Buka ménu utama

Altruismeu (Latin, alteri, kanggo batur), mimiti diomongkeun ku Auguste Comte (1798-1857) (Blackburn, 2013: 29), patali raket jeung etika Kristen, ditolak ku Friedrich Nietzche jeung alesan pendevaluasian diri.Dina omongan nu sejen Comte (Abercrombie, dkk, 2010: 23) oge ngungkapkeun istilah bunuh diri altruistik salaku akibat tekenan kolektif jeung kuatna kasepakatan sosial. Sacara umum digunakeun jang ngajelaskeun sifat jeung sikap jalma anu lewih loba mere perhatian ka batur, kelompok anu sejen dibandingkeun jeung diri pribadi atawa kulawarga. Kukituna disebutkeun yen altruisme patali jeung egoisme. Kelompok altruisme digawe kalayan pinuh kasadaran jeung teu kapaksa, teu oge miharepken balasan. Altruisme dibedakeun jeung kawajiban sabab nu akhir ieu sarat jeung muatan moral sapertos atikan agama. Altruisme mindeng di pataliken jeung teori pertukaran sosial, behaviorisme, empati, jeung teori evolusi.

Kuayana kamajuan teknologi di sagala widang, sadar yen ges kajadian krisis altruis, di jerona jalma jalma leuwih loba berhubungan jeung teknologi. Individu, masyarakat ngan ukur mentingkeun diri pribadi jeung golonganna.[1]

RujukanÉdit

  1. Dr.Nyoman Kutha Ratna,S.U (Tahun 2018). Ensiklopedia 2000 Entri istilah Biografi,karya,metode dan teori sastra. Yogyakarta: pustakapelajar. ISBN 978-602-229-743-7.