Awi Bunar
(Schizostachyum glaucifolium)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Supertribus:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Schizostachyum

Type species
Schizostachyum blumei
Sinonim

Awi bunar (Schizostachyum) nyaéta awi anu asalna tina kulawarga Poaceae, Genus: Siraten, Spesies: Siraten steudel, Sinonim Schizostachyum biflorum McClure.[1] Hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 600 méter saluhureun beungeut cai laut, loba kapanggih hirup di pilemburan, sisi leuweung, pasir, lamping, jeung suku gunung.[2]

Tangkalna ajeg ka luhur kékép ngarungkun, jangkung tangkalna tina puhu nepi ka congona 6-10 méter.[2] Daging tangkalna kawilang ipis, buleudan tangkalna 2-5 cm tur panjang buku ka buku 70-80 cm.[2] Awi bunar diarah tangkalna pikeun rupa-rupa kabutuhan, tapi teu saeutik ogé anu ngahaja diala pikeun dijual beulikeun.[2]

Sanajan tacan aya dina daptar beureum spesies anu baris tumpur di IUCN, dina kanyataanna tangkal awi bunar téh kiwari geus arang langka katempo hirup liar.[2][3] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar disebut ogé buloh anap (Malaysia), buluh lacau (Brunei), pring wuluh (Indonesia).[1] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun kuluwung, lodong wadah cai, Leumeung, paranti ngagolontorkeun cai di pancuran, jeung sajabana.[5] Dina adat kabiasaan urang baduy awi bunar dimangpatkeun pikeun nyieun obor.[6]

Tempo ogé rupa-rupa awi édit

  1. Awi wulung
  2. Awi surat
  3. Awi haur
  4. Awi buluh
  5. Awi bitung
  6. Awi temen
  7. Awi tali
  8. Awi krisik
  9. Awi tamiang

Dicutat tina édit

  1. a b "Siraten steudel". plantamor. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14. [tumbu nonaktif]
  2. a b c d e "Schizostachyum iraten". Useful Tropical Plants. 2017-09-28. Diakses tanggal 2017-10-14. 
  3. "Sorting Schizostachyum names". Plantanames. 2001-04-04. Diakses tanggal 2017-10-17. 
  4. a b toekio M, Soegeng (1990). Tutup Kepala Tradisional Jawa. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  5. Djoewisno, Soegeng (2009). Nagabumi: jurus tanpa bentuk. I. Jakarta: Cipta Pratama. 
  6. toekio M, MS (1987). Potret Kehidupan masyarakat Baduy: orang-orang Baduy bukan suku terasing, mereka yang mengasingkan diri di Banten Selatan. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan.