Buka ménu utama

Naha (那覇市 Naha-shi?, basa Okinawa: Nāfa) nyaéta puseur dayeuh Préféktur Okinawa, Jepang. Di jaman modérn, kota ieu sacara resmi dibentuk tanggal 20 Méi 1921. Saacanna, Kota Naha salila mangabad-abad geus jadi kota anu penting sarta anu pangeusina panglobana di Kapuloan Ryukyu.

Naha

那覇
Nāfa
Kota Naha (那覇市)
Puseur kota Naha
Puseur kota Naha
Bandéra Naha
Bandéra
Logo resmi Naha
Lokasi Naha di Préféktur Okinawa
Lokasi Naha di Préféktur Okinawa
NegaraJepang
WilayahKyushu
PrefekturOkinawa
Pamaréntahan
 • Wali kotaTakeshi Onaga (翁長雄志?)
Lega
 • Total38,99 km2 (1,505 sq mi)
Pangeusi
 (31 Désémber 2009)
 • Total31,7906
 • Kapadetan8.153,53/km2 (2,111,750/sq mi)
Zona wanciUTC+9 (Waktu Standar Jepang)
- PohonGarcinia subelliptica (fukugi)
- Bunga pohonFlamboyan
Nomor telepon(098) 867-0111
AlamatNaha-shi, Izumizaki 1-1-1
900-8585
RamatlokaSitus resmi Kota Naha (bahasa Jepang)

Kota Naha perenahna di basisir kulon bagian kidul Pulo Okinawa anu nyanghareup ka Laut Cina Wétan. Sanajan kitu, Naha ngan boga hiji basisir buatan (Basisir Naminoue) ku lantaran basisir digunakeun pikeun Bandar Udara Naha jeung Palabuan Naha.

Naha mangrupa puseur kagiatan ékonomi, atikan, jeung pamaréntahan Kapuloan Okinawa. Salila abad patengahan jeung awal jaman modérn,[1], Naha mangrupa kota padagangan Karajaan Ryukyu.

Naha mangrupa tujuan wisata anu kasohor di Jepang. Di pasir kuloneun kota, aya Istana Shuri, nyaéta salah sahiji gusuku (sebutan pikeun istana-istana di Kapuloan Ryukyu). Di kaléreun kota anu diwangun deui jadi puseur kota Naha anu anyar, aya toko bébas béa DFS Galleria Okinawa anu lega.

Puseur kotaÉdit

 
Kokusai-dōri

Puseur kota Naha aya di jalan utama anu ngaranna Kokusai-dōri (国際通り?). Di sapanjang jalan ieu aya puseur balanja Palette Kumoji, Kantor Préféktur Okinawa, Balé Kota Naha, jeung réa wangunan bank jeung pausahaan anu gedé. Kokusai-dōri ogé loba ku toko-toko, réstoran, jeung bar. Di tungtung jalan ieu, aya terminal beus utama di Okinawa. Terminal beus ieu bisa diaksés ti stasion-stasion monorél anu dilayanan ku Okinawa Monorail. Salian ti monorél di Naha, Préféktur Okinawa nyaéta hiji-hijina préféktur di Jepang anu teu boga jalur karéta api.

Di deukeut Kokusai-dōri aya Pusat Balanja Heiwa-dōri Shōtengai jeung Pasar Makishi anu dipikawanoh minangka pasar sayur, buah, daging, jeung lauk. Di dinya ogé bisa manggih rumah makan, toko oléh-oléh, jeung toko minuman keras. Teu jauh ti kawasan pasar, aya puseur keramik Tsuboya anu baheulana kungsi jadi puseur produksi keramik Tsuboya-yaki.

