Buka ménu utama

Raden Adjeng kartini ( babar di Jepara, Hindia Belanda, 21 April 1879, maot di Rembang, Hindia Belanda, 17 September 1904 pas umur 25 taun ) atawa anu sabenerna di sebut Raden Ayu Kartini nyaéta salah saurang tokoh jawa jeung Pahlawan Nasional Indonesia. Kartini di pikawanoh ku rakyat indonesia nyaéta pelopor kebangkitan wanita pribumi.

BiografiÉdit

Raden Adjeng Kartini datang ti kalangan priyayi atawa kelas bangsawan jawa. Manehna mangrupakeun anak awewe ti Raden Mas Adipati Ario Sosroningrat. Saurang patih anu di angkat jadi bupati Jepara sagangcangna sanggeus babar. Kartini nyaeta anak awewe ti pamajikan ka hiji, ngan lain pamajikan utama. Idung na teh ngarana M.A. ngasirah, anak awewe ti Nyai Haji Siti Aminah jeung Kyai Haji Madirono. Mangrupa guru agama di Telukawur, Jepara, ti sisi bapana. Silsilah Kartini teh di lacak nepika Hamengkubuwana VI. Garis katurunan Bupati Sosroningrat jeung bisa di taliti deui ka istana Karajaan Majapahit. samenjak pangeran Dangirin jadi bupati Surabaya ti abad ka-18. nini moyang Sosroningrat ngisi loba posisi penting di Pangreh Praja.

Bapa Kartini ti awalna nyaeta saurang Wedana di Mayong. Paraturan kolonial basa eta ngakudukeun bupati ngabogaan pamajikan bangsawan. Jeung oge M.A. Ngasirah lain bangsawan luhur, jadi bapa na kawin deui jeung Raden Adjeng Wourjan ( Moerjam ), katurunan Raja Madura. Sanggeus pakawinan éta bapa Kartini di angkat jadi bupati di Jepara ngagantikeun bapa asli na R.A. Wourjan, R.A.A. Tjitrowikomo.

Kartini nyaéta anak ka-5 ti 11 saduduluran asli jeung téré. Ti kabeh sadulur sakandung, Kartini anak awewe pangkolotna. Akina Pangeran Ari Tjondronegoro IV, di angkat jadi bupati dina umur 25 tahun jeung di pikawanoh pas abad ka-19 jadi salah sahiji bupatika hiji anu bisa ngabere pendidikan Bara jang barudakna. Lanceuk Kartini Sosrokartono. nyaéta jelma anu pinteur di bidang bahasa.Nepika umur 12 taun, manehna kudu cicing di imah sabab kudu di pingit.

Kusabab Kartini bisa bahasa walanda, pas di imah manehna mulai di ajar sorangan jeung nulis surat jang babaturan Korespondensi anu asalna ti Walanda. Salah sahijina nyaéta Rosa Abendanon anu loba nu ngadukungna.Ti buku-buku, Koran, jeung Majalah Eropa, ngamunculkeun kahayangna jang ngamajukeun awewe pribumi. Kusabab manehna teh ningali awewe pribumi posisi status sosialna teh panghandapna.

Kartini loba ngabaca surat kabar Semarang De Locomotief anu di asuh Pieter Brooshooft, manehna narima leestromel|( Paket majalah anu di edarkeun di toko buku langganan ) . Diantarana majalaj kabudayaan jeung ilmu pengetahuan anu lumayan berat aya ogé majalah awewe walanda De Hollandsche Lelie. Kartini ogé tos kitu babaraha kali ngirimkeun tulisanna jeung di pedalkeun dina majalah De Hollandsche Lelie.

Kartini téh di jodokeun ku indung bapana jeung bupati Rembang, K.R.M. Adipati Ario Singgih Djojo Adhiningrat, anu geus boga 3 pamajikan. Kartini kawin kawin pas tanggal 12 November 1903. Salakina ngarti kahayang Kartini jeung Kartini di bere kabebasan sareng di dukung ngadirikeun sakola di sabelah wetan panto gerbang komplek kantor kabupaten Rembang atawa bangunan anu di gunakeun ku Gedung Pramuka .

Anak kahiji sakaliguis terahir Kartini di bere ngaran Soesalit Djojoadhiningrat. babar tanggal 13 September 1904 babaraha peo salanjutna kartini maot pas tanggal 17 September 1904. Kartini maot pas umur 25 tahun, Kartini di makamkeun di desa Bulu, kecamatan Bulu, Rembang.

Berkat kagigihanna Kartini, Kartini ngadirikeun Sakola awewe ku Yayasan Kartini di Semarang pas 1912, jeung di Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, Cirebon jeung daerah lainnya. Ngaran sakola éta nyaéta "Sekolah Kartini". Yayasan Kartini didirikeun ku kaluarga Van Deventer, saurang tokoh Politik Etis.[1]

RujukanÉdit

  1. "Biografi RA Kartini : Pahlawan Wanita Indonesia Pejuang Emansipasi". AkuPaham (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-03-02.