Kabupatén Cirebon

kabupatèn di Indonésia
Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Cirebon.
Alfabét Latin
     

Kabupatén Cirebon (aksara Sunda Baku: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮛᮨᮘᮧᮔ᮪) mangrupa hiji kabupatén nu aya di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Sumber. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Brebes (Propinsi Jawa Tengah) di beulah wétan, Kabupatén Kuningan di beulah kidul, Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Indramayu di beulah kulon sarta Kota Cirebon jeung Laut Jawa di beulah kaléreunnana.

Kabupatén Cirebon

Lambang Kabupatén Cirebon

Kantor Bupati Cirebon, Jl Sunan Kalijaga Komplek Perkantoran Pemkab.

Peta lokasi Kabupatén Cirebon
Motto Rame Ing Gawe Suci Ing Pamrih
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Sumber
Lega Wilayah 1.070,29 km²
Kordinat 6°45′28″S 108°28′50″E / 6.7578369°S 108.4804624°E / -6.7578369; 108.4804624Koordinat: 6°45′28″S 108°28′50″E / 6.7578369°S 108.4804624°E / -6.7578369; 108.4804624
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
2.290.967 (2022)
2.141 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
40
412
Dasar hukum UU Nomor 14 Taun 1950
Tanggal 2 April 1482 (540 taun)
Bupati Imron Rosyadi
Wakil Bupati Wahyu Tjiptaningsih
Kode aréa +62 231
DAU Rp. -

Ramatloka: https://www.cirebonkab.go.id/

Basa nu dipaké dina paguneman sapopoé nyaéta basa Sunda jeung basa Cirebon [1]

Étimologi édit

Lokasina nu di tengah-tengah wates kabudayaan Sunda jeung Jawa, loba warga Cirebon sapopoéna ngomong maké dialék anu nyampurkeun basa Sunda jeung basa Jawa, atawa katelah ku dialék Jawareh, hartina satengah (sawareh) Sunda jeung satengah Jawa. Ieu dialék umumna dipaké di wewengkon wates Kabupatén Cirebon jeung Kuningan di wétaneun Brebes.[2] Istilah éta sarua ogé hartina jeung ngaran "Cirebon" sorangan, anu dina Purwaka Caruban Nagari, asalna tina basa Jawa, nyaéta caruban anu hartina campuran atawa balaréa (kerumunan orang), soalna, keur baheula wewengkon Cirebon di basisir kalér didatangan ku kapal-kapal dagang ti Arab, Cina, Tumasik/ Temasek (ayeuna Singapura), Persia, Jawa Wétan, India, Madura, Palémbang, Pasai jeung Malaka.[3] Ditilik tina basa Sundana, Cirebon dibagi jadi dua kecap, nya éta "ci" anu hartina cai (air) atawa walungan (sungai) jeung "rebon" anu hartina udang. Istilah ieu dipaké ku sabab Cirebon dipikawanoh nepi ka ayeuna minangka panghasil udang rebon atawa ebi.[4]

Sajarah édit

 
Astana Sunan Gunung Djati (Syarif Hidayatullah)

Dina mangsa karajaan édit

Numutkeun Babad Cirebon, Cirebon mimitina mah ngan ukur désa leutik nu cicing dina cangkingan karajaan Pajajaran. Harita nu jadi pupuhuna nyaéta Ki Kuwu Cerbon.[5] Sajarah wewengkon Cirebon teu leupas tina sajarah Syarif Hidayatullah salaku salah sahiji panyebar agama Islam di Jawa. Sakumaha dicaritakeun dina Babad Cirebon, sanggeus maotna pelopor dakwah Islam di Cirebon, Syekh Nurul Jati, kalungguhanana diganti ku Syarif Hidayatullah anu diangkat ku Pangeran Cakrabuana jadi Raja Cirebon kalayan gelar Tumenggung Cirebon Susuhunan Jati (Sunan Gunung Jati). Keur harita wewengkon Cirebon masih aya dina kakawasaan Karajaan Pajajaran anu dipingpin ku Prabu Siliwangi, nu mana, kabeh wewengkon anu aya di handapeun Karajaan Pajajaran kudu mayar upeti taunan nyaéta tarasi jeung uyah.[6]

