Congkrang nyaéta pakakas tatanén anu dipaké keur ngabukbak atawa ngababad reuma jeung rungkun.[1] Waktu ngabukbak reuma salian ti congkrang sok dipaké ogé arit, parang, bedog, pacul, koréd, jeung pakakas séjéna anu dibutuhkeun keur meresihan taneuh atawa lahan saméméh digarap (dipacul).[2][3]

Congkrang dijieunna tina beusi, gagangna tina kai atawa aluminium.[3] Wangunna kawas arit ngan seuseukeutna leuwih panjang jeung gedé kawas bedog ngan tungtungna ngeluk.[4] Di daérah Lampung congkrang téh katelahna golok bengkok (candung kayok).[5] Urang Nias nyebutna blewa, kagunaanna mah sarua keur ngababad atawa ngabukbak rungkun jeung jujukutan.[6]


Dicutat tina édit

  1. Soekanto, Soerjono (2008). Kamus hukum adat: terdiri dari 4163 entri. Jakarta: Alumni (Asli :University of California). 
  2. Gardono, Iwan; Stanley, IG Krisnadi, Taufik Abdullah, Aswarman Adam, Erwiza Erman, Iwan Gardono (1993). Memandang Tragedi Nasional 1965 secara jernih. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. 
  3. a b Maria, Siti; Rosyadi, Dewi Indrawati, Renggo Astuti (1995). Sistem Keyakinan Pada Masyarakat Kampung Naga dalam Mengelola Lingkungan Hidup (Studi Tentang Pantangan dan Larangan). Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  4. Rachmat, Taufiq Hidayat, spk (2005). Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. 
  5. Sirat, Muhiddin; Miraya Zulaiha B, Budiono, Budhiono SK (1993). Peralatan Produksi Tradisional dan Perkembangannya Daerah Lampung. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  6. Lase, Apolonius (2011). Kamus Liniha Nias – Indonesia. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797095413.