Ki Mangunsarkoro atawa Sarmidi Mangunsarkoro (gumelar 23 Méi 1904 – maot 8 Juni 1957 dina umur 53 taun) nyaéta saurang pajuang dina widang atikan Nasional.[1] Anjeuna kungsi ka peto ngalungguhan jabatan Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Indonesia" mimiti taun 1949 nepi ka taun 1950.[1]

Ki Sarmidi Mangunsarkoro
Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Indonesia ka-6
Masa jabatan
4 Agustus 1949 – 6 September 1950
Présidén Soekarno
Saméméhna Teuku Mohammad Hasan
Sanggeusna Bahder Djohan
Katerangan lian
Gumelar 23 Mei 1904
Citakan:Country data Belanda Surakarta, Hindia Belanda
Pupus 8 Juni 1957 (yuswa 53)
Indonésia Jakarta, Indonesia
Ageman Islam

Kahirupan nu munggaran édit

Ki Sarmidi Mangunsarkoro gumelar 23 Méi 1904 di Surakarta [2] Anjeuna digedékeun dina lingkungan kulawarga pagawé Karaton Surakarta.[2] Ki Sarmidi Mangunsarkoro sabada lulus ti Sekolah Guru "Arjuna" di Jakarta langsung dipercaya jadi guru HIS Tamansiswa Yogyakarta, nya tidieu pisan anjeuna mimiti museurkeun sagala élmu pangaweruh pikeun ngabdi ka bangsa tur Nagara.[1]

Nincak taun 1929 Ki Sarmidi Mangunsarkoro meunang kapercayaan ngalungguhan jabatan Kepala Sekolah HIS Budi Utomo Jakarta.[1] Sataun ti harita, meunang kapercayaan ti warga masarakat sabudeureun Kemayoran tur meunang restu ti Ki Hadjar Dewantara, anjeuna ngadegkeun hiji paguron (Perguruan Tamansiswa) di Jakarta.[2] "Perguruan Tamansiswa di Jakarta ieu sabenerna mangrupa hiji gawé bareng HIS Budi Utomo jeung HIS Marsudi Rukun nu mana duanana ogé aya dina pangaping Ki Sarmidi Mangunsarkoro, ka dieunakeun ieu paguron "Perguruan Tamansiswa Cabang Jakarta ngarandapan hiji kamajuan sarta kamekaran nu pohara ngagumbirakeun nepi ka kiwari.[2]

Mangsa Babakti di Taman Siswa édit

Mangsa panutupan Kongrés atawa Rapat Besar Umum Tamansiswa nu munggaran di Yogyakarta ping 13 Agustus 1930, Ki Sarmidi Mangunsarkoro bareng jeung Ki Sadikin, Ki S. Djojoprajitno, Ki Poeger, Ki Kadiroen sarta Ki Safioedin Soerjopoetro mangrupa wawakil ti Persatuan Tamansiswa seluruh Indonesia nandatangan hiji piagam nu nétélakeun masrhakeun tur narima Piagam Persatuan Perjanjian Pendirian nu asalna ti Ki Hadjar Dewantara, Ki Tjokrodirjo sarta Ki Pronowidigdo geusan ngadegkeun hiji usaha dina widang atikan nu didadasaran kana kahirupan bangsa tur Nagara nu dibéré ngaran Tamansiswa kalayan diadegkeun dina 3 Juli 1922 di Yogyakarta.[1]

Salaku salah saurang nu kapilih ku Ki Hadjar Dewantara pikeun ngamekarkeun, ngalaksanakeun tur ngamodérnisasikeun Tamansiswa nu didadasaran kana cinta ka Nagara sarta mibanda jiwa nasional, tangtuna Ki Sarmidi Mangunsarkoro mibanda sababaraha pamikiran pikeun ngawujudkeun cita-cita atikan "Tamansiswa".[2]

Nincak taun 1931 Ki Sarmidi Mangunsarkoro meunang pancén pikeun nyieun Rencana Pelajaran Baru tur dina taun 1932 disahkeun ngajadi Daftar Pelajaran Mangunsarkoro.[2] Ku ayana ieu pancén dina taun 1932 anjeuna ogé nulis hiji buku nu judulna Pedoman Pengantar Guru Nasional, Ieu buku malahan nepi ka di citak deui dina taun 1935.

