Jukut kakasangan/kasang beureum/ramo kasang
Jukut kakasangan Themeda arguens
ti Cihideung Ilir, Ciampéa, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. arguens
Ngaran binomial
Themeda arguens (L.) Hack.[1]
Sinonim
  • Stipa arguens L.[2] (basionym)

sinonim leuwih lengkep tempo di The Plant List.[3]

Kakasangan (Themeda arguens) atawa kasang beureum, ramo kasang, nyaéta jukut liar anu hirupna di daérah anu mibanda iklim tropis tina kulawarga Poaceae, ieu jukut kawilang jangkung, loba kapangih di wewengkon Asia, Australasia, Pasifik, jeung Amerika kidul[4]. Di Indonésia hususna ieu jukut mibanda ngaran daérah, saperti : di Jawa disebutna sukĕt mĕrak-mĕrakan, sukĕt mĕrakan; rumpuik suntiĕng putiĕh di Minang kabau; di Madura disebutna rĕbha bhajhang-bhajhang, rĕbha jhang-bhajhang, rĕbha jhang pélé, rĕbha lampéjhang; curungceung Kagean; rumput genung dina basa sasak; tebuna manék di Timor; tĕgalngana Ternate[5]; dina basa Inggris Christmas grass , atawa lesser tasselgrass[6][7].

Pedaran édit

 
Tangkal jeung daun

Jukut kakasangan mikaresep tempat anu negrak henteu kahieuman, jeung cukup katojo ku cahaya panonpoé ogé taneuhna garing saperti tegalan, sisi jalan, kebon, huma jeung sajabana. Bisa hirup sanajan kakurangan cai, katempona di sabaraha pulo di nagara Indonésia unu mibanda hujan leuwih saeutik, ieu jukut masih bisa hirup saperti di : Pulo Madura, Nusa Tenggara Timur jeung Pulau Komodo, Mangsana keur ligar kembangna mangkak kawas buntut merak, ku alatan ieu pisan jukut kakasangan di wewengkon Jawa katelah rumput merakan.[8]

Jukut kakasangan jangkungna kurang leuwih 20 nepika 120 céntiméter, daunna aripis méncos ka tungtungnakeun panjangna 5 nepika 10 céntiméter lebarna 4 nepika 7 mili méter [9], tangkalna bubukuan, leutik tur gepéng, kelirna semu beureum sakapeung semu konéng jero tangkal pejel henteu molongo[10]. Kembangna ngarantuy bijil dina cupatna (fasciculate) , cupatna bijil tina sela-sela puhu daun jeung tangkal lebah bukuna, (dwiseksual) nyaéta mibanda alat pikeun baranahan jalu jeung bikang aya dina hiji kembang. Unggal kembang mibanda tilu benang sari jeung dua kepala putik, Buahna (spikelet) eliptis panjang 8-10 miliméter, dina mangsana murang, bakal murag jeung cupatna.[11]

Tempat hirup édit

Jukut kakasangan hirup nyebar ka wewengkon Asia Tropis, India, Indo china, Malaysia, jeung Papua, kabeulah wétan Australia, jeung Pasifik, aya ogé di daérah Karibia di Amerika Tengah.[11] Di Nusantara, ieu jukut loba kapanggih di Sumatera, Bangka, Jawa, Madura, Nusa Tenggara, Sulawesi, Ambon, dan Ternate[5]. Biasana kapanggih hirup mangrupa dapuran nyaéta kumpulan tina sababaraha tangkal, ayana di sisi leuweung, tegalan, sisi jalan jeung tempat séjén anu negrak tur cukup ku cahaya panonpoé jeung taneuh anu garing bisa taneuh tela, taneuh beureum anapon taneuh anu ngandung cadas[12] .

Tutumbu kaluar édit

Dicutat tina édit

  1. Candolle, A.P. de, & C. de Candolle. 1889. Monographiæ phanerogamarum :Prodromi nunc continuatio, nunc revisio... 6: 657. Parisiis :G. Masson. [Apr 1889].
  2. Linne, C. von & L. Salvius. 1762. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, .. Editio Secunda, Tome I: 117. Holmiae :Impensis Direct. Laurentii Salvii, 1762-63.
  3. The Plant List: Themeda arguens (L.) Hack. Archived 2019-12-16 di Wayback Machine
  4. AusGrass2: Themeda arguens
  5. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 200-1. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 145-6)
  6. "Themeda arguens". Pacific Island Ecosystems at Risk (PIER). Diakses tanggal 22 April 2014.  Archived 9 Oktober 2021 di Wayback Machine
  7. "Themeda arguens". Germplasm Resources Information Network (GRIN) - USDA. Diakses tanggal 22 April 2014. 
  8. Habitat kakasangan[tumbu nonaktif]
  9. Ciri daun kakasangan
  10. "Themeda arguens". Inaturalist. Diakses tanggal 22 April 2014. 
  11. a b "Themeda arguens". RBG Kew - GrassBase. Diakses tanggal 22 April 2014. 
  12. "Themeda Arguens". United States Department of Agriculture. Diakses tanggal 22 April 2014.