Kanyéré
Daun jeung buah kanyéré
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
B. stipularis
Ngaran binomial
Bridelia stipularis
(L.) Blume
Sinonim
  • Bridelia dasycalyx Kurz
  • Bridelia dasycalyx var. aridicola Kurz
  • Bridelia scandens (Roxb.) Willd.
  • Bridelia stipularis var. ciliata Gehrm.
  • Bridelia stipularis subsp. philippinensis Jabl.
  • Bridelia zollingeri Miq.
  • Clutia scandens Roxb.
  • Clutia stipularis L.
  • Ziziphus racemosa Wall.

Kanyéré (Bridelia stipularis) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina genus Bridelia.[1][2] Jangkungna bisa nepi ka 8–20 méter anu hirup di daérah tropis jeung subtropis di sisi basisir.[2][3] Daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar nyeri beuteung.[3] Tangkal kanyéré asalna tina kulawarga Phyllanthaceae.[2]

Pedaran édit

Tangkal kanyéré mibanda sababaraha rupa spésiés di antarana :

  • Bridelia insulana (Sinonim : Bridelia minutiflora, Bridelia penagiana, Bridelia subnuda)
  • Bridelia stipularis
  • Bridelia tomentosa (sinonim : Bridelia glabrifolia; Bridelia lancifolia; Bridelia monoicis).[3]

Kanyéré mibanda ngaran daérah/vernakular saperti di Malaysia disebut kenidai, kenidai babi, cenderai gajah, samak jambu.[3] Di Indonésia mah kanyéré téh katelah Kandri kebo, kanyéré aroi, koto-koto, jeung kutu kebo.[3]

Ciri mandiri édit

Tangkal kanyéré bisa hirup nepi ka jangkung 18 méter tur mibanda buleudan tangkal nepi ka 9 méter.[3] Kai tangkal kanyéré mah sanajan teuas tapi leuleus tur liat.[4][5] Kapanggih hirup di Malaysia, Vietnam, ogé Thailand.[4] Daunna lonyod kelirna héjo, méncos ka tungtungna ukuran 12 cm x 6.2 cm pucuk daun anu kakara bijil kelirna gandaria.[4] Buah laleutik kelirna héjo hérang bijil sapasang tina tangkal deukeut cupat daun, cupat kembangna parondok, panjang kembang ngan 1 mm, benang sari nyelap leutik di jerona, kelirna semu héjo tur di luhurna semu gandaria.[6] Buahna leutik,lonyod tingtungna méncos.[4]

Kagunaan édit

Ditempo dina farmakologisna tina ieu genus geus ditalungtik sanajan tacan dipaluruh leuwih jero, mibanda sipat antiinflamasi, antimikroba.[4] Tapi dalah ti kitu ieu tangkal geus heubeul dimangpaatkeun pikeun ubar herbal anu mibanda rupa-rupa kagunaan.[7] Di India ieu tangkal ngahaja dipelak anu dimangpaatkeun pikeun meresihan huntu ogé ngubaran rupa-rupa panyakit séjénna anu aya disabudeureun baham.[7] Daunna ogé bisa digodog tuluy diinum caina bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit mah (maag) atawa nyeuri beuteung.[4] Pikeun ubar luar daunna bisa dibebek nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana reheut atawa bareuh,[4] akarna bisa digodog tuluy diinum caina pikeun ubar nyareri awak atawa cararangkeul.[4] Baheula mah buah kanyéré téh dipaké kaulinan barudak, pikeun pélor susumpitan anu dijieun tina awi atawa tamiang gedéna mah kurang leuwih sagedé curuk atawa patlot panjangna sabuku.[8] Dipaké ogé pikeun pélor pepeletokan anu dijieun tina solobong awi.[8]

Tutumbu kaluar édit

Daftar pustaka édit

Dicutat tina édit

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. a b c "Bridelia stipularis". theplantlist. 2013. Diakses tanggal 2017-05-15.  Archived 2020-07-28 di Wayback Machine
  3. a b c d e f Ong, Hean Chooi; EDITOR KADUA (2006), Tumbuhan liar: khasiat ubatan & kegunaan lain, PRIN-AD SDN.BHD, ISBN 967-61-1630-0 
  4. a b c d e f g h Wiart, Christophe (2006). Medicinal Plants of the Asia-Pacific: Drugs for the Future?. London: World Scientific Publishing Co. Pte. Ltd. ISBN 981-256-341-5. 
  5. Jonathan Rigg (1862). "Dictionary". Sunda Language. Batavia: Lange & CO. p. 217. 
  6. R., Carl (2000). Ilocano Dictionary and Grammar: Ilocano-English, English-Ilocano. London: World Scientific Publishing Co. Pte. Ltd. ISBN 0-8248-2088-6. 
  7. a b Sachidananda Mallya; Sudeendra Prabhu, Maji Jose, Shrikara Mallya. "Anticandidal effect of extract of Bridelia stipularis". Anticandidal effect of extract of Bridelia stipularis 1 (9): 106-107. ISSN 2350-045x. http://www.jimd.in/uploaded/volumes/Bridelia_stipularis2.pdf. Diakses pada 2017-14-05. 
  8. a b Muchtar Affandi (R.) (1997). "Mulangkeun Panineungan". Mulangkeun Panineungan. London: Padjajaran University]]. p. 17.