Kecap rundayan (basa Sunda)
Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.
Topik Kecap Basa Sunda |
---|
|
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda |
---|
Rarangkén hareup: |
Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.
Rupa-rupa Rarangkén édit
Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:
- Rarangkén gabungan
- Rarangkén tengah
- Rarangkén tukang
- Rarangkén barung
Rarangkén hareup édit
Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.
Rarangkén tengah édit
Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.
Rarangkén tukang édit
Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.
Rarangkén barung édit
Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.
Conto édit
Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :
Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | |||
1. | serat | 30. | diseratkeunana | 15 + -na | 59. | disareratna | ||
2. | nyerat | N- + 1 | 31. | kaseratkeunana | 16 + -na | 60. | kasarerat | |
3. | diserat | di- + 1 | 32. | silihseratan | silih- + 5 | 61. | kasareratna | |
4. | kaserat | ka- + 1 | 33. | silihseratanana | 62. | nyareratan | ||
5. | seratan | 1 + -an | 34. | silihseratkeun | 63. | nyareratanana | ||
6. | nyeratan | N- + 5 | 35. | silihseratkeunana | 64. | disareratan | ||
7. | diseratan | di- + 5 | 36. | panyeratan | 65. | disareratna | ||
8. | kaseratan | ka- + 5 | 37. | panyeratanana | 66. | disareratkeun | ||
9. | paseratan | pa- + 5 | 38. | pangnyeratkeun | pang- + 14 | 67. | disareratkeunana | |
10. | serateun | -eun + 1 | 39. | dipangnyeratkeun | di- + 38 | 68. | sarerat | 1 + -ar- |
11. | piserateun | pi- + 10 | 40. | dipangnyeratkeunana | 69. | sareratna | ||
12. | pinyerateun | pi- + 2-eun | 41. | pangnyeratankeun | 70. | sarerateun | ||
13. | seratkeun | 1 + -keun | 42. | dipangnyeratankeun | 71. | sarerateunana | ||
14. | nyeratkeun | 2 + -keun | 43. | dipangnyeratankeunana | 72. | sarerataneun | ||
15. | diseratkeun | 3 + -keun | 44. | serataneun | 73. | sarerataneunana | ||
16. | kaseratkeun | 4 + -keun | 45. | serataneunana | 74. | sareratkeun | ||
17. | seratna | 1 + -na | 46. | seratkeuneun | 75. | sareratkeuneun | ||
18. | nyeratna | 2 + -na | 47. | seratkeuneunana | 76. | sareratkeuneunana | ||
19. | diseratna | 3 + -na | 48. | mangnyeratkeun | N- + 38 | 77. | pipaserataneun | pi- + pa- + 44 |
20. | kaseratna | 4 + -na | 49. | mangnyeratkeunana | 78. | pipaserataneunana | ||
21. | seratanana | 5 + -na | 50. | mangnyeratankeun | 79. | pikaserateun | ||
22. | nyeratanana | 6 + -na | 51. | mangnyeratankeunana | 80. | pikaserataneunana | ||
23. | diseratanana | 7 + -na | 52. | sinerat | 1 + -in- | 81. | pidiserateun | |
24. | kaseratanana | 8 + -na | 53. | sineratna | 82. | pidiserateunana | ||
25. | paseratanana | 9 + -na | 54. | barangserat | barang- + 1 | 83. | pimangnyeratankeun | pi- + 50 |
26. | serateunana | 10 + -na | 55. | barangseratan | 84. | pimangnyeratankeunana | ||
27. | piserateunana | 11 + -na | 56. | nyarerat | 2 + -ar- | 85. | pimangnyeratkeun | |
28. | pinyerateunana | 13 + -na | 57. | nyareratna | 86. | pimangnyeratkeunana | ||
29. | nyeratkeunana | 14 + -na | 58. | disarerat |
Sumber édit
- ↑ Garapan KBS 1924 anu dimuat dina Poesaka Soenda No. 4-6 Oct-Dec 1924. [[1]]