Di beulah wétan-kalér Kokusai-dōri aya distrik padagangan anyar anu ngaranna Shintoshin (新都心?). Distrik ieu baheulana mangrupa urut padumukan militér Amerika Serikat anu dibalikkeun deui ka Préféktur Okinawa di taun 1987, ngan pangwangunanana kakara dimimitian pas patengahan taun 1990-an. Stasion Omoromachi matali langsung jeung hiji puseur balanja anu méwah. Mal Naha Main Place anu padeukeut dieusian ku toko-toko jeung butik raksukan anu kasohor ti Kulon jeung réstoran. Di Shintoshin ogé aya toko éléktronik Best Denki, Toys R Us, réstoran, jeung bioskop anu antukna kawasan ieu sok dijadikeun tempat ngariung pikeun rumaja. Museum Préféktur Okinawa anu aya di hareupeun Taman Shintoshin dibuka di bulan Nopémber 2007. muséum ieu madukeun sajarah alam jeung seni Kapuloan Ryukyu.

SajarahÉdit

 
Pelabuhan Naha pada masa Kerajaan Ryukyu

Numutkeun legénda Irosetsuden, ngaran Naha asalna tina kecap Naba, sebutan pikeun batu gedé anu bentukna siga suung anu aya di kota ieu. Batu éta lila-lila ngaleutikan sarta kapendem di jero taneuh sairing jeung parobahan cara ngucapkeun Naba jadi Naha, jeung ngaganti cara nulisna maké aksara kanji.[2]

Salian ti kapanggihna artéfak ti Jaman Batu, di Naha ogé kapanggih tumpukan kulit kerang (kaizuka) ti jaman Jomon, sarta duit logam Cina. Tembikar nu kapanggih ku ahli arkéologi nuduhkeun yén wewengkon anu kiwari disebut Kota Naha téh geus mangrupa pusat padagangan anu ramé di kapuloan Jepang jeung Semenanjung Koréa sahenteuna ti abad ka-11 Maséhi. Sanajan taun diadegkeunna ieu kota minangka kota palabuan teu dipikanyaho pastina, ngan kota Naha kira-kira geus jadi kota pelabuan nu ramé ti saprak ngahijna Karajaan Ryukyu di awal abad ka-15.[3].

Baheulana, Naha mangrupa kota leutik anu awalna ti kota palabuan di muhara Walungan Kokuba jeung Palabuan Tomari di muhara Walungan Asato. Puseur dayeuh kerajaan baheulana aya di Shuri. Naha ti baréto geus jadi puseur padagangan anu ramé kalawan Asia Wétan jeung Asia Tenggara. Ayeuna, legana kota ieu beuki nambahan sanggeus digabung jeung kota sarta désa di sakurilingna, kaasup urut puseur dayeuh Shuri, jeung kota puseur studi Cina Kumemura.

Di abad patengahan, wewengkon kota Naha ngan ngawengku pulo leutik anu ngaranna Ukishima anu aya di muhara Walungan Kokuba jeung Walungan Asato. Pangwangunan Ukishima dimimitian ku raja nu kahiji Karajaan Ryukyu anu ngaranna Shō Hashi (Shang Bazhi). Anakna, Raja Shō Kinpuku ngawangun tanggul nu panjangna 1 km pikeun dijadikeun jalan ti Ukishima ka puseur dayeuh Shuri di daratan Pulo Okinawa. Jalan éta diaranan Chōkōtei (長虹堤?). Pangwangunanna dimaksudkeun pikeun nyambut kadatangan utusan ti Dinasti Ming. Sanggeus lalu lintas antara Ukishima jeung Shuri jadi lancar, palabuan beuki mekar tuluy jadi hiji kota.

Salaku wewengkon palabuan utama oikeun padagangan antarbangsa, Naha dibagi jadi distrik wétan jeung distrik kulon anu duanana aya di beulah kidul-kulon Ukishima. Pasar langit terbuka anu ramé baheulana aya di haureupeun Puseur Padagangan Oyamise anu dipiboga ku pamaréntah Karajaan Ryukyu. Babaraha kuil Shinto jeung kuil Buddha ogé diwangun bareng jeung pangwangunan imah pajabat jeung kadutaan. Wangunan Tenshikan mangrupa tempat pikeun para pejabat Cina anu keur namu di Okinawa.

