Aforisme asal kecapna ti naBasa Yunani aphorismos (apho+horizein).[1] Sacara leksikal dihartikeun salaku ungkapan pondok paripolah kahirupan anu atos ditarima salaku kamandang umum.[1] Nurutkeun Shipley (1962:26) pertama diungkapkeun ku Hippocrates (460-370) dina bukuna nu miboga judul Aphorism.[1] Buku dimimitian ku kalimah: "Life is Short, art is long, opportunity fleeting, experimentation dangerous, reasoning difficult..." Awalna dikaitkeun jeung Elmu Pangaweruh khususna dina Elmu Pangobatan, tapi dina perkembangan tadi digunakeun dina bidang-bidang nu sejen, sapertos: Hukum, Politik, jeung Kabudayaan Umum, kaasup Seni, nu matak Aforisme sok disamikeun sareng Paribasa (maxim), sapertos 'Rajin pangkal pandai hemat pangkal kaya','alah bisa karena terbiasa', jeung sajabina.[1] Nurutkeun Abrams, (1981:53) aforisme béda jeung epigram.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e Dr. Nyoman Kutha Ratna, S.U, Prof (Em) (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah Biografi, Karya, Metode dan Teori sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.