 
Prabu Siliwangi

Dina taun 1482 M sanggeus Syarif Hidayatullah dibere tahta jadi Sultan Carbon (Raja Cirebon), anjeunna ngutus ajudanna ka Raja Pakuan Pajajaran, Prabu Siliwangi, pikeun ngajak ngagem agama Islam. Ngan, tawaran ieu ditolak sababaraha kali, anu ngajadikeun Syarif Hidayatullah eureun mayar upeti ka karajaan Pajajaran sarta nyatakeun yen Cirebon bébas tina kakawasaan Karajaan Pajajaran. Merdékana Cirebon tina kakawasaan Karajaan Pajajaran lila-lila ngarobah Cirebon jadi kasultanan Islam di tanah Pasundan.[7] Nurutkeun catetan sajarah, ieu kajadian téh tanggalna ditandaan Dwa Dasi Sukla Pakca Cetra Masa Sahasra Patangatus Papat Ikang Sakakala,[8] atawa dina kalender nu ayeuna nyaéta 12 Safar 887 Hijriah/ 2 April 1482 Masehi, anu ayeuna diperingati minangka hari jadi Kabupatén Cirebon.[7]

Dina mangsa Hindia Walanda édit

Sanggeus Karajaan Sunda runtuh dina ahir abad kegenep belas,[9] tuluy disusul ku runtuhna Karajaan Cirebon dina abad ka tujuh belas,[10] wewengkon Cirebon dibikeun ka Walanda ku incu Sultan Agung Mataram, Amangkurat II dina perdjangjian antara mataram jeung VOC taun 1705.[11] Ti harita Cirebon dikawasa ku Walanda. Wewengkon Cirebon di kuloneun Walungan Cisanggarung jadi wewengkon Walanda anu dikokolakeun babarengan ku tilu sultan. Katilu sultan anu dimaksud nyaéta Sultan Sepuh, Sultan Anom, jeung Sultan Cirebon.[12] Tungtungna, dina taun 1807, sacara umum, wewengkon kasultanan di Cirebon murag ka tangan pangjajah Walanda sarta asup bagian ti karajaan Walanda anu statusna jadi Karesidenan Cirebon.[13] Pamaréntah Walanda tuluy ngadegkeun Karesidenan Cirebon (Residentie Tjirebon), anu ngawengku Cirebon, Indramayu, jeung Kuningan ayeuna.[14] Ayeuna, wewengkon urut Kasultanan Cirebon nu jadi wewengkon Karesidenan Cirebon tetep jadi wewengkon karesidenan anu dipingpin ku saurang résiden nu statusna minagka Pembantu Gubernur Wilayah III Cirebon. Wewengkon Cirebon boga lima wilayah tingkat dua, nya éta opat wilayah tingkat kabupaten (Kuningan, Majalengka, Cirebon, jeung Indramayu) jeung hiji wilayah tingkat kotamadya (Kota Cirebon).[13]

Géografi édit

Kabupatén Cirebon aya di daerah basisir Laut Jawa. Beulah kalér mangrupa dataran handap, sedengkeun beulah kulon kidul mangrupa pagunungan, nyaéta lereng Gunung Ciremay. Kabupatén ieu mangrupakeun bagian ti wewengkon Propinsi Jawa Kulon anu perenahna di beulah wétan sarta mangrupakeun wates jeung lawang nu arek asup ka Propinsi Jawa Tengah. Kabupatén Cirebon ogé dina sektor tatanén jadi salah sahiji nu ngahasilkeun béas anu aya di sapanjang jalur pantura.[15] Wewengkon di Kabupatén Cirebon kabagi jadi dua tempat nururtkeun kana tinggi pendékna permukaan taneuh. Wewengkon anu kaasup dataran tinggi ayana di beulah kidul kalawan tinggina 11-130 méter dpl, sedengkeun dataran pendék biasana aya di sapanjang basisir kalér Pulo Jawa (0-10 méter dpl).[16] Di antara Kacamatan nu kaasup dataran pendék nyaéta Losari, Karangsembung, Kaliwedi, Pabedilan, Kapetaka, Arjawinangun, Cirebon kalér, Palimanan, Cirebon Kulon, Astanajapura, Pangenan, Babakan, Klangenan, Waled, Ciledug, Weru, Gebang, Gegesik, Plumbon, Depok jeung Panguragan.[15] Wewengkon ieu ayana di Jalur Pantura (Pantai Utara Jawa/ Basisir Kalér Jawa), hiji jalan utama di basisir kalér Jawa anu manjang ti Anyer, ngaliwatan Jakarta, jeung tungtung di Surabaya.[17]

Transportasi édit

 
Jalan Tol Pantura

Cirebon aya di jalur pantura, minangka lawang utama propinsi Jawa Barat di beulah wétan, nyaéta di kacamatan Losari. Dina usum mudik, jalur ieu mangrupa salah sahiji jalur anu pangpadetna di Indonésia. Di Cirebon ogé aya Jalan Tol Palimanan-Kanci (Palikanci), Jalan Tol Cikopo-Palimanan (Cipali), Jeung Jalan Tol Kanci-Pejagan.