Dua bénténg (Mie Gusuku jeung Yarazamori Gusuku) diwangun pikeun mertahankeun palabuan ti serangan wokou (wakō). HIji pulo leutik anu aya di basisir palabuan dijadikeun Omono Gusuku anu dipaké jadi gudang piekun barang-barang dagangeun.[4].

Di Pulo Okinawa, aya palabuan Tomari anu jadi palabuan utama padagangan antarpulau di Kapuloan Ryukyu. Pajabat administrasi di Tomari ogé tanggung jawab ngumpulkeun sarta ngurus kapal-kapal ti Kapuloan Amami anu mawa upeti pikeun dibayarkeun ka Karajaan Ryukyu.[4].

Kume-Ōdōri (久米大通り?) nyaéta jalan raya yang meulah Ukishima ti tenggara nepi kulon-kalér, tuluy ngabentuk kota témbok anu ngaranna Kumemura. Kota ieu mangrupa puseur studi sastra Cina klasik di Ryukyu salila mangabad-abad.[4] Kumemura sacara turun tumurun dipercaya minangka kota yang diadengkeun ku 36 kulawarga bangsa Min anu dikirim ka Ryukyu ku Istana Kakaisaran Ming. Katurunan maranéhna jadi wawakil vasal, panarjamah, jeung anu nyieun kapal. Numutkeun sajarawan Uezato Takashi, Kumemura sacara eksklusif ngan dicicingan ku katurunan kulawarga bangsa Min. Nagn ti saprak Naha mekar jadi palabuan laut anu penting dina padagangan internasional, urang Cina séjénna anu utamana ti Fujian jeung wewengkon padagangan sapanjang basisir Cina kidul ogé ngilu cicing di Kumemura.[5]. Di antara paninggalan utama budaya Cina di Kumemura nyaéta kuil Tao Tensonbyō di deukeut tungtung kalér Kume-Ōdōri. Dua kuil anu disebut Tenpigū Luhur jeung Tenpigū Handap muja déwa laut Tao anu ngaranna Tenpi, ngaran séjén: Matsu[4]. Kuil Konfusianisme anu mangrupa hadiah ti Kaisar Kangxi diwangun di Kumemura di taun 1670-an. Salian ti éta di kota ieu aya sakola ajaran Konfusius Meirindō anu diadegkeun di taun 1718[6]. Sanggeus ancur akibat Perang Dunia II, Meirindō, kuil Konghucu, jeung kuil Tenpigū diwangun deui dina urut lokasi Tensonbyō di Kume kalér, anu ayeuna disebut kuil Konfusius Shiseibyō.

Di beulah kulon-kalér Ukishima aya padumukan Wakasamachi (若狭町?) anu cenah baheulana diwangun ku nu parindah ti Jepang. Blok padumukan urang Jepang ieu aya di deukeut jalan raya Wakasamachi-Ōdōri anu motong jalan Kume-Ōdōri, sarta ngahubungkeun Wakasamachi jeung Palabuan Tomari di daratan Okinawa. Di Wakasamachi aya sawatara kuil Buddha jeung Shinto, kaasup di antarana Kuil Naminoue, jeung kuil Zen Kōganji, sarta kuil-kuil anu muja Ebisu jeung Jizō. Di Wakasamachi ogé aya pamondokan anu baheulana husus dipaké ku padagang jeung wisatawan ti Kapuloan Tokara[4].

Di Pulo Okinawa, pasna di peuntaseun Walungan Kumoji anu misahkeun Okinawa jeung Ukishima aya wewengkon anu ngaranna Izumizaki. Wewengkon ieu teu boga fasilitas anu ngarojong kagiatan di palabuan, tapi ngan tempat panyicingan anu mimiti dicicingan ti saprak nambahna jumlah pangeusi anu nyababkeun ngaronjatna kabutuhan tanah.[4] Di tungtung pamaréntah Karajaan Ryukyu, dataran leutak jeung Walungan Kumoji anu misahkeun Ukishima (Naha) ti Pulo Okinawa diréklamasi. Naha anu baheulana misah jeung daratan tungtungna ngahiji jeung Pulo Okinawa. Kume, Wakasa, jeung Tomari kiwari geus jadi bagian ti Kota Naha.

