Gedong Bank Indonesia (Bandung)

Gedong Bank Indonésia (Bandung) ayana di peuntas Gedong Oliefabrieken Insulinde.[1] Wangunan kasebut dina mangsa Hindia Walanda dipaké salaku kantor De Javasche Bank Bandung.[1] Mimiti diwangun taun 1909, Gedong De Javasche Bank rupana masih kénéh wangunan basajan nu teu pati gedé sarta nyanghareup ka beulah Kerklaan (ayeuna Jalan Perintis Kamerdékaan).[1]

Gedong Bank Indonesia Dayeuh Bandung

Sajarah édit

Di ahir taun 1800-an pamahaman ékonomi sacara umum ngagunakeun sawangan merkantilisme, nyaéta kama'muran sarta kajayaan hiji nagara diukur tina jumlah sadiana emas nu dipiboga ku nagara kasebut.[2] Alatan Perang Boer di Afrika Kidul sarta kahariwangan ékspansi nagara Inggris nu mangrupa nagara adidaya jaman harita, pamaréntah Hindia Walanda ngarasa perlu muka cabang De Javasche Bank di Bandung (nu émang direncanakeun jadi ibukota Hindia Walanda) pikeun nangtayungan kakayaan nagara sarta ngajauhkeun tina wewengkon basisir (Batavia) ka pasisian lembur (Bandung).[2] Sahubungan jeung hal kasebut, J. Reijsenbach Présidén ke-10 De Javasche Bank ngirim surat No. 165 tanggal 7 Méi 1902 ka Déwan Militer Hindia Walanda sarta surat No. 420 tanggal 16 Juni 1902 ka pamaréntah Hindia Walanda anu eusina ménta idin pikeun muka Kantor Cabang De Javasche Bank di Bandung.[2] Tanggal 29 Oktober 1906 Direksi De Javasche Bank narima surat ti Gubernur Jenderal Hindia Walanda no.52 tanggal 24 Oktober 1906 ngeunaan seserahan sawidang taneuh nu legana 10.460 m² District Oedjoengbroengkoelon, Désa Kejaksangirang ka De Javasche Bank jeung Serifikat Hak Milik No. 103 tanggal 8 Maret 1907 katut Surat Ukur No. 53 tanggal 13 Pébruari 1907 sarta No. Kadaster 1022.[2] Lahan gedong De Javasche Bank nyaéta urut gudang uyah nu kahuruan dina taun 1901, saterusna lahan kasebut jadi lahan nu terbuka (plein) tempat pintonan sirkus, sandiwara, sarta pintonan seni nu sejénna.[2] Dina malem minggu, para Préangerplanters silih ngajual tampang, pikeun tempat lelesonan, tempat dahar jeung nginum, sarta ngabongkeun mobil kaluaran anyar milik maranéhna.[2] Lahan ieu perenahna di peuntas imah panyicingan kulawarga Walanda beunghar Soesman, nu boga tempat lapang balapan kuda Tegallega.[2] Imah kulawarga Soesman ayeuna jadi Gedong Kerta Mukti.[2] Tanggal 30 Juni 1909 Kantor Cabang De Javasche Bank di Laandraadweg (ayeuna Jalan Perintis Kamerdékaan) Bandung resmi dibuka, sanajan masih kénéh wangunan gedong nu basajan.[2] Tanggal 5 Méi 1918 Gedong Kantor Cabang De Javasche Bank Bandung mimiti bisa dipaké. Dina mangsa jajahan Jepang De Javasche Bank (Kaasup Kantor Cabang Bandung) dilikuidasi sarta Kantor Cabang De Javasche Bank Bandung nu anyar dihirupkeun deui tanggal 9 Méi 1946.[2]

Rujukan édit

  1. a b c Hutagalung,Ridwan & Nugraha,Tauffany. Braga Jantung Varis Van Java.Ka Bandung.Bandung.2008.Kaca 146.
  2. a b c d e f g h i j Katam,Sumarsono. Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Kiblat.Bandung.2006. Kaca 204