Stasion Cirebon mangrupa patemon dua jalur utama karéta api nuju ka Jakarta: jalur kalér (ti Surabaya-Semarang) jeung jalur kidul (ti Yogyakarta-Purwokerto).

Démografi édit

Cirebon mangrupakeun salah sahiji kabupatén pangpadetna di Jawa Kulon. Populasina terus ningkat sanajan hasil sénsus nunjukkeun penurunan ti dasawarsa ka dasawarsa. Dina taun 1980 jumlah nu nyicingan Kabupatén Cirebon ngan 1.331.690 urang sarta dina sensus saterusna taun 1990 kacatet aya 1.648.021 urang. Hiji dekade kahreupna, jumlah nu nyicingan Kabupatén Cirebon ngaronjat jadi 1.931.068 dina taun 2000. Hasil pengolahan data samentara SP2010-L1.P212, SP2010-C2, jeung SP2010-L2 (per 15 Juli 2010) nunjukeun yen jumlah nu nyicingan di kabupatén ieu aya 2.065.142 urang kalawan komposisi 1.057.501 lalaki jeung 1.007.641 na awewe. Nurutkeun hasil samentara tina Sensus Penduduk Indonésia 2010, Kacamatan Sumber mangrupakeun wewengkon anu panglobana pendudukna, nya éta 80.914 urang, nu kadua aya di Kacamatan Gunungjati anu jumlahna nepi ka 77.712 urang. Sedengkeun wewengkon nu pangleutikna aya di Kacamatan Pasaleman nya éta 24.912 urang jeung Kacamatan Karangwareng 26.554 urang.[18] Dina taun 2021, kabupatén nu legana 1.070,29 km² ieu dieusian ku 2.290.967 urang, ku kituna wewengkon ieu dina unggal sakilometerna aya 2.141 urang nu nempatkeun.[19]

Pangeusi Cirebon di beulah kalér umumna maké Basa Jawa Dialék Cirebon minangka basa sapopoé. Dialék Cirebon mangrupa Basa Jawa anu loba bédana ti Basa Jawa Standar, anu dipaké di basisir wétan Jawa Kulon. Sedengkeun pangeusi di beulah kidul anu wawatesan jeung Kabupatén Kuningan, Majalengka, jeung Brebes beulah tengah umumna geus kapangaruhan ku budaya Sunda.[18]

Pamaréntahan édit

 
Bupati Kabupatén Cirebon, Imron Rosyadi, anu dilantik dina tanggal 1 Oktober 2019

Kabupatén Cirebon dipingpin ku hiji bupati babarengan jeung wakilna. Bupati Cirebon nyaéta jabatan pulitik anu dipilih pikeun tanggung jawab ngatur jeung ngokolakeun pamaréntahan Kabupatén Cirebon, minangka bagian tina sistem administrasi pamaréntahan daérah di Indonésia. Bupati Cirebon nu kahiji nyekel kalungguhan nyaéta R. Sinuk (Muchamad) anu diangkat ti taun 1800 nepi ka 1808.[20] Baheula, pengangkatan bupati jadi pamingpin dimimitian dina mangsa Pamaréntah Hindia Walanda. Dina waktu harita bupati diangkat ku résiden, sarta boga fungsi minangka perantara antara kapentingan pamaréntah jeung pribumi nu nyicingan Cirebon. Bupati-bupati baheula direkrut ti kalangan bangsawan jeung/ atawa jumplukan élit pribumi. Salah sahiji bupati anu direkrut ti kalangan bangsawan teh nyaéta R.T. Natadiningrat (1814-1816).

Periode ayeuna anu kapilih jadi bupati Kabupatén Cirebon nyaéta Imron Rosyadi jeung wakilna Wahyu Tjiptaningsih. Dina période saméméhna, Imron ngajabat jadi wakil bupati anu mantuan Sunjaya Purwadi Sastra salaku bupati kapilih saprak Pilkada 2018.[21] Dina tanggal 17 Mei 2019 Sunjaya Purwadi Sastra gagal diangkat lantaran kasus korupsi anu ngured manehna.[22] Ku kituna kalungguhan bupati diganti ku wakilna Imron Rosyadi anu kakara diangkat ti 1 Oktober 2019 di Aula Kulon Gedung Sate, Kota Bandung.[23] Tanggal 10 Pébruari 2021, bupati Jawa Kulon ngistrénan Wahyu Tjiptaningsih salaku wakil bupati Cirebon anu baris mantuan tugas Imron Rosyadi salaku bupati.[24] Nepi ka ayeuna, geus aya 28 bupati anu mingpin Kabupatén Cirebon ti saprak mimiti dibentukna sistem pamaréntahan di ieu kabupatén.