Dina sajeroeun buku Daftar Pelajaran Mangunsarkoro nu atra ngébréhkeun cita-cita Tamansiswa sarta Pengantar Guru Nasional éta ngagedurna sumanget pergerakan nasional di Indonésia hususna di Asia dina pada umumna.[1] Bisa disebutkeun pamikiranna geus ngawakilan salah sahiji aspék tina hudangna rasa nasionalisme tayalian aspek kebudayaan, nu sanyatana ieu mangrupa hiji usaha pikeun ngaguar, ngabuktikeun ogé nguji kana hukum-hukum kasusilaan sarta nebarkeun pirang pirang pamikiran anyar nu saluyu jeung alam sarta zaman.[1] Dua aspék nu séjén tayalian aspek sosial ekonomis hiji tarékah pikeun ngaronjatkeun darajat sakabéh rakyat kujalan ngudar talikung ekonomi bangsa-bangsa Eropa jeung Barat, sedengkeun dina aspék pulitik tayalian tarékah pikeun ngarebut kakawasaan pulitik tina leungeun pamaréntah kolonialisme Walanda.[2]

Nincak taun 1947 Ki Sarmidi Mangunsarkoro kapapancénan ku Ki Hadjar Dewantara pikeun mupuhuan panaluntikan geusan ngarumuskeun dasar-dasar perjuangan Tamansiswa, nu didadasaran tina Asas Tamansiswa 1922.[1] Dina gempungan atawa Rapat Besar Umum Tamansiswa Tahun 1947 hasil gawé panitia Ki Mangunsarkoro nudingaranan Pancadarma ditarima kalawan jadi dadasar tina Dasar Tamansiswa, Tayalian : Kodrat Alam, Kamerdékaan, Kabudayaan, Kabangsaan, sarta Kamanusaan.

Mangsa Parjuangan édit

Parjuangan Ki Sarmidi Mangunsarkoro utamana dina widang atikan, kayaning dina taun 1930-1938 jadi anggota Pengurus Besar Kepanduan Bangsa Indonesia (KBI) sarta ngawulang Kepanduan Nasional nu bébas tina pangaruh kolonialisme Walanda.[1] Saterusna dina taun 1932-1940 anjeuna ngalungguhan jabatan jadi pupuhu Departemen Pendidikan dan Pengajaran Majelis Tinggi Tamansiswa disambi jeung mupuhuan atawa Pemimpin Umum Tamansiswa Jawa Barat. Nincak taun 1933 Ki Sarmidi Mangunsarkoro kapeto jadi pupuhu Taman Dewasa Raya di Jakarta anu museurkeun diri dina widang Pendidikan jeung Pengajaran.[2]

Ki Sarmidi Mangunsarkoro beuki ka dieu beuki kasohor tur nyéngclak di lingkungan pendidikan kitu deui di lingkungan pulitik ngaliwatan Partey Nasional Indonesia (PNI). Ki Sarmidi Mangunsarkoro dina taun 1928 milu minton dina padungdengan Kongres Pemuda 28 Oktober 1928 nepikeun hiji pidato ngeunaan Pendidikan Nasional, nu nétélakeun yén ti bubudak kudu meunang atikan kabangsaan kucara demokratis, kitu deui perluna kasaimbangan atikan di sakola jeung atikan di imah.[2]

Ki Sarmidi Mangunsarkoro kungsi kapilih jadi pupuhu PNI nu munggaran ieu hasil tina Kongrés Serikat Rakyat Indonesia (SERINDO) di Kediri sarta ngalarang kana praktek politik kompromi jeung Walanda, mangsa harita (Perjanjian Linggarjati dan Renvile).[2] Mangsa lumangsungna agrési Walanda II di Yogyakarta, Ki Sarmidi Mangunsarkoro kungsi ditahan tur asup ka penjara di Wirogunan.[2]

Menteri Pendidikan édit

Nalika "Kabinet Hatta II" lumangsung dina Agustus 1949 nepi ka Januari 1950, Ki Sarmidi Mangunsarkoro kapeto jadi Menteri Pendidikan, Pengajaran, dan Kebudayaan (PP dan K) RI.[1] Mangsa ngalungguha Menteri PP jeung K, anjeuna ngadegkeun tur ngaresmikeun ngadegna Akademi Seni Rupa Indonesia (ASRI) di Yogyakarta, ngadegkeun Konservatori Karawitan di Surakarta, sarta milu aub dina dina cikal bakal gumelarna Universitas Gadjah Mada (UGM) Yogyakarta.[2]

