Judul téh nyaéta judul karangan,ngurung:judul carita, judul carita pondok, judul drama, judul dongéng, judul guguritan, judul lalakon, judul novél (roman), judul sajak, judul wawacan, jsté.[1]; nyaéta ngaran macakal anu jadi ciri kana éta karangan. Dina karangan-karangan tinulis henteu hésé néangannana da ilaharna geus aya tulisanna dina awal karangan. Carita-carita lisan ogé ari geus ditulis mah sok tuluy dijudulan. Ari carita anu ditulis mangrupa naskah (manuscript) umumna mah tara ditulis judulna,nu matak sakapeung mah hiji carita téh judulna sok béda-béda. Contona, aya naskah Babad Godog, Wawacan Kian Santang, Wawacan Gagak Lumayung , padahal eusi caritana mah sarua. Judul lalakon-lalakon pantun biasana nurut kana ngaran palaku utamana. Contona, Badak Pamalang, Bujang Pangalasan, Ciung Wanara, Demung Kalagan, Lutung Kasarung, Mundinglaya, Raden Tanjung.

Rujukan édit

  1. Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger sunten. p. 256. ISBN 978-602-7785-78-6.