Babagian Administratif édit

 
Parapatan Sumber, Kabupaten Cirebon
 
wawatesan Kabupatén Cirebon-Kuningan

Kabupatén Cirebon kawengku ku 40 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan nu totalna aya 412.[25] Pusat pamaréntahannana aya di Sumber, kiduleun Kota Cirebon nu dicirikeun ku ayana kantor bupati.[26] Tilu Kacamatan anyar di Kabupatén ieu kabentuk dina taun 2007, di antarana nyaéta Kacamatan Jamblang (pamekaran ti Kacamatan Klangenan pamekaran ti wétan), Kacamatan Suranenggala (pamekaran ti Kacamatan Kapekan beulah kidul), jeung Kacamatan Greged (pamekaran ti kacamatan Beber beulah wétan).[27] Kode wewengkon Kabupatén Cirebon, boh kacamatan atawa kalurahan/ désa, diatur dina Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 137 Taun 2017,[28] tuluy dianyarkeun deui ku Permendagri No. 72 Taun 2019.[29]

Objék wisata édit

  • Belawa. Belawa mangrupakeun objék wisata anu sarua jeung tempat penangkaran kuya. Objék wisata ieu boga daya tarik tina spésiés kura-kura Aquatic Tortose Ortilia Norneensis nu boga ciri has dina tonggongna. Lokasina aya di Désa Belawa, Kacamatan Sodong, kira-kira 25 kilométer ti Kota Sumber ka arah wétan. Obyek wisata ieu direncanakeun bakal terus dimekarkeun jadi taman penyu.[30]
  • Situ Sedong. Wisata ieu mangrupakeun situ anu aya di Kacamatan Sedong, kira-kira 26 kilométer ti puseur Kota Sumber. Situ Sedong ngawengku legana 62,5 héktar anu nyadiakeun rékréasi cai, wewengkon mancing jeung tetempoan alam nu éndah.[31]
  • Banyu Panas Palimanan. Wisata ieu mangrupakeun tempat husus pemandian cai panas campuran walirang anu aya di Kacamatan Palimanan, kira-kira 16 kilométer ti Cirebon ka arah Bandung. Ieu pemandian cai panas aya di sabudeureun Gunung Kapor jeung Gunung Kromong sarta dipercaya boga cinyusu nu bisa pindah-pindah tempatna.[32]
  • Plangon. Wisata alam nu aya di Désa Babakan Kacamatan Sumber ieu mangrupakeun imahna monyét liar. Lokasina kira-kira 10 kilométer ti Kota Cirebon. Di tempat wisata ieu ogé aya astana nu Pangeran Kejaksaan jeung Pangéran Panjunan. Makam ieu sok ramé diziarahan unggal tanggal 2 Syawal, 11 Dzulhijah, jeung 27 Rajab. Rata-rata nu datang ka wisata ieu ngahontal 58.000 urang unggal taun.[33]

