Coklat asalna tina siki tangkal coklat/ kakao.[1] Mangrupa ngaran tangkal nu diarah buahna.[2] Buah coklat bangunna lonjong saperti buah gedang, gedéna sedeng sagedé bitis, dieusi siki pirang-pirang sagedé-gedé kaléci jeung tiap siki dibulen ku leuleueur lamun geus kolot.[2] Sikina saenggeusna dipiceun leuleueurna dipoé.[2] Geus garing ku pabrik digiling nepi ka jadi tipung nu lembut pisan anu engkéna pacampur jeung minyakna.[2] Nu di arah nyaéta tipung anu nambleg di luhurna.[2]

Coklat Batang

Siki coklat nu geus dikokolakeun ku pabrik, biasana dijieun kadaharan anu dikolomoh atawa dijieun saperti kopi tinyuheun.[2] Cisoklat mangrupa sebutan keur tipung coklat nu ditinyuh maké gula jeung susu inumeun.[2] Cisoklat warnana beureum kolot jeung nurutkeun pamanggih ahlina cisoklat ngandung 20% bobodas endog.[2][3]

Pikeun penduduk pituin di daratan rendah tropis di Amérika, tangkal coklat geus dipelak sarta dikokolakeun salila waktu 3000 taun sakumaha di Amérika Selatan sarta Mexico.[1] Penduduk Maeso, Amérika ogé nyieun rupa-rupa coklat, kaasup penduduk Maya sarta Aztecs[1]. Di ditu coklat dipikawanoh kalayan ngaran “XOCOLATL” nyaéta hiji kecap ti bangsaNahuatl anu disebut ogé “bitter water” (hiji mérek bir nu aya di Inggris), hartina cai anu ngandung sajenis alkohol[1].

Siki buah coklat nu ngandung alkohol kadar luhur difermentasikeun pikeun nyieun sarupaning tipung[1]. Produk anu dihasilkeun éta disebut coklat[1]. Coklat dikonsumsi saban poé, kalayan kombinasi eusi coklat asli, lemak, mentega, sarta gula[1]. Coklat jadi salah sahiji kadaharan pangpopulérna di dunya[1]. Coklat dijieun sarta dibungkus jeung kertas timah dina sagala rupa wangun anu béda[1]. ku sabab coklat pohara nikmat dikonsumsi dina sagala rupa wangun, dijieun ogé produk inuman susu coklat[1].

Coklat ngandung alkaloid, nyaéta "theobromine" sarta "phenethylamine", anu miboga éfék psikologis dina awak[1]. Sajaba ti éta ogé pohara nyambung kalayan otak dina level ''"serotonin"''[1]. Numutkeun para ilmuwan, coklat lamun dikonsumsi kalayan henteu kaleuleuwihan bisa nurunkeun tekanan darah, sarta bisa nganetralkeun racun dina sato[1].

Rujukan édit

  1. a b c d e f g h i j k l m (id) Ashidqi, Rayzan (2008) COKLAT, Dari Sejarah, Efek Bagi Kesehatan Tubuh dan Gaya Hidup Yogyakarta: Ayyana
  2. a b c d e f g h Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  3. Gramedia, Kelompok (2009). Seri Rahasia Alam - 39 Cokelat. Jakarta: Elex Media Komputindo. ISBN 9789792764802.