Akad nikah nyaéta salah sahiji runtuyan acara utama dina upacara nikah sacara islami. Biasana akad nikah dilaksanakeun di masigit atawa balé nyungcung.[1] Tapi ka kiwarikeun mah loba ogé nu ngayakeun akad nikah di imah nyaéta di imah pangantén istri, ku cara ngondang panghulu jeung pagawéna pikeun nikahkeun.[1] Sabenerna mah dina seuhseuhanana atawa prak-prakananana mah sarua baé, sakumaha nikahkeun nurutkeun saréat Islam.[1] Nu teu meunang dipopohokeun sotéh dina raraga akad nikah mah masalah 'maskawin'.[1] lolobanaana maskawin téh mangrupa duit atawa perhiasan. Kiwari ogé loba nu ngagunakeun saparangkat alat solat salaku maskawin.[1] Bérés akad nikah, biasana dilakukeun sungkeman atawa ménta hampura kanu jadi kolot (indung bapa/mitoha) supaya dina engké rumah tangga aya dina ridona Allah.[2] Aya nu dilaksanakeun sacara sederhana cukup ku ngan saukur sasalaman, tapi aya ogé nu maké upacara 'adat sungkem' nu dibarung ku tembang Sunda tur kacapi suling.[2] Sanggeus sungkeman ka ibu rama sareng tos gaduh sepuh mu énggal dilakukeun wejangan atawa naséhat pikeun pangantén.[2] Kalan-kalan mangrupa wejangan maké biantara atawa ngaliwatan upacara nyawér méré wejangan ngaliwatan rumpaka/pupuh nu ditembangkeun jeung dihaleuangkeun.[2]

Sumber

édit
  1. a b c d e Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 162
  2. a b c d Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 185