Rujukan édit

  1. (id)disbudpar Jabar.2007.kearifan masyarakat Jawa Barat dalam pelestarian lingkungan hidup (wilayah Cirebon).Bandung:Disbudpar Jawa Barat
  2. Nieza (2009). Jalan-Jalan Ke Cirebon Sega Jamblang Sampai Batik Trusmian (dalam Indonesian). Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 8. ISBN 978-979-22-4996-5.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  3. Lombard, Denys (1996). Nusa Jawa: Jaringan Asia (dalam Indonesian). Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 214. ISBN 978-979-605-453-4.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  4. Banten, BPCB. "Cirebon, si kota rebon". Balai Pelestarian Cagar Budaya Banten (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  5. [S.Ekadjati,Edi.2005.Sunan Gunung Jati.Jakarta:Pustaka Jaya]
  6. Hakim, Husnul (2022). Sejarah Lengkap Islam Jawa: Menelusuri Genealogi Corak Islam Tradisi (dalam Indonesian). Yogyakarta: LAKSANA. p. 148. ISBN 978-623-327-247-6.  Archived 2023-02-12 di Wayback Machine
  7. a b Kurnia, Rohmat (2009). Tempat dan Peristiwa Sejarah: di Jawa Barat (dalam Indonesian). Katapang, Kabupaten Bandung: PT Sarana Pancakarya Nusa. p. 38. ISBN 978-979-678-511-7.  Archived 2023-02-12 di Wayback Machine
  8. Publikasi, Kreator. "Sejarah • Portal Pemerintah Kabupaten Cirebon". www.cirebonkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-12.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  9. Hendarti, Latipah (2008-01-01). Menepis Kabut Halimun: Rangkaian Bunga Rampai Pengelolaan Sumberdaya Alam Di Halimun (dalam Indonesian). Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 13. ISBN 978-602-433-131-3.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  10. Soekirno, Ade (1993). Cai-Rebon (berdirinya kesultanan Cirebon): cerita rakyat Jawa Barat (dalam Indonesian). Grasindo. p. 50. ISBN 978-979-553-255-2.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  11. Sugiri, Ahmad (2021-04-27). Sejarah Kebudayaan Islam Indonesia Abad VII Sampai Abad XV (dalam Indonesian). Serang: Penerbit A-Empat. p. 47. ISBN 978-602-0846-98-9.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  12. Budianta, Melani; K., Riris; Sarumpaet, Toha, ed. (2010-10-01). Rona Budaya: Festschrift Untuk Sapardi Djoko Damono (dalam Indonesian). Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 259. ISBN 978-602-433-347-8.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  13. a b Abdurrachman; Oyon Sofyan, Umsari; Zarkasih, Ruswandi (1985). Struktur Bahasa Sunda Dialek Cirebon. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 6. 
  14. Tijdschrift voor Neerland's Indië (dalam Dutch). Lands-Drukkerij. 1874.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  15. a b "Letak Geografis". Sekretariat Daerah Kabupaten Cirebon (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  16. Tonasih (2015-11-24). Program Kemitraan Bidan-Dukun: (Studi Pada Dukun Bayi Di Wilayah Kerja Keras Dinas Kesehatan Kabupaten Cirebon Tahun 2013) (dalam Indonesian). Deepublish. pp. xvii. ISBN 978-623-209-440-6.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  17. Tifani. "Sejarah Jalan Pantura, Jalur yang Dibangun dengan Cara Kerja Paksa - Nasional Katadata.co.id". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  18. a b Citra Kabupaten Cirebon dalam Arsip. Jakarta: Arsip Nasional Republik Indonesia. 2014. pp. 9–11.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  19. Badan Pusat Statistik Kabupaten Cirebon (2022). Statistik Daerah Kabupaten Cirebon 2022. Badan Pusat Statistik Kabupaten Cirebon. p. 6.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  20. Wardoyo (22 Juni 2021). "Imron Belum Tercantum dalam Daftar Nama Bupati Cirebon sejak 1800, Diakhiri Sunjaya Purwadisastra". portalmajalengka.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  21. Persada, Syailendra (25 Oktober 2018). "Menang Pilkada Serentak, Bupati Cirebon OTT KPK Belum Dilantik". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  22. Amirullah (17 Mei 2019). "Sunjaya Purwadi Dilantik Jadi Bupati Cirebon, Lalu Diberhentikan". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  23. Dwi, Setiady (2 Oktober 2019). "Imron Rosyadi Resmi Dilantik Sebagai Bupati Cirebon". Suara Merdeka (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2022-07-02 di Wayback Machine
  24. Bebey, Aksara (10 Februari 2021). "Suami Terjerat Kasus Korupsi, Wahyu Tjiptaningsih Dilantik Jadi Wakil Bupati Cirebon". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2022-07-02 di Wayback Machine
  25. BPS Kabupaten Cirebon (2022). Akhmad, Adam, ed. Kabupaten Cirebon dalam Angka. BPS Kabupaten Cirebon. p. 3. ISSN 0215-4242.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  26. "Kontak". Sekretariat Daerah Kabupaten Cirebon (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-11.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  27. Citra Kabupaten Cirebon dalam Arsip. Jakarta Selatan: Arsip Nasional Republik Indonesia. 2014. p. 8.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  28. "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. p. 110. Diarsipkan dari versi asli tanggal 29 Desember 2018. Diakses tanggal 11 Februari 2023. 
  29. "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 72 Tahun 2019 tentang Perubahan atas Permendagri nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 25 Oktober 2019. Diakses tanggal 11 Februari 2023. [tumbu nonaktif]
  30. Sukmah, Fenti (19-02-2023). "Belawa Cirebon, Wisata Kura-Kura Yang Lekat Akan Legenda". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  31. Umam, Khairul. "Setu Sedong - Harga Tiket Masuk & Spot Foto Terbaru 2023". Situs Info Tempat Wisata Terbaru & Paket Tour Terpercaya (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  32. Agus. "Wisata Banyu Panas Palimanan Dibuka Kembali". Fajar Cirebon (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  33. "Wisata Alam Sambil Berziarah di Situs Plangon". Indonesia Kaya. Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2022-05-17 di Wayback Machine