Seni pintonan (ᮞᮨᮔᮤ ᮕᮤᮔ᮪ᮒᮧᮔᮔ᮪) (basa Inggris: performance art) nyaéta salah sahiji cabang seni anu tujuanana pikeun mintonkeun, magelarkeun jeung nunjukkeun hiji wangun kasenian.[1]

Musik Orkéstra di Éropah minangka salah sahiji wangun seni pintonan
Tari Jaipongan minangka salah sahiji wangun seni pertunjukan ti wewengkon Jawa Kulon

Schecner (1988: 30) nétélakeun yén pintonan nyaéta hiji aktifitas anu dilakukeun ku individu atawa kelompok di hareupeun kelompok éta sorangan atawa kelompok séjénna.[2] Kalawan napak kana harti pintonan éta, tétéla yén pintonan téh kudu bisa ditingali jeung dirasa kalawan ni’mat boh pikeun paminton boh pikeun panongtonna.[2] Upama kecap pintonan ditambahan kecap seni di hareupeunana, mangka ngandung harti “pintonan anu boga ajén seni”, kayaning tari, musik, drama jrrd. Anu digelarkeun minangka pintonan hareupeun panongton.[1]

Dina seni pintonan téh sakurang-kurangna aya tilu unsur anu jadi dadasarna nyaéta ayana karya seni, tempat pintonan, jeung panongtong (aprésiator).[1]

Réferénsi

édit
  1. a b c (id)Amir, dkk. 2007.Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: FPBS UPI. Kaca 81-82
  2. a b (en)Scechner, Richard. 1988. Performance Theory (a revised version of Essays on Performance Theory). Princeton: Princeton University Library. kaca: 30