 
Pemandangan ke arah pantai Naha ("Naha from Bamboo Village". Lukisan karya Wilhelm Heine (litografi, 1856).

Armada ekspedisi Komodor Matthew C. Perry nganjang di Naha pas keur ngalampah ka Tokyo di taun 1853, Naha kungsi babaraha kali dianjangan ku kapal-kapal armada Amerika Serikat lainnya. Lukisan anu dijieun ku seniman resmi anu milu jeung ékspédisi tuluy sumebar kalawan téhnik litografi. Lukisan éta engkéna mangrupa gambaran anu boga ajén nu luhur ngeunaan kaayaan géografi jeung pangeusi Kapuloan Ryukyu di abad ka-19.

Sanggeus Karajaan Ryukyu digantikan ku pamaréntah Domain Ryukyu di taun 1872, Naha dijadikeun puser dayeuh Ryukyu. Tuluy, sanggeus dihapusna Domain Ryukyu di taun 1879, Karajaan Ryukyu runtuh, sarta Okinawa sacara resmi jadi bagian ti Jepang minangka Préféktur Okinawa. Kantor Préféktur Okinawa diadegkeun di Naha di taun 1879 ogé, sarta Naha geus resmi jadi pusat pamaréntahan. Dina kamekaranana, Naha dilegakeun sarta dihijikeun jeung wewengkon urut puseur dayeuh Shuri, Tomari, Kumemura, jeung kota-kota di sakurilingna.

Nalika Perang Dunya II, Naha jadi ruksak parah lantaran Serangan Udara 10 Oktober 1944 jeung Patempuran Okinawa. Istana Shuri ampir ancur kabéh ku kakuatan Marinir, Angkatan Darat, jeung Angkatan Laut Amérika Sarikat di taun 1945. Sanggeus Perang Dunya II, Préféktur Okinawa aya dina kawasa Amérika Sarikat sarta kakara dibalikkeun deui ka Jepang di tanggal 15 Méi 1972.

GéografiÉdit

 
Pusat kota Naha

Puseur kota mangrupa dataran anu dikurilingan ku Walungan Kokuba, Situ Manko, jeung Walungan Asato. Walungan Kokuba jeung Asato ngocor ti wétan ka kulon sarta muharana ka Laut Cina Wétan.

Kota Naha leutik pisan mun dibandingkeun puseur dayeuh préféktur nu lian. Legana ngan hanya 38,98 km², tapi mangrupa kota anu pangeusina gegek dibandingkeun kota-kota séjén di Kyushu. Bandar Udara Naha (kaasup pikeun Angkatan Udara Béla Diri Jepang) geus nempatan 8% ti sakabéh legana Naha. Legana kota ieu masih kénéh dikurangan ku tanah nu dipaké ku Angkatan Bersenjata Amérika Sarikat di Jepang jeung Palabuan Naha. Bandar Udara Naha anu perenahna di puseur kota nyababkeun pangwangunan gedong-gedong anu jangkung diwates.

IklimÉdit

Naha miboga iklim subtropis kalawan suhu unggal poé rata-rata 23 °C. Curah hujan per tahun leuwih tii 2.000 mm.