Kapercayaan pamarentah kana sagala dedikasi sarta reputasina, Ki Sarmidi Mangunsarkoro dipercaya deui ngalungguhan Menteri PP dan K RI mangsa Kabinet Halim mimiti Januari 1950 nepi ka September 1950, kalayan anjeuna hasil menyusun dan memperjuangkan di parlemen Undang Undang No 4/1950 ngeunaan Dasar-dasar Pendidikan dan Pengajaran di Sekolah pikeun sakuliah Indonesia. UU No 4/1950 ieu disahkeun tur sakaligus jadi Undang Undang Pendidikan Nasional nu munggaran.[1][2]

Ki Sarmidi Mangunsarkoro tilar dunya ping 8 Juni 1957 di Jakarta, dikurebkeun di pajaratan kulawarga Besar Tamansiswa.[1]Taman Wijaya Brata, Celeban, Yogyakarta. Alatan gedé jasa-jasana, Alm Ki Sarmidi Mangunsarkoro narima tanda jasa Bintang Mahaputra Adipradana ti Pamaréntah, sarta bukti pangajén ti Tamansiswa katut Rakyat.[1]

Kahirupan Pribadi édit

Ki Sarmidi Mangunsarkoro dina sapopoéna hurup kalayan basajan, dina mikir jeung tindakanna salawasna nunjul kana rasa kabangsaan jeung rasa nasional nu kandel.[1] Katempo tina dangdanan sapopoé : maké kopéah nu rada buleud, kumis kandel, kaméja Schiller bodas dibarung jeung sarung Samarinda tur maké sendal.[2] Ieu dangdanan basajan téh, ku anjeuna dilarapkeun nalika kapeto jadi Menteri PP dan K, anjeuna henteu daékeun nyicingan imah dinasna menteri.[2] Mun kaparengan nyaluuhan acara jamuan keprésidenan, di jalan gedé atawa indit ka Jakarta ogé henteu katinggaleun maké sarung jeung kopéah.[2]


Buku nu kungi ditulis édit

Dina sapanjang hirupna , Ki Sarmidi Mangunsarkoro nulis sababaraha buku ngeunaan atikan nasional, Kabudayaan jeung ogé pulitik.[2] Ieu teu leupas tina gedéna perhatian anjeuna kana éta tilu widang.[2] Buku-buku tulisana saperti:

  1. Pendidikan Nasional (Keluarga, Jogjakarta, 1948)
  2. Masjarakat Sosialis (Pelopor, Jogjakarta, 1951)
  3. Dasar-Dasar Pendidikan Nasional (Pertjetakan Keluarga, 1951)
  4. Kebudajaan Rakjat (Usaha Penerbitan Indonesia, 1951)
  5. Dasar Sosiologi dan Kebudajaan untuk Pendidikan Indonesia Merdeka(Prapancha, Jogjakara, 1952)
  6. Ilmu Kemasjarakatan (Prapancha, 1952)
  7. Sosialisme, Marhaenisme dan Komunisme (Wasiat Nasional, Jogja, 1955)
  8. Inti Marhaenisme (Wasiat Nasional, Jogja, 1954)
  9. Guru Tak Berkarakter ratjun Masjarakat: Sumbangan dari Kementerian Penerangan RI oentoek guru Nasional yang Membentuk Djiwa Nasional (ditulis bersama dg Asaat gelar Datuk Mudo, Kementerian Penerangan RI, kata Pengantar 1950)
  10. Dasar Sosisologi dan Kebudajaan untuk Rakjat Indonesia (Prapancha, 1952

Tutumbu Kaluar édit

Dicutat tina édit

  1. a b c d e f g h i j k l m n Junaedi, Erry Hermawan, Teguh Santosa, Didi (2014). PAHLAWAN-PAHLAWAN INDONESIA SEPANJANG MASA. Jakarta: Indonesia Tera. p. 123. ISBN 9789797752118. Diakses tanggal (disungsi – 1 Mei 2020). 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Mahawira, Pranadipa (2013). Cinta Pahlawan Nasional Indonesia: Terlengkap & Terupdate. Jakarta: Wahyu Media. p. 305. ISBN 9789797957513. Diakses tanggal (disungsi – 1 Mei 2020).