Prasasti Ciaruteun atawa prasasti Ciampéa nyaéta prasasti nu kapanggih di sisi walungan Ciaruteun, deukeut muara walungan Cisadané Bogor. Prasasti kasebut mangrupa titilar karajaan Tarumanagara.[1]

Prasasti Ciaruteun di Ciampéa, Bogor

Perenah édit

Prasasti Ciaruteun perenahna di désa Ciaruteun Hilir, kacamatan Cibungbulang, Kabupatén Bogor persisna dina koordinat 0°7’2,76” BB (ti Jakarta) sarta 6°38’09”.

Tempat kapanggihna ieu prasasti mangrupa pasir datar nu kacapit ku tilu walungan: Cisadané, Cianten jeung Ciaruteun. Nepi ka abad ka-19, tempat ieu masih dilaporkeun salaku Pasir Muara, nu kaasup tanah swasta Ciampéa ( kiwari kaasup wilayah Kacamatan Cibungbulang).

Numutkeun Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara parwa 2, sarga 3, kaca 161 kasebutkeun yén Tarumanagara téh boga rajamandala (bawahan) nu ngaranna "Pasir Muhara".

Panimuan édit

Prasasti Ciaruteun dilaporkeun ku pupuhu Bataaviasch Genootschap van Kunsten en Weten-schappen (ayeuna Musieum Nasional) dina taun 1863. Alatan caah gedé dina taun 1893, prasasti ieu pindah tempat sawatara méter ka hilirkeun sarta bagian batu anu aya tulisan jadi tibalik ka handap. Saterusna dina taun 1903 prasasti ieu dipindahkeun ka tempat asalna. Dina taun 1981 Direktorat Perlindungan dan Pembinaan Peninggalan Sejarah dan Purbakala Departemen Pendidikan dan Kebudayaan ngangkat sarta mindahkeun prasasti ieu sangkan henteu keséréd deui ku caah.

Rupa Bahan édit

Prasasti Ciaruteun dijieun tina batu alam.

Eusi édit

Prasasti Ciaruteun ditulis maké aksara Pallawa anu disusun dina wangun siloka basa Sansakerta kalawan métrum Anustubh anu ngawengku tilu jajar sarta dina bagian handap tulisanana aya pahatan gambar beuti sarta sulur-suluran (pilin), sapasang tapak suku sarta lancah.

Teks:

"vikkranta syavani pateh shrimatah purnavarmanah tarumanagarendrasya vishnoriva padadvayam"

Hartina numutkeun Vogel:

"Dua tapak suku nu siga tapak suku Wisnu ieu kagungan raja dunya nu gagah perkosa nu kawentar Purnawarman nu ngawasa Tarumanagara."

Prasasti Ciaruteun mibanda gambar "pandatala" (tapak suku) nu nunjukkeun tanda kakawasaan (Purnawarman, 395-434 M) nu mingpin Tarumanagara.

Tempo ogé édit

Tumbu kaluar édit

Rujukan édit

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajéngkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkéologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonésia.
  2. Saléh Danasasmita. 1983. Sejarah Bogor (Bagian I). PEMDA DT II Bogor, Bogor.
  3. H.P.Hoepermans “Hindoe-Oudheden va Java (1864)” ROD 1913:75
  4. J.F.G.Brumund “Bijdragen tot de kennis va het Hindoeisme op Java” VBG.XXXIII 1868:64
  5. A.B.Cohen Stuart “Heilige Voetsporen op Java” BKI 3(X) ogé dina basa Inggris nu judulna: “Sacred Footprints in Java” Indian AntiQuary IV. 1875:355-dst
  6. D.van Hinloopen Labberton “Ueber di Bedeutung der Spinne in der Indischen Literatuur” Zeitschrift der Deutschen Morgenlandischen Geselschaft. 66. 1912:601
  7. H. Kern “Over de sanskrit-Opschrifte n van Jambu (Batavia) (± 450 A.D), Verspreide Geschriften VII. 1917:4-5.
  8. J.Ph.Vogel “the Earliest Sanskrit Inscription of Java” POD. I. l925:21-24. Plate 28-29
  9. N.J.Krom “Inventaris der Hindoe-oudheden” ROD. 1914, l915:30 (dina jero katerangan atawa cutatan nomer 61)
  10. R.M.Ng.Poerbatjaraka, Riwayat Indonésia I l952:12
  11. L.Ch.Damais “Les Ecritures d’Origine Indienne en Indonesie et dans le Sud-Est AsiatiQue Continental” BSEI. XXX(4). L955:365-382. Hususna prasasti Ciaruteun.
  12. Bambang Soemadio (et.al. editor) Sejarah Nasional Indonésia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:39-40; l984:40
  1. Prasetyo, Deni (2009). Mengenal Kerajaan-Kerajaan NusantaraPrasetyo. Indonésia: Pustaka Widyatama. p. 7. ISBN 9789796103096.  Disungsi10 Juli 2023