bitung mibanda sababaraha ngaran saperti bambu betung, buluh petung (Mly.); bulu botung (Bat.); oloh otong (Gayo); triĕng bĕtong (basa Acéh); léwuo guru (basa Nias); bambu batuĕng (basa Minangkabau); pĕring bĕtung (basa Lampung); pring pĕtung, dĕling pĕtung, jajang bĕtung (basa Jawa); pĕréng pĕtong (bahasa Madura); tiing pĕtung (bahasa Bali); bulo patung, b. patong (basa Makassar); awo pĕtung (basa Bugis); au pĕtung (Solor); bambu swanggi (Banda), betong (Manggarai, Florés, NTT).[3] Dina basa Inggris awi bitung disebut rough bamboo atawa giant bamboo.[7].


Pedaran édit

 
Awi bitung hirup sisi gawir

Tangkalna ngadapur; iwungna hideung semu gandaria, disimbutan ku bulu-bulu (miang) kelirna coklat aya ogé anu hideung.[3] Tangkalna kawilang badag, panjang bukuna 40-50 cm buleudan tangkalna 12-18(-20) cm, jangkung tangkal ti puhu nepi ka tungtung kurang leuwih 20 m ka tungtungnakeun melenod; kelir tangkalna héjo, héjo kolot, aya ogé anu héjo semu gandaria.[9] Buku-bukuna barijil akar tapi henteu manjangan anu katelah akar udara.[9] Kandel tangkalna 11 nepi ka 36 mm.[7]

Salumpitna kawilang badag, lk. 50 × 25 cm,[7] disimutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat kolot nepi ka hideung; tungtung salumpit ngaringkél panjangna 7 mm palapah daunna segitilu palebah handapna ngaleutikan.[9] Daun dina régan mibanda palapah anu lokos kelirna konéng ngora tur buluan, 2 mm, daun salambar 15-30(-45) × 1-2,5(-8,5) cm.[9]Beulah handap keusrak; cupat daunna pondok .[7]

Kembangna bijil ngaranggeuy tina tungtung dahan anu henteu mibanda daun spikelet.[9] Spikelet ngawangun elipsoid, 6-9 × 4-5 mm, rada gepéng ka gigir, dieusi ku 1-2 gluma jeung 4-5 ''floret''.[7]


Tempat hirup édit

Awi bitung ditaksir asalna ti wewengkon Asia Tenggara.[7]Kiwari tangkal awi bitung méh bisa kapanggih di unggal daérah di Asia tropis.[7] Ogé kapanggih dinagara séjéna saperti Ghana, Benin, Kongo, Kenya, jeung Madagaskar.[7]Tangkal awi bitung nyebar nepika dataran anu mibanda 1.500 m dpl.[7] Di Taman Nasional Gunung Gede Pangrango awi bitung masih kénéh kapanggih hirup di dataran 1.910 m dpl.[10]

Awi bitung hirup kalawan subur utamana dina taneuh anu jemlék sok sanajan bisa Jadi ogé dina dataran anu garing boh di pagunungan anapon di tegalan.[9] Awi bitung bisa hirup kalawan subur di daérah anu luhurna 400–500 m tina beungeut cai laut (dpl) ogé di daérah anu mibanda hujan dina sataun rata-rata 2.400 mm.[7]Awi bitung bisa hirup dina sagala rupa taneuh, tapi bakal leuwih hadé umpama hirup dina taneuh jemlek.[7] Kasorot ku panon poé, suhu pang tiisna dina 25 °F.[11]

Mangpaat édit

Awi bitung geus dimangpaatkeun pikeun : kontruksi, tihang imah, parahu, rakit, sasak, jeung sajabana. [3][12] Dina kaayaan garing awi gombong leuwih kuat jeung awét, dina kadar cai 8% kapadetan kaina kurang leuwih 0,7-0,8 g/cm³.[7]Dina kaayaan kadar cai 15%, kakuatan kai awi bitung mangsa dipotongkeun 103 N/mm²; kakuatan nahan mangsa nahan beurat sajajar jeung urat tangkalna 31&nbsp.[9]

Awi bitung biasa ogé dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kabutuhan : Kuluwung, lodong cai, lahang, waditra, furnitur, parabot rumah tangga, bubur kertas, sumpit, tusuk gigi, jeung sajabana.[12][7][13] [9]

Iwung Awi bitung mah kawilang badag, rasana ogé henteu pait malahan rada amis anu matak loba anu mikaresep. [3] Pikeun diolah jadi acar, sayuran, bahan pikeun iwung kaléngan, iwung awi bitung mibanda kualitas anu hadé dibandingkeun jeung iwung awi séjén.[7]

Tempo ogé rupa-rupa awi édit

  1. Awi wulung
  2. Awi bunar
  3. Awi surat
  4. Awi haur
  5. Awi buluh
  6. Awi temen
  7. Awi tali
  8. Awi krisik
  9. Awi tamiang

Daptar pustaka édit

Dicutat tina édit

  1. Heyne, K.. 1927. De Nuttige Planten van Nederland-Indie ed. 2, 1: 301. Buitenzorg :Dept. van Landbouw.
  2. Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa. Amsterdam :Elsevier.
  3. a b c d e Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 11, Tab. 6. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  4. Roemer, Johann Jacob & Josef (Joseph) August Schultes. 1830. Caroli a Linné ... Systema vegetabilium: secundum classes, ordines, genera, species. Cum characteribus differentiis et synonymis. Editio nova, speciebus inde ab editione XV. Detectis aucta et locupletata. vol. VII(2): 1352. Stuttgardtiae :Sumtibus J.G. Cottae [1817-1830]
  5. The Plant List: Dendrocalamus asper (Schult.) Backer Archived 2022-01-24 di Wayback Machine
  6. KBBI daring: betung
  7. a b c d e f g h i j k l m n o Brink, M. 2008. "Dendrocalamus asper." in D. Louppe. A.A. Oteng-Amoako, & M. Brink (Eds.) Plant Resources of Tropical Africa 7(1) Timbers 1: 218-20. Wageningen :PROTA Foundation.
  8. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Jakarta: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. ISBN '- Check |isbn= value (bantuan). 
  9. a b c d e f g h Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 39-40. L.f. 12. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  10. Pratiwi, ERT. "Hubungan antara penyebaran alami bambu betung". http://repository.ipb.ac.id/handle/123456789/49542 
  11. "Dendrocalamus asper". Beautiful Tropical Garden. Diakses tanggal 2014-05-29. 
  12. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 343-4. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 285-6. sebagai Dendrocalamus flagellifer)
  13. Sukaton, E. 2004. "Variasi proses pulping kraft dari jenis bambu betung (Dendrocalamus asper) sebagai bahan baku pulp dan kertas." Rimba Kalimantan 9(1): 21-4. Archived 2016-05-08 di Wayback Machine [Juni 2004]

Tutumbu kaluar édit