Ahsanul Qasas (Arab: احسن القصص, "Kisah-kisah Pang Alusna") nyaéta surah dina Al-Quran anu ngandung carita anu penting jeung bermanfaat jang kahirupan manusa. Sabenerna mah kabéh carita dina Al-Quran téh mulia eusina. Nanging aya 4 surah anu meunang gelar Ahasanul Qasas ku sabab kautamaanana, nyaéta Q.S. Nuh (nyaritakeun Nabi Nuh AS.), Q.S. Al-Qasas (nyaritakeun kisah Nabi Musa AS.), Q.S. Yusuf (nyaritakeun kisah Nabi Yusuf AS.), jeung Q.S. Toha (nyaritakeun kisah Nabi Musa AS.).

Surah Yusuf Minangka Ahsanul Qasas[1]

édit

Surah Yusuf kaasup Ahsanul Qasas ku sabab sababaraha alesan:

  1. Kisahna paling relevan jeung pengalaman hirup manusa
  2. Nyaritakeun perjuangan jelema ngalawan napsuna, nu mana perjuangan éta téh perjuangan nu pang beurat jang sakabéh manusa
  3. Jelema anu hasil dina naklukeun kaayaan anu susah dina carita ieu nyaéta Nabi Yusuf AS: pamuda anu akhlakna hadé pisan ku sabab anjeuna sabar, shaleh, yakin, bijak, jujur, tur gedé pangampura
  4. kabéh tokoh anu kasebut dina carita ieu boga carita anu hadé akhirna. Contona Nabi Yusuf AS. anu meunang posisi politik anu penting, bapana anu buta jadi bisa ningali deui, dulur-dulur anu ngajerumuskeun anjeuna akhirna ngaku salah, kabéh anu sirik ka anjeuna jadi iman jeung daék dipimpin ku anjeuna.

Dina Surah Yusuf, dicaritakeun ogé perkara-perkara anu papalimpang saperti kaleungitan jeung miboga, kasedihan jeung kabungahan, kamiskinan jeung kebeungharan, jeung sajabana. Ieu nunjukkeun yén Al-Quran boga cara anu hadé jang ngajarkeun manusa ngeunaan kahirupan, nyaéta tina ngajelaskeun kisah atau carita tuladan.

Catetan Suku

édit
  1. An Enlightening Commentary Into the Light of the Holy Qur'an, Volume 7. Lulu Press, Inc. 2014. pp. 248–249. ISBN 1312523255.