Musieum Prabu Geusan Ulun

musieum nu aya di Indonesia


Musieum Prabu Geusan Ulun salah sahiji musieum nu aya di Kabupatén Sumedang perenahna aya di Kompleks Pendopo kalawan koordinat 6° 51' 7" S, 107° 55' 13" E.[1] Di ieu kompléks aya sababaraha gedong saperti Gedong Srimanganti (1706), Gedong Bumi Kalér (1850), jeung Gedong Gendeng (1850).[1] Salian ti éta, aya ogé gedong nu kawilang anyar Gedong Gamelan (1973), Gedong Pusaka (1990), jeung Gedong Kareta Naga Paksi (1996).[1] Sawatara koléksi nu aya di ieu musieum nyaéta Meriam Kalantaka, titinggal Kompeni taun 1656, Gamelan Panglipur titinggal Pangeran Rangga Gedé (16251633), Gamelan Pangasih titinggal Pangeran Kornél (17911828), jeung Gamelan Sari Arum titinggal Pangeran Sugih (18361882). Salian ti éta aya ogé koléksi lianna kayaning ranjang Pangeran Kornel jeung pakéan dines bupati mangsa harita.[1]

Sajarah Musieum Prabu Geusan Ulun édit

Tanggal 22 Séptémber 1912 Pangéran Aria Soeria Atmadja, Bupati Sumedang (18821919) nalika éta nyieun hiji surat wasiat wakaf.[2] Anjeunna ngawakafkeun barang-barang pribadina sarta barang-barang lianna boh barang pusaka boh barang kaprabuan lianna.[2]Tumenggung R.Moh Singer nu diistrénan ku pamaréntah Hindia Walanda jadi Bupati Sumedang taun 1948/1949, ningali éta barang-barang wakaf geus bacacaran teu dina tempatna.[2] Lantaran kitu, anjeunna masrahkeun urusan éta barang wakaf ka ahli waris Pangeran Aria Soeria Atmadja.[2] Taun 1950 para ahli waris Pangeran Aria Soeria Atmadja sanggeus narima éta barang-barang wakaf tuluy nyieun Yayasan Pangeran Aria Soeria Atmdja (Yayasan P.A.S.A akte notaris Mr Soedja no.59 tanggal 28 Agustus 1950).[2] Sangkan leuwih hadé tur tartib dina ngariksa ieu barang dumasar kaputusan Pengadilan Negeri Sumedang tanggal 26 Maret 1953 N0 29/1953 nyieun Yayasan Pangeran Sumedang (YPS) kalawan akteu notaris Mr Tan Eng Kiam no 98 tanggal 21 April 1955.[2] Sanggeus barang-barang pusaka kumpul kabéh, tuluy diteundeun di Gedong Gendeng.[2] Lantaran Gendeng dianggap tempat diteundeunna barang-barang pusaka utama, mangka Gendeng dianggap minangka “Rumah Pusaka”.[2] Sangkan bisa ngariksa éta barang-barang pusaka, YPS ngararancang piekun nyieun hiji musieum.[2] Tanggal 11 Nopémber 1973 Gedong Waditra atawa Gedong Gamelan diresmikeun minangka wangunan musieum sarta dingaranan Museum Wargi-Yayasan Pangeran Sumedang (YPS).[2] Mimitina mah ieu musieum téh ngan dibuka pikeun turunan Pangéran Sumedang wungkul.[2] Tanggal 7 Maret-13 Maret 1974 di Sumedang diayakeun "Seminar Sejarah Jawa Barat" nu diluuhan ku para ahli sajarah sa-Jawa Barat.[2] Dina éta seminar para Sesepuh YPS jeung Sesepuh Wargi Sumedang ngajukeun sangkan éta musieum dingaranan.[2] Lantaran hal éta, ahirna kasapukan forum di éta seminar méré ngaran éta musieum kalawan Musieum Prabu pikeun Ulun, ngaran salah sahiji raja munggaran tur pamungkas Karajaan Sumedanglarang.[2] Tanggal 13 Maret 1974 Musieum YPS dibéré ngaran Musieum “Prabu Geusan Ulun Yayasan Pangeran Sumedang".[2]

Koléksi Musieum Prabu Geusan Ulun édit

Koléksi dumasar kana jinis klasifikasina di antarana waé:[2]

  1. Géologika, koléksi disiplin élmu géologi (fosil, batuan, mineral, jeung hasil alam lianna saperti andesit jeung granit).
  2. Biologika, koléksi disiplin élmu biologi (rorongkong manusa, tangkurak, sato, sarta tutuwuhan boh fosil boh lain fosil.
  3. Etnografika, koleksi disiplin antropologi nu mangrupa hasil budaya atawa identitas hiji étnis.
  4. Arkeologika, koleksi nu mangrupa titinggal budaya ti jaman prasejarah nepi ka asup pangaruh negara deungeun
  5. Historika, koleksi nu miboga ajén sajarah sarta jadi objek panalungtikan ti mimiti asupna pangaruh negara deungeun nepi ka kiwari. (negara, inohong, kelompok, jeung sajaban).
  6. Numismatika jeung heraldika. Numismatika nyaéta alat tukar atawa mata uang nu sah. Heraldika nyaéta lambang, tanda jasa, jeung tanda pangkat resmi (cap atau stempel).
  7. Filologika, koleksi disiplin filologi (naskah kuno tulisan leungeun nu ngagambarkeun hiji kajadian.
  8. Keramologika, koleksi barang nu dijieunna tina taneuh liat nu dibeuleum kayaning keramik.
  9. Seni Rupa, koleksi nu ngébréhkeun pangalaman artistik manusa ngaliwatan karya dua atawa tilu dimensi.
  10. Teknologika, barang nu némbongkeun kamekaran téhnologi tradisional nepi ka nu modérn.

Referensi édit

  1. a b c d Museum Prabu Geusan Ulun Archived 2014-05-05 di Wayback Machine (id) (Diakses tanggal 22 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Museum Prabu Geusan Ulun Sumedang Archived 2011-11-18 di Wayback Machine (id) (Diakses tanggal 22 Oktober 2011)