Data iklim pikeun Naha, Jepang (1971-2000)
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Catatan tertinggi °C (°F) 26.8
(80.2)
26.6
(79.9)
28.2
(82.8)
29.7
(85.5)
31.6
(88.9)
34.1
(93.4)
35.0
(95)
35.6
(96.1)
34.6
(94.3)
32.8
(91)
30.8
(87.4)
27.8
(82)
Citakan:Max/27
Rarata pangluhurna °C (°F) 19.1
(66.4)
19.2
(66.6)
21.3
(70.3)
24.0
(75.2)
26.4
(79.5)
29.2
(84.6)
31.3
(88.3)
30.9
(87.6)
29.9
(85.8)
27.5
(81.5)
24.2
(75.6)
20.9
(69.6)
25,3
(77,5)
Per poé °C (°F) 16.6
(61.9)
16.6
(61.9)
18.6
(65.5)
21.3
(70.3)
23.8
(74.8)
26.6
(79.9)
28.5
(83.3)
28.2
(82.8)
27.2
(81)
24.9
(76.8)
21.7
(71.1)
18.4
(65.1)
22,7
(72,9)
Rarata panghandapna °C (°F) 14.3
(57.7)
14.3
(57.7)
16.2
(61.2)
18.9
(66)
21.5
(70.7)
24.6
(76.3)
26.4
(79.5)
26.1
(79)
25.1
(77.2)
22.7
(72.9)
19.5
(67.1)
16.1
(61)
20,5
(68,9)
Catatan terendah °C (°F) 6.6
(43.9)
6.6
(43.9)
7.2
(45)
9.8
(49.6)
13.6
(56.5)
15.4
(59.7)
21.0
(69.8)
20.7
(69.3)
18.5
(65.3)
14.8
(58.6)
12.2
(54)
7.2
(45)
Citakan:Min/27
Curah hujan mm (inches) 114.5
(4.508)
125.2
(4.929)
159.6
(6.283)
180.7
(7.114)
233.8
(9.205)
211.6
(8.331)
176.1
(6.933)
247.2
(9.732)
200.3
(7.886)
162.9
(6.413)
124.1
(4.886)
100.7
(3.965)
2.036,9
(80,193)
Kalembaban 69 71 74 78 80 84 79 80 77 73 71 68 75
Rarata poé présipitasi 12.9 12.1 13.7 12.0 13.0 11.7 10.4 13.6 12.5 9.5 9.8 9.6 140,8
Sunshine hours 95.3 84.6 108.9 134.1 149.5 182.2 243.6 223.6 196.6 168.1 120.9 113.6 1.820,9
Sumber: [7]

ÉkonomiÉdit

Panghasilan utama Naha nyaéta tina industri pariwisata, bisnis écéran, rumah makan, jeung pamondokan. Japan Transocean Air jeung Ryukyu Air Commuter nyaéta anak pausahaan Japan Airlines anu boga kantor pusat di Naha.[8][9]

AtikanÉdit

Di Naha aya opat universitas, dua di antarana dikokolakeun ku pamaréntah Préféktur Okinawa, sarta nu lianna nyaéta universitas swasta. Universitas Ryukyu nyaéta hiji-hijina universitas negeri di Préféktur Okinawa. Universitas Ryukyu diadegkeun dina urut lokasi Istana Shuri di tanggal 22 Méi 1950. Saacan réstorasi Istana Shuri lumangsung, Universitas Ryukyu dipindahkeun ka kota Nishihara anu perenahna di wétaneun laut Naha.

Sakola dasar jeung manengah pertama Naha dikokolakeun Déwan Atikan Kota Naha [1]. Sedengkeun sakola menengah atas negeri di Naha diurus ku Déwan Atikan Préféktur Okinawa.

