Ganitri
Hiji tangkal ganitri di Rishikesh
Buah dina tangkal ganitri
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
E. ganitrus
Ngaran binomial
Elaeocarpus ganitrus

Ganitri; Jamitri (Elaeocarpus ganitrus) nyaéta ngaran tangkal anu sikina teuas kalawan beungeutna kawas anu kahakan cacing sarta ngabentuk rupa-rupa ukiran anu éndah. Di Cipagalo jeung Cipadung, Bandung, ieu tatangkalan dijadikeun ngaran patempatan nyaéta Ciganitri. Kiwari, siki ganitri réa dimangpaatkeun pikeun hiasan kembang garing, sarta pikeun pangagem ageman Hindu mah siki ganitri téh dipaké pikeun sarana ibadah upamana waé dijadikeun tasbé.[1][2]

Di India, ieu tatangkalan dingaranan rudraksa. Ceuk sakaol, dina hiji waktu, cai panon Siwa ragrag, tuluy tumuwuh jadi tangkal rudraksa sarta sumebar di Naari Baratawarsa jeung sabudeureunana, satuluyna sumebar nepi ka kapuloan Indonésia, kalayan ngaran populerna téh génitri atawa genitri.

Siki ganitri dihias emas

Rudraksa, asalna ti kecap rudra (Siwa) sarta aksa (panon). Rudraksa éta buah kadeudeuh Siwa antukna dianggap suci. Siki panon Siwa ieu ku panganutna dipercaya bisa ngabérésihkeun dosa ku cara melong, nyagap atawa ngajadikeun sarana japa. Ku alatan éta, siki-siki éta diuntuy, dipaké pikeun japa mala. Japa hartina mindo kecap suci, sedengkeun mala nyaéta kecap séjén pikeun tasbé atawa rosario, untuyan siki-sikian, rukmi, mutiara, muté, merjan, atawa candana.

Sajaba pangaruh kaagamaan, pikeun pamakéna, ganitri dipercaya bisa ngahasilkeun éfék biomédis sarta bioéléktromagnétik antukna ngahasilkeun éfék kaséhatan, kasegaran, sarta kabugeran.

Ganitri ogé dipercaya bisa nyerep polutan antukna di sawatara jalan di Bandung dipelakan ganitri minangka tangkal nu mageran jalan.

Indonésia mangrupa panghasil 70% kaperluan siki ganitri di dunya. Ajén ékonomina ngahontal ratusan miliyar rupiah.

Tempo ogé édit

Rujukan édit

  • Stutley, Margaret (1985). The Illustrated Dictionary of Hindu Iconography.  First Indian Edition: Munshiram Manoharlal, 2003, ISBN 81-215-1087-2.
  • T. Bachtiar, Pikiran Rakyat, 26 Agustus 2008


 



  1. Putu Dharma, Saniyatun Mar'atus Solihah, Farid Kusmwantoro, Yuzammi, I Dewa; Joko Ridho Witono, Syamsul Hidayat (2017). Koleksi Kebun Raya Lombok. Menteng Jakarta: LIPI Press. p. 30. ISBN 9789797999063. 
  2. Lukas Tersono Adi, Ir. (2008). Tanaman Obat & Jus utk Mengatasi Penyakit Jantung, Hipertensi, Kolesterol & StrokeLukas Tersono Adi. Jakarta: Agromedia. p. 660. ISBN 9789790061958.  Disungsi27 Maret 2023