Tradisi nyaéta sagala rupa anu wangunna barang (material) jeung gagasan anu asalna ti jaman baheula ngan masih kénéh hirup nepi ka kiwari.[1] Leuwih hususna, tradisi téh mangrupa prosés ngawariskeun norma-norma, adat istiadat, kaidah-kaidah, jeung harta banda anu bisa dirobah, ditolak, jeung diadumaniskeun dumasar kana paripolah manusa waktu harita.[2] Wangun tradisi téh bisa pangaweruh, doktrin, kabiasaan, prakték, jeung sajabana anu diwariskeun sacara turun-tinurun kalawan cara ngalaksanakeunana.[3]

PungsiÉdit

  • Tradisi téh mangrupa kawijakan anu turun-tinurun. Tempatna dina kasadaran, kayakainan norma jeung ajén-inajén anu diagem dina wangun barang atawa kagiatan jaman baheula. Dina tradisi nyangkaruk fragmén warisan historis anu miboga mangpaat. Tradisi minangka gagasan jeung material anu dipaké manusa dina paripolah kiwari jeung keur ngawangun generasi dina mangsa anu bakal datang.[1]
  • Méré légalitas kana sawangan hirup, kayakinan, pranata jeung aturan anu geus aya. Éta hal mikabutuh bebeneran anu nalimbeng anggotana. Salah sahiji sumber légitimasi ayana téh nya dina tradisi téa. Manusa salawasna miboga kayakinan sanajan balukarna paradoksal, hiji paripolah bakal dilaksanakeun lamun batur ogé geus ngalaksanakeun ti jaman baheula mula.[1]
  • Ngayakeun simbol idéntitas koléktif anu ngayakinkeun, ngawewegan loyalitas primordial ka nagara, komunitas, jeung kelompok. Tradisi daérah, kota, jeung komunitas lokal sarua peranna keur nalimbeng masarakat atawa anggota dina sababaraha widang anu tangtu.[1]
  • Jadi tempat panglumpatan sagala rupa kakuciwa, kabingung, jeung teu sugema kana renggenekna kahirupan modérn. Tradisi anu némbongkeun kabaheulaan nu leuwih nyugemakeun jeung jadi gaganti kareueus keur masarakat anu kiwari ngarasa krisis kasugemaan.[1]

Wanda UpacaraÉdit

  • Upacara tradisi anu aya hubunganana jeung kagiatan tatanén.[4]
  • Upacara tradisi mangsa kakandungan, mangsa lahir, mangsa sawawa, mangsa kawin, jeung mangsa geus tilar dunya.[4]
  • Upacara tradisi anu patali jeung alam katut kajadianana.[4]
  • Upacara ngareuah-reuah poé anu aya hubunganana jeung kaagamaan atawa ngareuah-reuah hiji jalma anu geus nyieun jasa keur nagara (réligi).[4]

StrukturÉdit

  • Aspék anu miboga hubungan jeung uapacara tradisi nyaéta tempat-tempat anu dianggap karamat, tempat keur ngalaksanakeun upacara, misalna makam, candi, kuil, garéja, masigit, situ, tajug , jeung tempat-tempat séjénna anu dianggap sakral.[4]
  • Waktu lumangsungna hiji upacara tradisi.[4]
  • Aspék dina waktu ngalaksanakeun upacara tradisi misalna dina waktu ibadah, poé anu dianggap karamat atawa poé-poé anu dianggap suci ku kelompok masarakat.
  • Pakakas anu dipaké dina waktu upacara nyaéta pakakas pusaka atawa pakakas anu dianggap karamat misalna pedang, cis atawa tongkat, keris, kujang, komando, jeung pakakas anu lianna.[4]
  • Jalma anu hiji mingpin upacara tradisional (para palaku), para palaku dina upacara tradisi nyaéta sakabéh palaku anu kalibet dina éta upacara.[4]

RujukanÉdit

  1. a b c d e Sztompka, P. (2007). Sosiologi Perubahan Sosial. Jakarta: Prenada Media Group. 
  2. Peursen, V. (1988). Strategi Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius. 
  3. Muhaimin, A. G. (2001). Islam dalam Bingkai Budaya Lokal: Potret dari Cirebon. Jakarta: PT. Logos Wacana Ilmu. 
  4. a b c d e f g h Koentjaraningrat (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.