Éfék fotolistrik
Éfék fotolistrik nyaéta fénomena éléktronik kuantum di mana éléktron dipancarkeun ti hiji pabeungeutan barang (biasana logam) satutasna nyerep énergi ti radiasi éléktromagnétik saperti sinar-x. Istilah kuna pikeun éfék fotolistrik nyaéta éfék Hertz (anu ayeuna henteu dipaké deui).
Manggala
éditEuweuh éléktron anu dileupaskeun ku radiasi di sahandapeun frékuénsi ambang, alatan éléktron henteu boga énergi anu mahi keur nungkulan iketan atom. Eléktron anu dipancarkeun biasana disebut fotoéléktron dina réa buku pangajaran.
Éfék fotolistrik réa ngabantu dina ngajelaskeun dualisme gelombang-partikel, di mana sistem fisika (kawas foton dina kasus ieu) bisa némbongkeun dua sipat sarta laku saperti-gelombang sarta saperti-partikel, hiji konsép anu réa dipaké ku panyipta mékanika kuantum. Éfék fotolistrik dijelaskeun sacara matematika ku Albert Einstein anu ngajembarkeun kuanta anu dimekarkeun ku Max Planck.
Hukum émisi fotolistrik:
- Pikeun logam sarta radiasi nu tangtu, jumlah fotoéléktro anu dikaluarkeun babanding lempeng jeung inténsitas cahaya anu dipaké.
- Pikeun logam nu tangtu, aya frékuénsi minimum radiasi; di handapeun frékuénsi ieu fotoéléktron henteu bisa dipancarkan.
- Di luhureun frékuénsi kasebut, énergi kinétik anu dipancarkan fotoéléktron henteu gumantung kana inténsitas cahaya, tapi gumantung kana frékuénsi cahaya.
- Béda waktu antara radiasi jeung pamancaran fotoéléktron pohara leutikna, kurang ti 10-9 detik.
Sajarah
éditJ.J. Thomson: Elektron
éditDina taun 1899, Joseph John Thomson nalungtik cahaya ultraviolét dina bungbung sinar katoda. Dipangaruhan ku gawé James Clerk Maxwell, Thomson nyindekkeun yén sinar katoda diwangun ku partikel-partikel nu boga muatan négatif, anu ku manéhna disebut corpuscles (ka dieunakeun disebut "éléktron"). Dina panalungtikan kasebut, Thomson nempatkeun pelat logam (nyaéta, katoda) dina bungbung hapa, sarta nyinaran ku radiasi frékuénsi luhur.
Rujukan
édit- Photoelectric efect ti Wikipedia basa Inggris.