Ngorong nyaéta peta ngaluarkeun korong atawa lého nu rék garing tina liang irung ngagunakeun ramo.[1] Saenyana ieu lalampahan téh matak pikangéwaeun batur, tapina keukeuh baé loba jalma nu resep milampahna dina raraga ngabersihan liang irung nu kotor ku korong. Rata-rata unggal masarakat teu ngabenerkeun ieu lalampahan ngorong téh sarta nyingkahan ieu kabiasaan sangkan teu kumembang. Sakapeung mah ieu peta ngorong téh sok dipaké pikeun popoyok atawa dijieun bahan bodoran sangkan jadi pikalucueun.

Keur ngorong

Sok sanajan kitu, sawatara élmuwan ngébréhkeun yén ngorong téh méré mangpaat pikeun awak manusa.[1] Friedrich Bischinger, saurang dokter Austria nu spésialisasina kana paru-paru, nganjurkeun ngagunakeun ramo pikeun ngorong miceunan korong jeung lého tuluy ditelen ku sorangan, cenah ku kitu téh jalma nu milampahna meunang "dorongan alami pikeun sistem kakebalan awakna".[1][2] Lého ngandung "koktail énzim antiséptik nu maéhan atawa ngalemahkeun loba baktéri nu jadi kajiret di jerona", jadi nepungkeun deui mikroorganismeu anu "lemah" bisa méré kasempetan ka sistem kakebalan awak "pikeun mroduksi antibodi sacara rélatif aman (ku cara ngadahar korong)."[1]

Rujukan édit

  1. a b c d Bellows, Alan (2009). "A Booger A Day Keeps The Doctor Away: A Medical Doctor Describes the Health Benefits of Nose-Mining". Alien Hand Syndrome: And Other Too-Weird-Not-To-Be-True Stories. Workman Publishing. pp. 28–30. ISBN 978-0761152255. 
  2. Lane, Carin (Citakan:ISO date/en). "Like to become a stranger to illness? Read on". Times Union. http://www.timesunion.com/living/article/Like-to-become-a-stranger-to-illness-Read-on-3430548.php. Diakses pada 22 August 2012