Keur era Basa Jepang abad ka-17, tempo Kanbun (era).

Kanbun (漢文, hartina tulisan "Han") nyaéta tulisan Cina nu ditulis keur urang Jepang.

Conto Kaeriten

saméméh aya sistim tulis Jepang jeung suku kata kana, kanbun geus dipaké keur nyusun teks dina Basa Jepang asli. Ayeuna kabun ilaharna dipaké keur nuliskeun karakter Cina heubeul jeung mata pelajaran nu diperlukeun di sakola, mangka di Basa Jepang modérn, kecap "kanbun" dipaké ogé keur rujukan kana Basa Cina.

Kanbun modérn ngagunakeun runtuyan tanda nu disebut kaeriten (返り点), hartina. "titik balik". Contona, nu tulis ku Han Fei Zi:

楚人有鬻盾與矛者

kudu ditulis dina kanbun nyaéta:

楚人有㆘鬻㆓盾與㆒㆑矛者㆖

Keur maca ieu, tanda karakter 下 (handap) diganti ku tanda lokasi 上 (luhur), sarta saperti tanda karakter 二 (dua) diganti ku tanda lokasi 一 (hiji). Tanda tibalik レ nandakeun yén runtuyan karakter di antarana kudu dibalikeun. Saléngkah saléngkah, kecapna jadi:

楚人盾矛與鬻者有

Sarta kecap panungtung dina runtunyan Subyek Obyek Kecap Gawe Basa Jepang. Dina titik konjugasi ieu ditambahkeun ku okurigana sarta bacaan karakter maké katerangan furigana. Terjemahan lengkep disebut kundoku atawa "cara maca Basa Jepang", sarta runtuyan tanda translasi disebut kunten (訓点) atawa "titik-titik Basa Jepang".

Tumbu kaluar édit