Seni béla diriÉdit

Sajarawan seni béla diri ngira-ngira, sahenteuna di abad ka-17 geus aya hiji wangun bela diri leungeun kosong di Okinawa. Seni béla diri ieu disebut ti atawa te (harti harfiah: leungeun) anu mekar jadi tilu aliran lokal karate. Séwang-séwangna némbongkeun ciri has anu unik sarta dibéré ngaran dumasar tempat asalna: Naha-te (leungeun Naha) ti Naha, Shuri-te ti Shuri, sarta Tomari-te ti Palabuan Tomari.[10] Tiluanana mangrupa dasar pikeun Okinawa-te anu mangrupa séké-sélér karaté modérn.[11]

PariwisataÉdit

Sanggeus bérés diréstorasi jeung diwangun deui, istana ieu mangrupa salah sahiji conto gusuku panghadéna di Okinawa, sakaligus salah sahiji situs sajarah pangpentingna di Naha. Istana Gusuku jeung rangkéan torowongan anu aya di handapna dipaké pikeun markas komando utama ku militér Kakaisaran Jepang salila Perang Dunya II. Sanggeus perang, urut situs Istana Shuri dijadikeun kampus Universitas Ryukyu. Di taun 2000, UNESCO netepkeun Istana Shuri, gerbang utama Shureimon, sarta babaraha gusuku jeung situs-situs suci anu boga ajén sajarah di Okinawa minangka Situs Warisan Dunia.
Situ ieu perenahna di pasisian kota Naha anu boga wates jeung Tomigusuku. Situ anu boga leuweung bakau anu lega ieu kaasup daptar lahan baseuh Konvénsi Ramsar.

Féstival tradisionalÉdit

TransportasiÉdit

 
Okinawa Monorail

Bandar Udara Naha jeung Palabuan Naha mangrupa lawang asup Préféktur Okinawa. Bandar Udara Naha ogé sakaligus mangrupa hub pikeun bandara lianna di Kapuloan Ryukyu.

Okinawa Monorail anu kasohor minangka Yui Rail nagngkut panumpang ti Stasion Bandara Naha ka puseur kota Naha, Kokusai-dōri, Shintoshin, nepi ka terminal di Stasion Shuri anu deuekut jeung Istana Shuri.

Kota kembarÉdit

 
Shureimon di Naha
 Tingali ogé: Daftar kota kembar di Jepang.

Kota-kota ieu boga hubungan kota kembar jeung Naha:[12]

RujukanÉdit

  • Ooshiro, Sally. Irosetsuden, thesis translation of ancient Ryūkyū record compilation. University of Hawaii, 1964.
  1. Hususna salila jaman patengahan dina sajarah Okinawa (basa Jepang: ko-ryūkyū (古琉球, harti harfiah: Ryukyu Heubeul) anu lumangsung kira-kira ti abad ka-12 nepi ka dikawasaan ku Jepang di taun 1609. Période awal jaman modérn lumangsung ti 1609 nepi ka kira-kira 1879, taun pas Karajaan Ryukyu dibubarkeun sarta dirobah jadi Préféktur Okinawa.
  2. Oshiro, 1964
  3. Uezato, Takashi. "The Formation of the Port City of Naha in Ryukyu and the World of Maritime Asia: From the Perspective of a Japanese Network." Acta Asiatica vol 95 (2008). Tokyo: Tōhō Gakkai (The Institute of Eastern Culture). pp 57-58.
  4. a b c d e f Uezato. p 62.
  5. Uezato. p59.
  6. Kerr, George H. Okinawa: The History of an Island People. revised ed. Boston: Tuttle Publishing, 2000. pp194,204, 221.
  7. "気象庁 / 平年値(年・月ごとの値)". Japan Meteorological Agency. 
  8. "Company Profile" (bahasa Jepang). Japan Transocean Air. Diakses pada May 19, 2009.
  9. "会社概要." Ryukyu Air Commuter. Diakses pada 19 Mei 2009.
  10. Borkowski, Cezar; Marion Manzo (1998). The Complete Idiot's Guide to Martial Arts. p. 178 Extra |pages= or |at= (bantuan). 
  11. Funakoshi, Gichin (1981) [1975]. Karate-Do: My Way of Life. Tokyo: Kodansha International. p. 37. ISBN 978-0870114632. 
  12. Naha Sister Cities
  13. Prefeitura.Sp - Descentralized Cooperation
  14. International Relations - São Paulo City Hall - Official Sister Cities

Tumbu kaluarÉdit

Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan