Adinegoro, wasta aslina nyaéta Djamaluddin,nepi ka sok disebut Djamaluddin Adinegoro,sok disebut ogé Adi Negoro Gelar Datuk Maradjo Sutan.[1] Adinegoro babar 14 Agustus 1904 di Talawi, Sumatra Barat, pupus 8 Januari 1967 di Jakarta,pas yuswa 63 taun.[1] Adinegoro nyaéta adina Muhammad Yamin, nikah jeung Alidas.[1] Atikan akhirna STOVIA ( School Tot Opleiding Van Inlandsche Artsen), teu tamat.[1] Kusabab jasana dina mekarkeun dunya jusnalistik,naranna diabdikeun ngaliwatan "Hadiah Jurnalistik Adinegoro " ti tahun 1974.[1] Adinegoro pernah jadi wartawan majalah Caya Hindia,redaktur ti majalah Panji Pustaka,harian Pewarta Deli,Mimbar Indonesia, Kantor Berita Nasional (teras janten KBN Antara).[1]

Karya édit

Adinegoro nyaéta salah saurang nu ngawangun Paguron Luhur Jurnalistik di Jakarta jeung Fakultas Publistik jeung Jurnalistik Universitas Pajajaran, Bandung.[1] Pangajén nu pernah dicangking nyaéta Perintis Press Indonésia (1974).[1] Karya pangpentingna dina wangun novel nu judulnaDarah Muda (1927), Asmara Jaya (1928),Melawat ke Barat (novel perjalanan,3 jilid,1930).[1] Karya nusanesna : Revolusi dan Kebudayaan (1945),Falsafah Ratu Dunia(1949), Atlas Semesta Dunia (sareng Adam Bachtiar jeung Sutopo,1952),Ensiklopedi umum dalam Bahasa Indonesia(1954),jeung Ilmu Karang-mengarang (t.th).[1]

Rujukan édit

  1. a b c d e f g h i j Dr. Nyoman Kutha Ratna,S.U, Prof (Em) (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah Biografi,Karya,Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.